Wangsalna, patutur-tutur: hape, elpiji, pesawat, garfit (?). Entong anu akhir mah da roko tea heuheu. Hade kang Dud, saltut eh...salut lah. Sok nu sanesna diantos.
manar On Mon, Nov 10, 2008 at 10:37 PM, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > emang jual alo beuli: > > telpon keuweuk tampa kawat > teu beunang dipihapekeun > > tabung hejo nyusahkeun rahayat > dibagikeun sakaka hiji-hiji > > surutu ngapung gegerungan > panyawat dampal mah kapalan > > jet darat kabeukina adu regeng > eta si wawan embung diFitnah > > haha... hese geuning mang nya > > On Tue, Nov 11, 2008 at 10:29 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: >> >> Dina buku "peperenian" atanapi buku-buku pangajaran basa Sunda sanesna >> seueur conto-conto wawangsalan. Ngan, nilik kana eusina, anu >> diwangsalkeun teh ikon-ikon jaman baheula. Asa can mendakan >> wawangsalan anu eusi wangsalna teh ikon-ikon jaman beh dieu. Padahal >> pangaweruh barudak ayeuna tos seueur dilebetan ku hal-hal >> kaayeunakeun. Aya anu tiasa ngadamel wawangsalan anu eusi wangsalna >> model komputer, telepon, hape, bendungan, majic jer, tabung elpiji, >> jst? >> >> manar >> >> On Mon, Nov 10, 2008 at 7:22 PM, Suryana Rahayu <[EMAIL PROTECTED]> >> wrote: >> > Hatur nuhun pisan kana perhatosanana, manawi aya deui anu bade nambihan >> > mangga diantos...heuheuy deuh (bari rada ngolo ieumah) >> > >> > --- On Mon, 11/10/08, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> _._,___ > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > ~nyoba ngilu ngabauan dunya~ >

