Sae kang urang doakeun, mugi-mugi FPI cing tiasa ngurangan gaya garihalna (kitu 
meureun basa kasarna mah), kitu deui pihak nu sok mancing emosi (saha wae) cing 
kening hidayah ti Allah SWT ditunjukkeun ka jalan nu lempeng nu diridhoan ke 
Allah SWT. Mugi-mugi jalma-jalma nu terang jeung apal dalil 
Quran lain  dipake nyerang Islam, ju lalan murilitkeun hartina, 
tapi bener-bener dipake ka jalan kamaslahatan umat.
 
Dulur-dulur urang di Malut (Maluku Utara) tuh ayeuna ke garelut gara-gara 
pilkada. Di dinya aya kekerasan oge jiga nu kajadian di Monas. Mun rek adil 
kuduna mah gegedukna ditewak oge. Muga-muga rahayat di Malut cing alakur, da 
jigana cing saha oge nu naek jadi Gubernur, can tangtu bisa ngarobah 
maranehannana jadi pejabat.
 
Baktos
JT

--- On Fri, 6/13/08, Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Dadi Kurniadi <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] F P I
To: [email protected]
Date: Friday, June 13, 2008, 8:02 AM







Ceuk paribasa mah moal aya haseup mun euweuh seuneu, kitu nya kang????
Keur mah geus ngewa titatadi, turug2 ahmadiyah malah di yel..yelkeun di 
hareupeun irung pisan FPI, asa ditonggengan meureun nya.....heuheu.....
Memang kuring teu satuju, ku ayana kakerasan, tapi dikumahakeun ge FPI geus 
loba jasana ka umat muslim dina hal nahi munkar, sabab teu sakabeh jalma bisa 
ngalakukeun nahi munkar, amar maruf mah loba ustadz ge.
geus sabaraha warung tempat mabok disingkirkeun, geus sabaraha tempat judi 
diawut-awut, geus sabaraha tempat maksiat ditutup. ah ayana pro jeung kontra 
mah geus  biasa.....
Maju terus FPI, da kuring mah moal bisa kawas aranjeun....ngan kuring ngado'a 
supaya cara-cara nu dilakukeun ku aranjeun ku cara-cara nu soleh. ulah ku 
cara-cara brutal. da aranjeun teh mawa nama agama, rahmatan lil 
alamin....jelema sadunya merhatikeun tingkah aranjeun....
cag heula....



      

Kirim email ke