emang jual alo beuli:

telpon keuweuk tampa kawat
teu beunang dipihapekeun

tabung hejo nyusahkeun rahayat
dibagikeun sakaka hiji-hiji

surutu ngapung gegerungan
panyawat dampal mah kapalan

jet darat kabeukina adu regeng
eta si wawan embung diFitnah

haha... hese geuning mang nya

On Tue, Nov 11, 2008 at 10:29 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>wrote:

>   Dina buku "peperenian" atanapi buku-buku pangajaran basa Sunda sanesna
> seueur conto-conto wawangsalan. Ngan, nilik kana eusina, anu
> diwangsalkeun teh ikon-ikon jaman baheula. Asa can mendakan
> wawangsalan anu eusi wangsalna teh ikon-ikon jaman beh dieu. Padahal
> pangaweruh barudak ayeuna tos seueur dilebetan ku hal-hal
> kaayeunakeun. Aya anu tiasa ngadamel wawangsalan anu eusi wangsalna
> model komputer, telepon, hape, bendungan, majic jer, tabung elpiji,
> jst?
>
> manar
>
>
> On Mon, Nov 10, 2008 at 7:22 PM, Suryana Rahayu <[EMAIL 
> PROTECTED]<surah1322000%40yahoo.com>>
> wrote:
> > Hatur nuhun pisan kana perhatosanana, manawi aya deui anu bade nambihan
> > mangga diantos...heuheuy deuh (bari rada ngolo ieumah)
> >
> > --- On Mon, 11/10/08, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]<payoez%40yahoo.com.au>>
> wrote:
> _._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke