ua, ieu mah bilih tertarik. aya situs gaul (cara friendster, hi5, facebook,
jst.) nu ngahususkeun keur nu resep bubukuan. lumayan kanggo
ngajomantarakeun langkung lega buku-buku sunda mah. alamat situsna;
www.goodreads.com . kuring tos sababara lami ngiringan, tos sababara hiji
buku sunda nu tos dilebetkeun. ngan cara ua, karek sabarahiji ge tos keuna
ku haro :))

dudi
nbh: wa, aya buku nu bade dikaluarkeun deui? diical maksad teh :)

On Thu, Nov 13, 2008 at 9:43 AM, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   
> Enya nyieun katalog teh leukleuk, sok sanajan geus aya programna. Angger we
> ngadata buku teh kudu leukeun, komo lamun hayang datana rada lengkep. Leuwih
> loba haro (haroream) batan wekel ngadukduk ngeusian data. Nyieun teh geus
> meh sataun nu anggeus kakara saparapatna, nu diheulakeun teh buku buku basa
> Sunda, ari buku nu basa sejen mah can kaburu. Lain can kaburu nyaeta ku haro
> tea.
> Meunang ngadeluk kakapeungan teh nya diasupkeun kana blog sim kuring. Nu
> encan teh hal sajarah, budaya, majalah heubeul, jste.
> Tadina mah sugan we aya barudak nu daek jadi relawan mantuan ngadata, eh
> aya ketah sababaraha urang, ngan nyakitu da barudak mah apan kuliah tea,
> jadi datangna kakapeungan atawa ngampleng pisan. Sakitu ge nuhun.
> Tamba kawaranan teuing hal koleksi Rumah Baca Buku Sunda mangga we tingali
> di http://rumahbacabukusunda.blogspot.com diklik dina katalog.didinya aya
> bacaeun barudak, sajak, novel, kumpulan carpon, ulikan basa sunda, referensi
> jeung hal bandung.
>
> MSas
>  _
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke