> Ceuk paribasa mah moal aya haseup mun euweuh seuneu, kitu nya kang????
> Keur mah geus ngewa titatadi, turug2 ahmadiyah malah di yel..yelkeun
> di hareupeun irung pisan FPI, asa ditonggengan meureun nya.....heuheu.....

tah .. tah..., numawi ge ulah sok dikawitan ku kangewa. Di dieu
panginten jihad urang teh.
Samalih pan dina ajaran Islam oge, jalmi nu gagah teh nu tiasa merangan
hawa napsuna.
*Hadits eta ceuk guru kuring mah doif kang.. hadits nu ngalemahkeun kana
perjuangan islam, iyeu sok loba di anggo senjata ku kaum munafikin jeung
musyrikin pikeun ngagempur semangat juang para mujahidin khsusuna sok jadi
senjata ampuh para sekulerisme kang..

* > Memang kuring teu satuju, ku ayana kakerasan,
sami gan.........
> tapi dikumahakeun ge FPI geus loba jasana ka umat muslim dina hal nahi
> munkar, sabab teu sakabeh jalma bisa ngalakukeun nahi munkar, amar
> maruf mah loba ustadz ge.
> geus sabaraha warung tempat mabok disingkirkeun, geus sabaraha tempat
> judi diawut-awut, geus sabaraha tempat maksiat ditutup. ah ayana pro
> jeung kontra mah geus biasa.....
> Maju terus FPI, da kuring mah moal bisa kawas aranjeun....ngan kuring
> ngado'a supaya cara-cara nu dilakukeun ku aranjeun ku cara-cara nu
> soleh. ulah ku cara-cara brutal.

lebar temenan, maksud hade tapi dilaksanakaeun ku cara-cara nu teu hade.
Jantenna kumaha nya...........?
Ah sigana mah teu aya deui conto tuladan nu panghade-hadena mah iwal nu di
tunjukkeun ku Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullah saw . Ih anjeunna mah di
hujat, dibekot, dibaledogan ge tagen we, teu ngalakukeun perlawanan sanaos
anjeunna kawasa oge. Uswatun hasanah tea panginten nya gan.......

*Beda kontek atuh kang.. kang nabi oge teu tarima mun ISLAM di hina mah..
buktosna aya sababra peperangan anu dipimpin langsung ku kangjeung NABI
Muhammad SAW
jadi kang... ahklah anu alus mah sanes ahklahk anu gabung jeung kemunafikan
pikeun ngarobah eusi eusi kandungan tina al-qur'an keung al-hadits*

> da aranjeun teh mawa nama agama, rahmatan lil alamin....jelema sadunya
> merhatikeun tingkah aranjeun....
> cag heula....

Kirim email ke