Hatur nuhun pisan kana perhatosanana, manawi aya deui anu bade nambihan mangga 
diantos...heuheuy deuh (bari rada ngolo ieumah)

--- On Mon, 11/10/08, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Wawangsalan
To: [email protected]
Date: Monday, November 10, 2008, 10:10 PM










    
            


Nambihan!
 
mugia kapulupuh nangtung
muGIA sing kapimilik
 
wangsalna : Bilik
 
Aya nu dianjing cai
Aya nu diheroan 
 
wangsalna : Sero
 
wawangsalan ngacaprux
 
Ulah hayang di tai panon
Ulah hayang digeugeuleuh
 
wangsalna : Cileuh
 
Ngaguruntul mendet irung
Mun ditempo rarang rorong
 
wangsalna : Korong
 
Melendung luhureun kulit
Omat sing geura nyusul
 
wangsalna : Bisul
 
Berenuk na palangkakan
Mugia sing runtut raut
 
wangsalna : Burut
 
baktos,
syam ridwan
 
 

  ----- Original Message ----- 
  From: 
  Suryana 
  Rahayu 
  To: urangsunda 
  Sent: Tuesday, November 11, 2008 7:56 
  AM
  Subject: [Urang Sunda] Wawangsalan
  

  
  
  
    
    
      Para wargi nu ku simkuring dipihurmat, simkuring seja 
        nyuhunkeun bantosan manawi aya nu uninga kana perkawis wawangsalan 
sareng tiasa nambihan kana 
        ieu wawangsalan anu kusimkuring masih keneh kaemut.

1. Beulit 
        cingir simpay tangan
    Ulah lali ka 
        simabdi
    Wangsalna : Ali

2. Ula urik saba 
        umah
    Wong teko sopo arane
    
        Wangsalna : Teko

3. Teu beunang disupa 
        dulang
    Teu beunang di 
        bebenjokeun
    Wangsalna : Kejo

4. Teu beunang 
        di hurang sawah
    Teu beunang 
        dipikameumeut
     Wangsalna : 
        Simeut

.........


Mugi aya nu kersa ngabantos, 
        haturnuhun.

Wassalam
SURAH



      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke