Enya nyieun katalog teh leukleuk, sok sanajan geus aya programna. Angger we ngadata buku teh kudu leukeun, komo lamun hayang datana rada lengkep. Leuwih loba haro (haroream) batan wekel ngadukduk ngeusian data. Nyieun teh geus meh sataun nu anggeus kakara saparapatna, nu diheulakeun teh buku buku basa Sunda, ari buku nu basa sejen mah can kaburu. Lain can kaburu nyaeta ku haro tea. Meunang ngadeluk kakapeungan teh nya diasupkeun kana blog sim kuring. Nu encan teh hal sajarah, budaya, majalah heubeul, jste. Tadina mah sugan we aya barudak nu daek jadi relawan mantuan ngadata, eh aya ketah sababaraha urang, ngan nyakitu da barudak mah apan kuliah tea, jadi datangna kakapeungan atawa ngampleng pisan. Sakitu ge nuhun. Tamba kawaranan teuing hal koleksi Rumah Baca Buku Sunda mangga we tingali di http://rumahbacabukusunda.blogspot.com diklik dina katalog.didinya aya bacaeun barudak, sajak, novel, kumpulan carpon, ulikan basa sunda, referensi jeung hal bandung.
MSas

