kamarana atuh nya Kang, piraku malolor mah asana da masih keneh panjang 
lengkaheun teh.............................




________________________________
Dari: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda <[email protected]>; baraya_sunda <[EMAIL 
PROTECTED]>; kisunda <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Minggu, 9 November, 2008 19:42:10
Topik: [Urang Sunda] (Serat: 133)(SILIWANGI & KI SANTANG)_Na Ari Urang Sunda 
Kamarana ?


Na Ari Urang Sunda Kamarana ?
 
        * Jang sakabeh urang sunda nu geus ngajeujeuh,
inohong-inohong nu geus ngajeujeuh,
gegeden-gegeden nu geus ngajeujeuh,
nepi iraha aranjeun kanu leutik kaleungitan kadeudeuh? 
 
Sakumaha luhurna kahirupan anjeun,
sakumaha pikaserabeuna kawasa anjeun,
sakumaha lubak-libukna pakaya anjeun,
sing inget getih nanahaon nu lalar liwat di jero awak anjeun. 
 
Tuh tempo turunan Tionghoa,
hirup pauntuy silih mitulung jeung sasama maranehna,
nepi jadi hiji kakuatan nu euweuh bandinganana? 
 
Lain kudu sirik jeung dengki ka maranehna,
anggur tuturkeun karaketan kukulawargaana,
nu laleutik dijait nepi ka gedena,
nu gede dihormat jeung dijaga kunu dijaitna. 
 
Na ari urang sunda kamarana? 
Bangsa nu hayang ngeunah sosoranganan,
boro-boro mikiran dulur nu keur kalaparan,
mun meunang kangeunah buru-buru nyumput jadi lain sunda ngarah teu dipentaan? 
 
Teu saeutik urang sunda nu geus nepi ka pucuk,
tapi kalah robah saenggeus nepi di pucuk,
nyengceling poho timana mimiti ari geus di pucuk,
luhur teuing nempo ka handap sabab nempona ti pucuk.
  
 


      
___________________________________________________________________________
Nama baru untuk Anda! 
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke