Para wargi nu ku simkuring dipihurmat, simkuring seja nyuhunkeun bantosan
manawi aya nu uninga kana perkawis wawangsalan sareng tiasa nambihan kana ieu
wawangsalan anu kusimkuring masih keneh kaemut.
1. Beulit cingir simpay tangan
Ulah lali ka simabdi
Wangsalna : Ali
2. Ula urik saba umah
Wong teko sopo arane
Wangsalna : Teko
3. Teu beunang disupa dulang
Teu beunang di bebenjokeun
Wangsalna : Kejo
4. Teu beunang di hurang sawah
Teu beunang dipikameumeut
Wangsalna : Simeut
.........
Mugi aya nu kersa ngabantos, haturnuhun.
Wassalam
SURAH