Dina buku "peperenian" atanapi buku-buku pangajaran basa Sunda sanesna
seueur conto-conto wawangsalan. Ngan, nilik kana eusina, anu
diwangsalkeun teh ikon-ikon jaman baheula. Asa can mendakan
wawangsalan anu eusi wangsalna teh ikon-ikon jaman beh dieu. Padahal
pangaweruh barudak ayeuna tos seueur dilebetan ku hal-hal
kaayeunakeun. Aya anu tiasa ngadamel wawangsalan anu eusi wangsalna
model komputer, telepon, hape, bendungan, majic jer, tabung elpiji,
jst?

manar

On Mon, Nov 10, 2008 at 7:22 PM, Suryana Rahayu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hatur nuhun pisan kana perhatosanana, manawi aya deui anu bade nambihan
> mangga diantos...heuheuy deuh (bari rada ngolo ieumah)
>
> --- On Mon, 11/10/08, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> From: syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Wawangsalan
> To: [email protected]
> Date: Monday, November 10, 2008, 10:10 PM
>
> Nambihan!
>
> mugia kapulupuh nangtung
> muGIA sing kapimilik
>
> wangsalna : Bilik
>
> Aya nu dianjing cai
> Aya nu diheroan
>
> wangsalna : Sero
>
> wawangsalan ngacaprux
>
> Ulah hayang di tai panon
> Ulah hayang digeugeuleuh
>
> wangsalna : Cileuh
>
> Ngaguruntul mendet irung
> Mun ditempo rarang rorong
>
> wangsalna : Korong
>
> Melendung luhureun kulit
> Omat sing geura nyusul
>
> wangsalna : Bisul
>
> Berenuk na palangkakan
> Mugia sing runtut raut
>
> wangsalna : Burut
>
> baktos,
> syam ridwan
>
>
>
> ----- Original Message -----
> From: Suryana Rahayu
> To: urangsunda
> Sent: Tuesday, November 11, 2008 7:56 AM
> Subject: [Urang Sunda] Wawangsalan
>
> Para wargi nu ku simkuring dipihurmat, simkuring seja nyuhunkeun bantosan
> manawi aya nu uninga kana perkawis wawangsalan sareng tiasa nambihan kana
> ieu wawangsalan anu kusimkuring masih keneh kaemut.
>
> 1. Beulit cingir simpay tangan
>     Ulah lali ka simabdi
>     Wangsalna : Ali
>
> 2. Ula urik saba umah
>     Wong teko sopo arane
>     Wangsalna : Teko
>
> 3. Teu beunang disupa dulang
>     Teu beunang di bebenjokeun
>     Wangsalna : Kejo
>
> 4. Teu beunang di hurang sawah
>     Teu beunang dipikameumeut
>      Wangsalna : Simeut
>
> .........
>
>
> Mugi aya nu kersa ngabantos, haturnuhun.
>
> Wassalam
> SURAH
>
>
> 

Kirim email ke