Coba eta nau ngebom teh tong didieu...tapi nyamar asup ka Israel...neangan makas tangtara Israel...kantin2 Israel..teras di bom..ulah didieu di Endo...eh..loba Urang Sunda..bisi keuna..ka uing.........
On 11/11/08, deno karsono <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Saluyu pisan akang, da kitu kedahna atuh.....Sagala rupi oge kedah > sareng elmuna, > > Salam, > > ------------------------------ > *From:* "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Tuesday, November 11, 2008 4:34:36 PM > *Subject:* [Urang Sunda] bom bunuh diri > > > "Di, Nu ngalakukauen bom bunuh diri teh geus di eksekusi. Eta ku kandelna > Iman mah meuni luas ngalaksanakeun bom bunuh diri. Ku iman mah wawanen teh > jadi sakitu ngagedurna, kuat ka tega maehan maneh ku bom syahid" > > "Kang, sumanget atawa wawanen teu cukup pikeun ngajalankeun agama. Tapi > kudu dibarengan ku elmu. Mun teu dibarengan ku elmu nu aya jadi salah > kaprah. Tah ngeunaan bom-na nu maehna maneh, ayeuna urang balikkeun deui > kana Qur'an, sunnah & atsar para sahabat. Naha geus saluyu atawa henteu." > > > "Tapi pan loba jalma-jalma nu nyebut maranehna teh syahid?" > > "Kang urang teu wenang pikeun nyebut saha wae salaku syahid, sanajan eta > jalma dipaehan kalayan zhalim atawa paeh lantaran melaan maneh atawa paeh di > medan perang. Sakumaha diterangkeun ku Imam Bukhari dina shahihna dina 'bab > teu meunang nyebut si anu syahid' sabab puserna kasaksian yen eta jalma > syahid atawa henteu ayana dina hate jeung euweuh saurang oge nu nyaho kanu > naon anu aya dina hate salian ti Alloh ta'ala" > > "Tapi pan pernah Rosululloh nyebut sababaraha sahabatna syahid?" > > "Rosululloh ngomong lain ngan saukur make hawa nafsuna tapi Rosululloh > shallallohu 'alaihi wasallam nyarita dumasar kana wahyu anu ditarimana. Mun > ANjeuna nyebutkeun salah saurang sahabatna syahid tangtu hal ieu dumasar > kana wahyu anu ditarimana. Sakumaha hadits umar, dina hiji poe Anjeuna > khutbah : 'Aranjeun ngomong dina perang aranjeun yen si anu syahid jeung si > anu paeh kalayan syahid, bisa wae manehna geus nindes tutumpakanana. > Sakali-kali henteu, aranjeun tong ngomong siga kitu, Tapi sebut naon nu > disebutkeun ku Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam,'Singsaha nu paeh di > jalan Alloh manehna syahid'(Hadits riwayat Imam Ahmad)" > > "Tapi Di, tanda-tanda yen maranehna syahid pan loba, waktu dikurebkeun > langsung aya geledeg, pas datang layonna dipapag ku girimis, terus layonna > ceunah seungit" > > "Kang Tanda-tanda ieu teu bisa dijadikeun hujjah yen maranehna syahid. > Nalika Aburrahman bin Muljim nyaeta nu nelasan pati Ali radiyallohu 'anhu > dikaluarkeun pikeun di paehan. Abdullah bin ja'far rodiyallohu 'anhu > neukteuk leungeun jeung sukuna. Ibnu Muljim teu ngomong atawa ngaharurung. > Terus dua panonna di celak ku paku panas, manehna teu ngaharurung malah maca > surat Al Alaq. Nalika letahna di teukteuk, Ibnu Muljim ngaharurung. Waktu > ditanya 'Ku naon maneh ngaharurung? ' Manehna ngajawab 'Aing teu resep > nyanghareupan ajal di dunya bari teu dzikir ka Alloh' Jeung Ibnu Muljim > jalma nu dina tarangna aya tapak sujud (Talbis Iblis, Ibnu jauziy). Jadi > karomah siga naon wae teu bisa dijadikeun hujjah yen eta jalma aya dina > jalan nu bener" > > > "Jadi kumaha hukumna Bom Bunuh diri teh?" > > > "riwayat-riwayat nu datang ti Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam > ngajalentrekeun yen maehan maneh ku alat naon wae mangrupakeun dosa nu gede > disisi Alloh Azza wa Jalla. Di antarana sakumaha anu diriwayatkeun ku Abu > Hurairah radhiyallohu 'anhu, nu nyarita : Rosululloh shallallohu 'alaihi > wasallam ngadawuh : > 'Singsaha anu maehan maneh ku beusi nu aya dina leungeunna, manehna bakal > nubles beuteungna dina naraka jahannam anu langgeng, jeung dilanggengkeun > salila-lilana. Jeung singsaha anu nginum racun terus maehan maneh ku jalan > eta, manehna bakal nginum saeutik jeung saeutik di naraka jahannam nu > langgeng jeung dilanggengkeun dijerona salila-lilana. Jeung singsaha nu > maehan maneh ku cara ngaragragkeun maneh ti luhur gunung, manehna bakal > diragrakeun ka naraka jahannam nu langgeng jeung dilanggengkeun dijerona > salila-lilana' (Shahih Bukhari No 5778 & Shahih Muslim No 158)" > > "Di riwayatkeun oge ti Abu Hurairah radhiyallohu 'anhu nu nyarita > 'Kami bareng jeung Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam dina perang > Khaibar. Terus Anjeuna nyarita ka saurang jalma anu ngaku dirina > muslim:"Jalma ieu ti ahli naraka" Nalika kajadian perang, eta jalma perang > kalayan pinuh sumanget nepi ka tatu. Hal Ieu dicaritakeun ka Anjeuna :'Ya > Rosulullah, nu ku ANjeun sebutkeun yen manehna ahli naraka, saestuna dina > poe ieu ngilu perang terus palastra' Jawab Rosululloh shallallohu 'alaihi > wasallam :'Manehna Asup naraka'. Ampir sawareh manusa hamham (kana ucapan > eta). Nalika maranehna dina kaayaan kitu,, terus aya nu ngawartakeun yen > saacan eta jalma palastra ku tatu anu kacida parah. Mangsa peuting, manehna > geus teu sabar terus maehan maneh. Terus hal ieu diwartakeun ka Rosululloh > shallallohu 'alaihi wasallam , terus Anjeuna nyarita :'Allohu akbar, kaula > nyakseni yen saestuna kaula hamba Alloh jeung Rosul-Na'. Anjeuna > marentahkeun Bilal ngagorowok di hareupeun manusa : 'Saestuna henteu asup > surga iwal ti jiwa nu muslim jeung saestuna Alloh nguatkeun ieu agama ku > lalaki nu fajir' (Shohih Bukhari & Muslim) > > "Nya Aing ge apal atuh Di ari maehan maneh mah kaasup dosa gede. Tapi pan > ieu mah tujuanana pikeun ngabelaan agama. Pan sahabat ge pernah aya anu > narabas ka barisan musuh nepi ka palastra jeung hal ieu dibenerkeun ku > Rosululloh" > > "riwayat-riwayat nu nerangkeun yen aya sababaraha urang sahabat nu narabas > ka pasukan musuh memang shohih Kang. Tapi urang teu bisa nyaruakeun hal eta > jeung bom bunuh diri. Diantarana : > 1. Sahabat ngalakukeun hal eta dina kaayaan perang, sedengkeun nu > dilakukeun ku nu ngalakukeun bom bunuh diri lain dina mangsa perang. > 2. Nu narabas pasukan kuffar, najan saeutik boga peluang pikeun salamet, > malah aya sababaraha riwayat yen sahabat nu narabas pasukan kuffar salamet > sedengkeun nu ngabom sorangan euweuh peluang pikeun hirup" > > "Terus kumaha riwayat nu nyebutkeuan aya hiji jajaka mukmin nu ngajarkeun > ka raja kuffar kumaha carana supaya bisa maehan sijajaka. Lainna ieu sarua > jeung sijajaka maehan maneh" > > "Eta riwayat memang shahih kang.Lengkepna kieu: > Ti Suhaib rodiyallohu 'anhu, Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam > ngadawuh,'di jaman baheula aya saurang raja nu boga saurang tukang sihir. > Mangsa eta tukang sihir geus kolot, manehna nyarita ka rajana,'Saestuna > kuring ayeuna geus kolot. Ku kituna, kuring menta ijin pikeun ngirimkeun > saurang jajaka jeung kuring bakal ngajarkeun elmu sihir ka manehna' Raja eta > terus ngirimkeun saurang jajaka pikeun diajar elmu sihir. Tapai di > satengahing jalan, manehna paamprok jeung saurang pandita. terus eta jajaka > eureun pikeun ngadengekun naon anu ditepikeun ku eta pandita. Ku sabab eta, > manehna datang telat ka tempat tukang sihir. ku lantaran telat eta si jajaka > di teunggeul. Terus manehna nepikeun hal ieu ka si pandita. Si pandita > nyarita ka manehna,'Mun maneh sieun ka eta tukang sihir, bejakeun yen maneh > ditahan ku kulawarga maneh. Jeung mun maneh sieun ka kulawarga maneh > bejakeun yen maneh ditahan ku tukang sihir' Hiji poe, disatengahing jalan, > manehna manggihan di tengah jalan hiji binatang nu kacida gedena, nu > ngahalangan jalma-jalma sa kampung. Si jajaka nyarita'kaula bakal nyaho saha > nu leuwih utama, naha si tukang sihir atawa si pandita?' > Terus si jajaka nyokot batu bari nyarita,'Ya Alloh mun ajaran pandita nu > leuwih dipikaresep ku Anjeun, paehkeun ieu binatang anu kacida gedena supaya > jalma-jalma bisa neruskeun lalampahanana' Terus manehna nenggorkeun eta batu > jeung maehan eta binatang, ku lantaran eta jalma-jalma bisa neruskeun > lalampahanana. Saanggeus eta, si jajaka ngadatangan pandita jeung > nyaritakeun naon anu ku manehna kaalaman. Pandita nyarita ka > manehna,'Anaking, anjeun leuwih utama tibatan kaula, lantaran anjeun geus > nyaho kana sagala anu dipikanyaho ku kaula. Pikanyaho, engke anjeun bakal > nyanghareupan hiji ujian. Tapi inget! Mun anjeun diuji, tong nyebut-nyebut > ngaran kaula' Saanggeus eta, jajaka tadi bisa nyageurkeun jalma lolong, > panyakit belang jeung panyakit-panyakit lianna. > Ieu beja sumebar, aya babaturan raja nyeri mata nepi ka lolong, jeung geus > diusahakeun kamana-mana tapi teu cageur-cageur. Terus manehna datang ka > sijajaka bari mawa mangrupa-rupa hadiah jeung nyarita'Mun anjeun bisa > nyageurgeun kaula, kaula bakal nedunan sagala pamenta anjeun' Si jajaka > ngajawab 'Saestuna kaula teu bisa nyageurkeun sasaha, tapi nu nyageurkeun > anging Alloh ta'ala, kaula bakal ngadu'a ka Anjeuna supaya nyageurkeun > panyakit anjeun'. Terus, eta jalma iman ka Alloh ta'ala jeung cageur > panyakitna. > Eta jalma datang ka tempat raja jeung diuk bareng sakumaha biasana, terus > si raja nanya ka manehna 'Saha nu nyageurkeun panon anjeun?' Manehna > ngajawab 'Pangeran kaula' Si raja nyarita 'Naha anjeun boga pangeran salian > ti kaula?' Terus dijawab 'Pangeran kaula jeung pangeran anjeun ngan Alloh' > Eta raja langsung nyiksa nepi ka eta jalma mere nyaho ngeunaan di jajaka. > Terus si jajaka di sanghareupkeun ka si raja, nyarita si raja 'Anaking, > sihir anjeun sakti pisan, bisa nyageurkun jalma lolong, panyakit belang > jeung anjeun bisa ngalakukeun ieu jeung itu' Si jajaka ngajawab 'Saestuna nu > bisa nyageurkeun ngan Alloh ta'ala' Eta jajaka disiksa nepi ka nyaritakeun > ngeunaan si pandita. Terus si pandita di datangkeun ka si raja. Si raja > nyarita 'Geura balik ka agama anjeun nu baheula' Tapi si pandita teu daek. > Terus raja nitah ngaragaji ti luhureun sirahna nepi ka awakna beulah jadi > dua. Terus didatangkeun babaturan si raja 'Geura balik ka agama anjeun nu > baheula' Tapi eta jalma teu daek, terus manehna diragaji ti sirahna nepi ka > awakna beulah jadi dua. Terus didatangkeun oge si jajaka. si Raja nyarita ' > Geura balik ka agama anjeun nu baheula' Tapi si jajaka nolak. Terus si raja > masrahkeun si jajaka ka pangawalna pikeun dibawa ka gunung. Nepi ka puncak, > raja nitah pangawalna ngaragragkeun si jajaka ti luhur gunung. Satepina di > puncak, si jajaka ngadua 'Ya Alloh, hindarkeun kaula ti kajahatan maranehna > saluyu jeung naon nu ku Anjeun dipikarido'. Terus eta gunung eundeur nepi ka > si pangawal tinggorolong ti luhureun gunung.Sedengkeun si jajaka salamet > terus datang ka raja. Raja hemeng jeung nanya'Naon anu geus dilakukan ku > para pangawal kaula?' si Jajaka ngajawab 'Alloh ta'ala geus nyalametkeun > kaula ti kajahatan maranehna' Eta pamuda ditewak deui, raja nyerahkeun si > jajaka ka pangawalna nu lian terus dibawa ka luhur kapal jeung di > rag-ragkeun ditengah-tengah lautan. Eta pasukan mawa si jajaka ka luhureun > kapal. Satepina di kapal si jajaka ngadua 'Ya Alloh, salametkeun kaula ti > kajahatan maranehna saluyu jeung nu ku Anjeun dipikarido' Terus eta kapal > tibalik jeung sakabeh pasukan tilelep. Sedengkeun si jajaka salamet. Manehna > balik deui nepungan si raja. Waktu nempo si jajaka, raja hemeng bari nanya > 'Naon anu geus dilakukeun ku para pangawal kaula?'si Jajaka ngajawab 'Alloh > ta'ala geus nyalametkeun kaula ti kajahatan maranehna' Terus eta jajaka > nyarita ka si raja 'Saestuna anjeun moal bisa mateni kaula saacan anjeun > nedunan pamenta kaula' raja nyarita 'naon anu ku anjeun dipikahayang? ' si > jajaka ngajawab 'Anjeun kudu ngumpulkeun jalma loba di hiji lapang, terus > anjeun salib kaula dina hiji tihang, terus cokot jamparing kaula jeung > simpen dina gondewana, terus baca 'KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH, PANGERAN IEU > JAJAKA' Terus leupaskeun eta jamparing ka kaula. Mun anjeun ngalakukeun eta, > tinangtu anjeun bakal bisa mateni kaula' Ku ngadenge omongan si jajaka, raja > ngumpulkeun jalma loba dihiji lapang jeung nyalib si jajaka dina tihang. > Terus nyokot jamparing jeung disimpen dina gondewana, terus manehna maca > 'KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH, PANGERAN IEU JAJAKA'jeung dileupaskeun eta > jamparing kana tarang si jajaka. Si jajaka nyekel tarangna terus perlaya. > Dina mangsa eta, jalma-jalma anu nyaksian saur manuk nyarita'Kami ariman ka > pangeran ieu jajaka' Saurang pangawal nepikeun ieu beja ka raja jeung > nyarita ' > nyarita 'Gusti, naon anu dipikasieun ku gusti taya gunana sabab jalma-jalma > geus ariman'. Terus raja marentahkeun pikeun nyieun solokan anu gede di > satiap parapatan jalan, di jerona dihurungkeun seuneu. Terus manehna > marentahkeun pangawalna pikeun ngalungkeun saha wae anu teu daek balik ka > agamana baheula ka eta solokan. Kacaritakeun saurang awewe jeung anakna anu > masih leutik rek diasupkeun ka eta solokan. Tapi manehna ngarasa karunya ka > anakna. Anakna nyarita'Ibu, sing sabar lantaran anjeun saestuna aya dina > jalan anu bener" (shahih muslim, riyadhus sholihin bab sabar no 31) > > "Mun nengetan riwayat si jajaka, jauh bedana jeung bom bunuh diri. Kahiji, > sijajaka teu maehan maneh, tapi dipaehan ku jalma sejen. kadua, ku alatan si > jajaka, jalma-jalma loba nu ariman, tapi bom bunuh diri ngabalukarkeun jalma > luar islam boga persepsi negatif ka agama Islam. maranehna jadi boga > persepsi yen Islam pinuh ku kekerasan. Jeung bom bunuh diri nu dilakukan > salian mateni jalma kafir oge mateni umat islam. Padahal hukumna haram > pikeun mateni jalma anu muslim. 'JEUNG SINGSAHA NU MAEHAN SAURANG MUKMIN > BARI DIHAJA, TANGTU WALESANANA JAHANNAM, MANEHNA LANGGENG DIJERONA, ALLOH > MURKA KAMANEHNA, JEUNG NGALAKNAT SARTA NYADIAKEUN AZAB NU GEDE PIKEUN > MANEHNA' (An Nisa 93) > > > > > "Enya aing ge satuju Di, mun mateni jalma muslim kaasup dosa gede. Tapi > pan ieu mah tujuanana oge maehan jalma kafir sakumaha parentah Alloh > "...PAEHAN JALMA-JALMA MUSYRIKIN DIMANA WAE MARANEH PANGGIHAN.." (At Taubah > ayat 5) > > > "Teu bisa kitu kang, eta ayat memang bener parentah ti Alloh tapi > ngalarapkeunana lain kitu. Dawuhan Rosululloh :' Singsaha anu maehan mu'ahad > (jalma kafir anu kaiket ku perjanjian) henteu dina waktu/tempatna tangtu > Alloh ngaharamkeun surga keur manehna ' (Sunan Abu Dawud no 2760 & Sunan An > Nasai No 4761 ti Abu Bakrah radhiallohu 'anhu) > 'JEUNG PERANGAN DI JALAN ALLOH JALMA-JALMA NU MERANGAN ANJEUN, TAPI > ARANJEUN TONG NGALEUWIHAN WATES, LANTARAN SAESTUNA ALLOH TEU RESEP KA > JALMA-JALMA ANU NGALEUWIHAN WATES' (Al Baqarah 190) > DIna mangsa perang Urang teu meunang ngaleuwihan wates diantarana saperti > nyacag mayit jalma kaafir, maehan awewe jeung budak leutik, ngaduruk > tatangkalan jeung sajabana. Tah kukituna sanajan kafir, tapi lamun eta jalma > teu milu icikibung dina merangan umat muslim teu meunang ku urang di > perangan." > > "Tapi pan eta jalma kafir teh datang ka nagri urang pikeun maksiat" > > "Sanajan manehna datang ka nagri urang bari mawa karusakan akhlak tetep teu > bisa dijadikeun alesan pikeun maehan maranehna. Lantaran maranehna asup ka > nagri urang kalayan geus meunang izin ti pamarentah. Nu ku urang bisa > dilakukeun ngan saukur mere nasehat ka pamarentah ngeunaan karusakan nu > dibawa ku eta jalma-jalma kafir" > > > "Jadi Naha urang teu perlu ngalakukeun jihad?" > > "Satiap Umat Muslim kudu yakin kana fardhuna Jihad, tapi Jihad kudu > dilakukeun dumasar kana elamu, nyumponan kana syarat-syaratna, jeung > salawasna ngalakukeun jihad bareng jeung waliyyul amri atawa amir. > Mudah-mudahan urang bisa terus neleman elmu agama jeung ngamalkeunana sacara > istikomah. Amin" > > Disclaimer - This message including any attachments and information > contained > herein ("Message" ) may contain privileged information or otherwise is > protected > from disclosure. Any unauthorized use of this Message by any person may > lead to > legal consequences. If you receive this Message in error, or if the > recipient > of this Message is not the intended recipient or the employee or agent > authorized > for delivering this Message to the intended recipient you are hereby > notified that > any disclosure, dissemination, distribution or copying of this Message or > let or > cause this Message to be disclosed,dissemina ted, distributed, or copied is > strictly > prohibited, and please notify the sender by return message and immediately > delete > this Message from your system. Incoming and outgoing communications > using this > electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by > applicable > law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views > expressed > in this Message are those of the individual sender and may not necessarily > reflect > the views of PT Arutmin Indonesia. > > > >

