"Di, Nu ngalakukauen bom bunuh diri teh geus di eksekusi. Eta ku
kandelna Iman mah meuni luas ngalaksanakeun bom bunuh diri. Ku iman mah
wawanen teh jadi sakitu ngagedurna, kuat ka tega maehan maneh ku bom
syahid"
"Kang, sumanget atawa wawanen teu cukup pikeun ngajalankeun agama. Tapi
kudu dibarengan ku elmu. Mun teu dibarengan ku elmu nu aya jadi salah
kaprah. Tah ngeunaan bom-na nu maehna maneh, ayeuna urang balikkeun deui
kana Qur'an, sunnah & atsar para sahabat. Naha geus saluyu atawa
henteu."
"Tapi pan loba jalma-jalma nu nyebut maranehna teh syahid?"
"Kang urang teu wenang pikeun nyebut saha wae salaku syahid, sanajan eta
jalma dipaehan kalayan zhalim atawa paeh lantaran melaan maneh atawa
paeh di medan perang. Sakumaha diterangkeun ku Imam Bukhari dina
shahihna dina 'bab teu meunang nyebut si anu syahid' sabab puserna
kasaksian yen eta jalma syahid atawa henteu ayana dina hate jeung euweuh
saurang oge nu nyaho kanu naon anu aya dina hate salian ti Alloh ta'ala"
"Tapi pan pernah Rosululloh nyebut sababaraha sahabatna syahid?"
"Rosululloh ngomong lain ngan saukur make hawa nafsuna tapi Rosululloh
shallallohu 'alaihi wasallam nyarita dumasar kana wahyu anu ditarimana.
Mun ANjeuna nyebutkeun salah saurang sahabatna syahid tangtu hal ieu
dumasar kana wahyu anu ditarimana. Sakumaha hadits umar, dina hiji poe
Anjeuna khutbah : 'Aranjeun ngomong dina perang aranjeun yen si anu
syahid jeung si anu paeh kalayan syahid, bisa wae manehna geus nindes
tutumpakanana. Sakali-kali henteu, aranjeun tong ngomong siga kitu, Tapi
sebut naon nu disebutkeun ku Rosululloh shallallohu 'alaihi
wasallam,'Singsaha nu paeh di jalan Alloh manehna syahid'(Hadits riwayat
Imam Ahmad)"
"Tapi Di, tanda-tanda yen maranehna syahid pan loba, waktu dikurebkeun
langsung aya geledeg, pas datang layonna dipapag ku girimis, terus
layonna ceunah seungit"
"Kang Tanda-tanda ieu teu bisa dijadikeun hujjah yen maranehna syahid.
Nalika Aburrahman bin Muljim nyaeta nu nelasan pati Ali radiyallohu
'anhu dikaluarkeun pikeun di paehan. Abdullah bin ja'far rodiyallohu
'anhu neukteuk leungeun jeung sukuna. Ibnu Muljim teu ngomong atawa
ngaharurung. Terus dua panonna di celak ku paku panas, manehna teu
ngaharurung malah maca surat Al Alaq. Nalika letahna di teukteuk, Ibnu
Muljim ngaharurung. Waktu ditanya 'Ku naon maneh ngaharurung?' Manehna
ngajawab 'Aing teu resep nyanghareupan ajal di dunya bari teu dzikir ka
Alloh' Jeung Ibnu Muljim jalma nu dina tarangna aya tapak sujud (Talbis
Iblis, Ibnu jauziy). Jadi karomah siga naon wae teu bisa dijadikeun
hujjah yen eta jalma aya dina jalan nu bener"
"Jadi kumaha hukumna Bom Bunuh diri teh?"
"riwayat-riwayat nu datang ti Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam
ngajalentrekeun yen maehan maneh ku alat naon wae mangrupakeun dosa nu
gede disisi Alloh Azza wa Jalla. Di antarana sakumaha anu diriwayatkeun
ku Abu Hurairah radhiyallohu 'anhu, nu nyarita : Rosululloh shallallohu
'alaihi wasallam ngadawuh :
'Singsaha anu maehan maneh ku beusi nu aya dina leungeunna, manehna
bakal nubles beuteungna dina naraka jahannam anu langgeng, jeung
dilanggengkeun salila-lilana. Jeung singsaha anu nginum racun terus
maehan maneh ku jalan eta, manehna bakal nginum saeutik jeung saeutik di
naraka jahannam nu langgeng jeung dilanggengkeun dijerona salila-lilana.
Jeung singsaha nu maehan maneh ku cara ngaragragkeun maneh ti luhur
gunung, manehna bakal diragrakeun ka naraka jahannam nu langgeng jeung
dilanggengkeun dijerona salila-lilana' (Shahih Bukhari No 5778 & Shahih
Muslim No 158)"
"Di riwayatkeun oge ti Abu Hurairah radhiyallohu 'anhu nu nyarita
'Kami bareng jeung Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam dina perang
Khaibar. Terus Anjeuna nyarita ka saurang jalma anu ngaku dirina
muslim:"Jalma ieu ti ahli naraka" Nalika kajadian perang, eta jalma
perang kalayan pinuh sumanget nepi ka tatu. Hal Ieu dicaritakeun ka
Anjeuna :'Ya Rosulullah, nu ku ANjeun sebutkeun yen manehna ahli naraka,
saestuna dina poe ieu ngilu perang terus palastra' Jawab Rosululloh
shallallohu 'alaihi wasallam :'Manehna Asup naraka'. Ampir sawareh
manusa hamham (kana ucapan eta). Nalika maranehna dina kaayaan kitu,,
terus aya nu ngawartakeun yen saacan eta jalma palastra ku tatu anu
kacida parah. Mangsa peuting, manehna geus teu sabar terus maehan maneh.
Terus hal ieu diwartakeun ka Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam ,
terus Anjeuna nyarita :'Allohu akbar, kaula nyakseni yen saestuna kaula
hamba Alloh jeung Rosul-Na'. Anjeuna marentahkeun Bilal ngagorowok di
hareupeun manusa : 'Saestuna henteu asup surga iwal ti jiwa nu muslim
jeung saestuna Alloh nguatkeun ieu agama ku lalaki nu fajir' (Shohih
Bukhari & Muslim)
"Nya Aing ge apal atuh Di ari maehan maneh mah kaasup dosa gede. Tapi
pan ieu mah tujuanana pikeun ngabelaan agama. Pan sahabat ge pernah aya
anu narabas ka barisan musuh nepi ka palastra jeung hal ieu dibenerkeun
ku Rosululloh"
"riwayat-riwayat nu nerangkeun yen aya sababaraha urang sahabat nu
narabas ka pasukan musuh memang shohih Kang. Tapi urang teu bisa
nyaruakeun hal eta jeung bom bunuh diri. Diantarana :
1. Sahabat ngalakukeun hal eta dina kaayaan perang, sedengkeun nu
dilakukeun ku nu ngalakukeun bom bunuh diri lain dina mangsa perang.
2. Nu narabas pasukan kuffar, najan saeutik boga peluang pikeun salamet,
malah aya sababaraha riwayat yen sahabat nu narabas pasukan kuffar
salamet sedengkeun nu ngabom sorangan euweuh peluang pikeun hirup"
"Terus kumaha riwayat nu nyebutkeuan aya hiji jajaka mukmin nu
ngajarkeun ka raja kuffar kumaha carana supaya bisa maehan sijajaka.
Lainna ieu sarua jeung sijajaka maehan maneh"
"Eta riwayat memang shahih kang.Lengkepna kieu:
Ti Suhaib rodiyallohu 'anhu, Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam
ngadawuh,'di jaman baheula aya saurang raja nu boga saurang tukang
sihir. Mangsa eta tukang sihir geus kolot, manehna nyarita ka
rajana,'Saestuna kuring ayeuna geus kolot. Ku kituna, kuring menta ijin
pikeun ngirimkeun saurang jajaka jeung kuring bakal ngajarkeun elmu
sihir ka manehna' Raja eta terus ngirimkeun saurang jajaka pikeun diajar
elmu sihir. Tapai di satengahing jalan, manehna paamprok jeung saurang
pandita. terus eta jajaka eureun pikeun ngadengekun naon anu ditepikeun
ku eta pandita. Ku sabab eta, manehna datang telat ka tempat tukang
sihir. ku lantaran telat eta si jajaka di teunggeul. Terus manehna
nepikeun hal ieu ka si pandita. Si pandita nyarita ka manehna,'Mun maneh
sieun ka eta tukang sihir, bejakeun yen maneh ditahan ku kulawarga
maneh. Jeung mun maneh sieun ka kulawarga maneh bejakeun yen maneh
ditahan ku tukang sihir' Hiji poe, disatengahing jalan, manehna
manggihan di tengah jalan hiji binatang nu kacida gedena, nu ngahalangan
jalma-jalma sa kampung. Si jajaka nyarita'kaula bakal nyaho saha nu
leuwih utama, naha si tukang sihir atawa si pandita?'
Terus si jajaka nyokot batu bari nyarita,'Ya Alloh mun ajaran pandita nu
leuwih dipikaresep ku Anjeun, paehkeun ieu binatang anu kacida gedena
supaya jalma-jalma bisa neruskeun lalampahanana' Terus manehna
nenggorkeun eta batu jeung maehan eta binatang, ku lantaran eta
jalma-jalma bisa neruskeun lalampahanana. Saanggeus eta, si jajaka
ngadatangan pandita jeung nyaritakeun naon anu ku manehna kaalaman.
Pandita nyarita ka manehna,'Anaking, anjeun leuwih utama tibatan kaula,
lantaran anjeun geus nyaho kana sagala anu dipikanyaho ku kaula.
Pikanyaho, engke anjeun bakal nyanghareupan hiji ujian. Tapi inget! Mun
anjeun diuji, tong nyebut-nyebut ngaran kaula' Saanggeus eta, jajaka
tadi bisa nyageurkeun jalma lolong, panyakit belang jeung
panyakit-panyakit lianna.
Ieu beja sumebar, aya babaturan raja nyeri mata nepi ka lolong, jeung
geus diusahakeun kamana-mana tapi teu cageur-cageur. Terus manehna
datang ka sijajaka bari mawa mangrupa-rupa hadiah jeung nyarita'Mun
anjeun bisa nyageurgeun kaula, kaula bakal nedunan sagala pamenta
anjeun' Si jajaka ngajawab 'Saestuna kaula teu bisa nyageurkeun sasaha,
tapi nu nyageurkeun anging Alloh ta'ala, kaula bakal ngadu'a ka Anjeuna
supaya nyageurkeun panyakit anjeun'. Terus, eta jalma iman ka Alloh
ta'ala jeung cageur panyakitna.
Eta jalma datang ka tempat raja jeung diuk bareng sakumaha biasana,
terus si raja nanya ka manehna 'Saha nu nyageurkeun panon anjeun?'
Manehna ngajawab 'Pangeran kaula' Si raja nyarita 'Naha anjeun boga
pangeran salian ti kaula?' Terus dijawab 'Pangeran kaula jeung pangeran
anjeun ngan Alloh' Eta raja langsung nyiksa nepi ka eta jalma mere nyaho
ngeunaan di jajaka. Terus si jajaka di sanghareupkeun ka si raja,
nyarita si raja 'Anaking, sihir anjeun sakti pisan, bisa nyageurkun
jalma lolong, panyakit belang jeung anjeun bisa ngalakukeun ieu jeung
itu' Si jajaka ngajawab 'Saestuna nu bisa nyageurkeun ngan Alloh ta'ala'
Eta jajaka disiksa nepi ka nyaritakeun ngeunaan si pandita. Terus si
pandita di datangkeun ka si raja. Si raja nyarita 'Geura balik ka agama
anjeun nu baheula' Tapi si pandita teu daek. Terus raja nitah ngaragaji
ti luhureun sirahna nepi ka awakna beulah jadi dua. Terus didatangkeun
babaturan si raja 'Geura balik ka agama anjeun nu baheula' Tapi eta
jalma teu daek, terus manehna diragaji ti sirahna nepi ka awakna beulah
jadi dua. Terus didatangkeun oge si jajaka. si Raja nyarita ' Geura
balik ka agama anjeun nu baheula' Tapi si jajaka nolak. Terus si raja
masrahkeun si jajaka ka pangawalna pikeun dibawa ka gunung. Nepi ka
puncak, raja nitah pangawalna ngaragragkeun si jajaka ti luhur gunung.
Satepina di puncak, si jajaka ngadua 'Ya Alloh, hindarkeun kaula ti
kajahatan maranehna saluyu jeung naon nu ku Anjeun dipikarido'. Terus
eta gunung eundeur nepi ka si pangawal tinggorolong ti luhureun
gunung.Sedengkeun si jajaka salamet terus datang ka raja. Raja hemeng
jeung nanya'Naon anu geus dilakukan ku para pangawal kaula?' si Jajaka
ngajawab 'Alloh ta'ala geus nyalametkeun kaula ti kajahatan maranehna'
Eta pamuda ditewak deui, raja nyerahkeun si jajaka ka pangawalna nu lian
terus dibawa ka luhur kapal jeung di rag-ragkeun ditengah-tengah lautan.
Eta pasukan mawa si jajaka ka luhureun kapal. Satepina di kapal si
jajaka ngadua 'Ya Alloh, salametkeun kaula ti kajahatan maranehna saluyu
jeung nu ku Anjeun dipikarido' Terus eta kapal tibalik jeung sakabeh
pasukan tilelep. Sedengkeun si jajaka salamet. Manehna balik deui
nepungan si raja. Waktu nempo si jajaka, raja hemeng bari nanya 'Naon
anu geus dilakukeun ku para pangawal kaula?'si Jajaka ngajawab 'Alloh
ta'ala geus nyalametkeun kaula ti kajahatan maranehna' Terus eta jajaka
nyarita ka si raja 'Saestuna anjeun moal bisa mateni kaula saacan anjeun
nedunan pamenta kaula' raja nyarita 'naon anu ku anjeun dipikahayang?'
si jajaka ngajawab 'Anjeun kudu ngumpulkeun jalma loba di hiji lapang,
terus anjeun salib kaula dina hiji tihang, terus cokot jamparing kaula
jeung simpen dina gondewana, terus baca 'KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH,
PANGERAN IEU JAJAKA' Terus leupaskeun eta jamparing ka kaula. Mun anjeun
ngalakukeun eta, tinangtu anjeun bakal bisa mateni kaula' Ku ngadenge
omongan si jajaka, raja ngumpulkeun jalma loba dihiji lapang jeung
nyalib si jajaka dina tihang. Terus nyokot jamparing jeung disimpen
dina gondewana, terus manehna maca 'KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH, PANGERAN
IEU JAJAKA'jeung dileupaskeun eta jamparing kana tarang si jajaka. Si
jajaka nyekel tarangna terus perlaya. Dina mangsa eta, jalma-jalma anu
nyaksian saur manuk nyarita'Kami ariman ka pangeran ieu jajaka' Saurang
pangawal nepikeun ieu beja ka raja jeung nyarita '
nyarita 'Gusti, naon anu dipikasieun ku gusti taya gunana sabab
jalma-jalma geus ariman'. Terus raja marentahkeun pikeun nyieun solokan
anu gede di satiap parapatan jalan, di jerona dihurungkeun seuneu. Terus
manehna marentahkeun pangawalna pikeun ngalungkeun saha wae anu teu daek
balik ka agamana baheula ka eta solokan. Kacaritakeun saurang awewe
jeung anakna anu masih leutik rek diasupkeun ka eta solokan. Tapi
manehna ngarasa karunya ka anakna. Anakna nyarita'Ibu, sing sabar
lantaran anjeun saestuna aya dina jalan anu bener" (shahih muslim,
riyadhus sholihin bab sabar no 31)
"Mun nengetan riwayat si jajaka, jauh bedana jeung bom bunuh diri.
Kahiji, sijajaka teu maehan maneh, tapi dipaehan ku jalma sejen. kadua,
ku alatan si jajaka, jalma-jalma loba nu ariman, tapi bom bunuh diri
ngabalukarkeun jalma luar islam boga persepsi negatif ka agama Islam.
maranehna jadi boga persepsi yen Islam pinuh ku kekerasan. Jeung bom
bunuh diri nu dilakukan salian mateni jalma kafir oge mateni umat
islam. Padahal hukumna haram pikeun mateni jalma anu muslim. 'JEUNG
SINGSAHA NU MAEHAN SAURANG MUKMIN BARI DIHAJA, TANGTU WALESANANA
JAHANNAM, MANEHNA LANGGENG DIJERONA, ALLOH MURKA KAMANEHNA, JEUNG
NGALAKNAT SARTA NYADIAKEUN AZAB NU GEDE PIKEUN MANEHNA' (An Nisa 93)
"Enya aing ge satuju Di, mun mateni jalma muslim kaasup dosa gede. Tapi
pan ieu mah tujuanana oge maehan jalma kafir sakumaha parentah Alloh
"...PAEHAN JALMA-JALMA MUSYRIKIN DIMANA WAE MARANEH PANGGIHAN.." (At
Taubah ayat 5)
"Teu bisa kitu kang, eta ayat memang bener parentah ti Alloh tapi
ngalarapkeunana lain kitu. Dawuhan Rosululloh :' Singsaha anu maehan
mu'ahad (jalma kafir anu kaiket ku perjanjian) henteu dina
waktu/tempatna tangtu Alloh ngaharamkeun surga keur manehna ' (Sunan Abu
Dawud no 2760 & Sunan An Nasai No 4761 ti Abu Bakrah radhiallohu 'anhu)
'JEUNG PERANGAN DI JALAN ALLOH JALMA-JALMA NU MERANGAN ANJEUN, TAPI
ARANJEUN TONG NGALEUWIHAN WATES, LANTARAN SAESTUNA ALLOH TEU RESEP KA
JALMA-JALMA ANU NGALEUWIHAN WATES' (Al Baqarah 190)
DIna mangsa perang Urang teu meunang ngaleuwihan wates diantarana
saperti nyacag mayit jalma kaafir, maehan awewe jeung budak leutik,
ngaduruk tatangkalan jeung sajabana. Tah kukituna sanajan kafir, tapi
lamun eta jalma teu milu icikibung dina merangan umat muslim teu meunang
ku urang di perangan."
"Tapi pan eta jalma kafir teh datang ka nagri urang pikeun maksiat"
"Sanajan manehna datang ka nagri urang bari mawa karusakan akhlak tetep
teu bisa dijadikeun alesan pikeun maehan maranehna. Lantaran maranehna
asup ka nagri urang kalayan geus meunang izin ti pamarentah. Nu ku urang
bisa dilakukeun ngan saukur mere nasehat ka pamarentah ngeunaan
karusakan nu dibawa ku eta jalma-jalma kafir"
"Jadi Naha urang teu perlu ngalakukeun jihad?"
"Satiap Umat Muslim kudu yakin kana fardhuna Jihad, tapi Jihad kudu
dilakukeun dumasar kana elamu, nyumponan kana syarat-syaratna, jeung
salawasna ngalakukeun jihad bareng jeung waliyyul amri atawa amir.
Mudah-mudahan urang bisa terus neleman elmu agama jeung ngamalkeunana
sacara istikomah. Amin"
Disclaimer - This message including any attachments and information
contained
herein ("Message" ) may contain privileged information or otherwise is
protected
from disclosure. Any unauthorized use of this Message by any person may
lead to
legal consequences. If you receive this Message in error, or if the
recipient
of this Message is not the intended recipient or the employee or agent
authorized
for delivering this Message to the intended recipient you are hereby notified
that
any disclosure, dissemination, distribution or copying of this Message or
let or
cause this Message to be disclosed,disseminated, distributed, or copied is
strictly
prohibited, and please notify the sender by return message and immediately
delete
this Message from your system. Incoming and outgoing communications using
this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by
applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views
expressed
in this Message are those of the individual sender and may not necessarily
reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.