Ieu pisan nu dianti-anti teh. Ku ayana katalog online ieu mah bawirasa kamekaran buku Sunda hususna koleksi Wa bakal leuwih nenggang. Nuhun pisan ah. Kang moderator atawa rengrengan anggota milis oge hadena boga kawajiban ngaupdate data nu aya dina katalog ieu nu cenah nembe saparapatna, nu engkena tangtu kaala mangpaatna hususon kanggo warga milis, sapertos buletin elektronik kitu. Katalogna rengse didigitalkeun, kantun bukuna meureun wa nu didigitalkeun teh.. heuheu
-baktos- Adit http://naskah-sunda.blogspot.com --- On Thu, 11/13/08, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] Katalog Rumah Baca Buku Sunda To: [email protected] Date: Thursday, November 13, 2008, 9:43 AM Enya nyieun katalog teh leukleuk, sok sanajan geus aya programna. Angger we ngadata buku teh kudu leukeun, komo lamun hayang datana rada lengkep. Leuwih loba haro (haroream) batan wekel ngadukduk ngeusian data. Nyieun teh geus meh sataun nu anggeus kakara saparapatna, nu diheulakeun teh buku buku basa Sunda, ari buku nu basa sejen mah can kaburu. Lain can kaburu nyaeta ku haro tea. Meunang ngadeluk kakapeungan teh nya diasupkeun kana blog sim kuring. Nu encan teh hal sajarah, budaya, majalah heubeul, jste. Tadina mah sugan we aya barudak nu daek jadi relawan mantuan ngadata, eh aya ketah sababaraha urang, ngan nyakitu da barudak mah apan kuliah tea, jadi datangna kakapeungan atawa ngampleng pisan. Sakitu ge nuhun. Tamba kawaranan teuing hal koleksi Rumah Baca Buku Sunda mangga we tingali di http://rumahbacabuk usunda.blogspot. com diklik dina katalog.didinya aya bacaeun barudak, sajak, novel, kumpulan carpon, ulikan basa sunda, referensi jeung hal bandung. MSas

