Kang, beriman teh wajib
Tapi, beriman teu kudu jadi Preman 
aya mangsa iraha kudu setor jiwa raga keur agama. 
ari ayeuna setor mah, nya bakal loba pacengkadan..

--- On Tue, 11/11/08, Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Sumarna, Nana <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] bom bunuh diri
To: [email protected]
Date: Tuesday, November 11, 2008, 1:34 AM










    
            



"Di, Nu ngalakukauen bom bunuh diri teh geus di eksekusi. Eta ku 
kandelna Iman mah meuni luas ngalaksanakeun bom bunuh diri. Ku iman mah wawanen 
teh jadi sakitu ngagedurna, kuat ka tega maehan maneh ku bom syahid"
 
"Kang, sumanget atawa wawanen teu cukup pikeun ngajalankeun agama. Tapi 
kudu dibarengan ku elmu. Mun teu dibarengan ku elmu nu aya jadi salah kaprah. 
Tah ngeunaan bom-na nu maehna maneh, ayeuna urang balikkeun deui kana Qur'an, 
sunnah & atsar para sahabat. Naha geus saluyu atawa henteu."
 

"Tapi pan loba jalma-jalma nu nyebut maranehna teh syahid?"
 
"Kang urang teu wenang pikeun nyebut saha wae salaku syahid, sanajan eta 
jalma dipaehan kalayan zhalim atawa paeh lantaran melaan maneh atawa paeh di 
medan perang. Sakumaha diterangkeun ku Imam Bukhari dina shahihna dina 'bab teu 
meunang nyebut si anu syahid' sabab puserna kasaksian yen eta jalma syahid 
atawa 
henteu ayana dina hate jeung euweuh saurang oge nu nyaho kanu naon anu aya dina 
hate salian ti Alloh ta'ala"
 
"Tapi pan pernah Rosululloh nyebut sababaraha sahabatna syahid?"
 
"Rosululloh ngomong lain ngan saukur make hawa nafsuna tapi Rosululloh 
shallallohu 'alaihi wasallam nyarita dumasar kana wahyu anu ditarimana. Mun 
ANjeuna nyebutkeun salah saurang sahabatna syahid tangtu hal ieu dumasar kana 
wahyu anu ditarimana. Sakumaha hadits umar, dina hiji poe Anjeuna khutbah : 
'Aranjeun ngomong dina perang aranjeun yen si anu syahid jeung si anu paeh 
kalayan syahid, bisa wae manehna geus nindes tutumpakanana. Sakali-kali henteu, 
aranjeun tong ngomong siga kitu, Tapi sebut naon nu disebutkeun ku Rosululloh 
shallallohu 'alaihi wasallam,'Singsaha nu paeh di jalan Alloh manehna 
syahid'(Hadits riwayat Imam Ahmad)"
 
"Tapi Di, tanda-tanda yen maranehna syahid pan loba, waktu dikurebkeun 
langsung aya geledeg, pas datang layonna dipapag ku girimis, terus layonna 
ceunah seungit"
 
"Kang Tanda-tanda ieu teu bisa dijadikeun hujjah yen maranehna syahid. 
Nalika Aburrahman bin Muljim nyaeta nu nelasan pati Ali radiyallohu 'anhu 
dikaluarkeun pikeun di paehan. Abdullah bin ja'far rodiyallohu 'anhu neukteuk 
leungeun jeung sukuna. Ibnu Muljim teu ngomong atawa ngaharurung. Terus dua 
panonna di celak ku paku panas, manehna teu ngaharurung malah maca surat Al 
Alaq. Nalika letahna di teukteuk, Ibnu Muljim ngaharurung. Waktu ditanya 'Ku 
naon maneh ngaharurung? ' Manehna ngajawab 'Aing teu resep nyanghareupan ajal 
di 
dunya bari teu dzikir ka Alloh' Jeung Ibnu Muljim jalma nu dina tarangna aya 
tapak sujud (Talbis Iblis, Ibnu jauziy). Jadi karomah siga naon wae teu bisa 
dijadikeun hujjah yen eta jalma aya dina jalan nu bener"
 

"Jadi kumaha hukumna Bom Bunuh diri teh?" 
 

"riwayat-riwayat nu datang ti Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam 
ngajalentrekeun yen maehan maneh ku alat naon wae mangrupakeun dosa nu gede 
disisi Alloh Azza wa Jalla. Di antarana sakumaha anu diriwayatkeun ku Abu 
Hurairah radhiyallohu 'anhu, nu nyarita :  Rosululloh shallallohu 'alaihi 
wasallam  ngadawuh :
'Singsaha anu maehan maneh ku beusi nu aya dina 
leungeunna, manehna bakal nubles beuteungna dina naraka jahannam anu langgeng, 
jeung dilanggengkeun salila-lilana. Jeung singsaha anu nginum racun terus 
maehan 
maneh ku jalan eta, manehna bakal nginum saeutik jeung saeutik di naraka 
jahannam nu langgeng jeung dilanggengkeun dijerona salila-lilana. Jeung 
singsaha 
nu maehan maneh ku cara ngaragragkeun maneh ti luhur gunung, manehna bakal 
diragrakeun ka naraka jahannam nu langgeng jeung dilanggengkeun dijerona 
salila-lilana' (Shahih Bukhari No 5778 & Shahih Muslim No 158)"
 
"Di riwayatkeun oge ti Abu Hurairah radhiyallohu 'anhu nu nyarita 
'Kami 
bareng jeung Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam dina perang Khaibar. Terus 
Anjeuna nyarita ka saurang jalma anu ngaku dirina muslim:"Jalma ieu ti ahli 
naraka" Nalika kajadian perang, eta jalma perang kalayan pinuh sumanget nepi ka 
tatu. Hal Ieu dicaritakeun ka Anjeuna :'Ya Rosulullah, nu ku ANjeun sebutkeun 
yen manehna ahli naraka, saestuna dina poe ieu ngilu perang terus palastra' 
Jawab Rosululloh  shallallohu 'alaihi wasallam :'Manehna Asup naraka'. 
Ampir sawareh manusa hamham (kana ucapan eta). Nalika maranehna dina kaayaan 
kitu,, terus aya nu ngawartakeun yen saacan eta jalma palastra ku tatu anu 
kacida parah. Mangsa peuting, manehna geus teu sabar terus maehan maneh. Terus 
hal ieu diwartakeun ka Rosululloh  shallallohu 'alaihi wasallam , terus 
Anjeuna nyarita :'Allohu akbar, kaula nyakseni yen saestuna kaula hamba Alloh 
jeung Rosul-Na'. Anjeuna marentahkeun Bilal ngagorowok di hareupeun manusa : 
'Saestuna henteu asup surga iwal ti jiwa nu muslim jeung saestuna Alloh 
nguatkeun ieu agama ku lalaki nu fajir' (Shohih Bukhari & Muslim)
 
"Nya Aing ge apal atuh Di ari maehan maneh mah kaasup dosa gede. Tapi pan 
ieu mah tujuanana pikeun ngabelaan agama. Pan sahabat ge pernah aya anu narabas 
ka barisan musuh nepi ka palastra jeung hal ieu dibenerkeun ku Rosululloh"
 
"riwayat-riwayat nu nerangkeun yen aya sababaraha urang sahabat nu narabas 
ka pasukan musuh memang shohih Kang. Tapi urang teu bisa nyaruakeun hal eta 
jeung bom bunuh diri. Diantarana :
1. Sahabat ngalakukeun hal eta dina 
kaayaan perang, sedengkeun nu dilakukeun ku nu ngalakukeun bom bunuh diri lain 
dina mangsa perang.
2. Nu narabas pasukan kuffar, najan saeutik boga peluang 
pikeun salamet, malah aya sababaraha riwayat yen sahabat nu narabas pasukan 
kuffar salamet sedengkeun nu ngabom sorangan euweuh peluang pikeun hirup"
 
"Terus kumaha riwayat nu nyebutkeuan aya hiji jajaka mukmin nu ngajarkeun 
ka raja kuffar kumaha carana supaya bisa maehan sijajaka. Lainna ieu sarua 
jeung 
sijajaka maehan maneh"
 
"Eta riwayat memang shahih kang.Lengkepna kieu:
Ti Suhaib rodiyallohu 
'anhu, Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam ngadawuh,'di jaman baheula aya 
saurang raja nu boga saurang tukang sihir. Mangsa eta tukang sihir geus kolot, 
manehna nyarita ka rajana,'Saestuna kuring ayeuna geus kolot. Ku kituna, kuring 
menta ijin pikeun ngirimkeun saurang jajaka jeung kuring bakal ngajarkeun elmu 
sihir ka manehna' Raja eta terus ngirimkeun saurang jajaka pikeun diajar elmu 
sihir. Tapai di satengahing jalan, manehna paamprok jeung saurang pandita. 
terus 
eta jajaka eureun pikeun ngadengekun naon anu ditepikeun ku eta pandita. Ku 
sabab eta, manehna datang telat ka tempat tukang sihir. ku lantaran telat eta 
si 
jajaka di teunggeul. Terus manehna nepikeun hal ieu ka si pandita. Si pandita 
nyarita ka manehna,'Mun maneh sieun ka eta tukang sihir, bejakeun yen maneh 
ditahan ku kulawarga maneh. Jeung mun maneh sieun ka kulawarga maneh bejakeun 
yen maneh ditahan ku tukang sihir' Hiji poe, disatengahing jalan, manehna 
manggihan di tengah jalan hiji binatang nu kacida gedena, nu ngahalangan 
jalma-jalma sa kampung. Si jajaka nyarita'kaula bakal nyaho saha nu leuwih 
utama, naha si tukang sihir atawa si pandita?'
Terus si jajaka nyokot batu 
bari nyarita,'Ya Alloh mun ajaran pandita nu leuwih dipikaresep ku Anjeun, 
paehkeun ieu binatang anu kacida gedena supaya jalma-jalma bisa neruskeun 
lalampahanana' Terus manehna nenggorkeun eta batu jeung maehan eta binatang, ku 
lantaran eta jalma-jalma bisa neruskeun lalampahanana. Saanggeus eta, si jajaka 
ngadatangan pandita jeung nyaritakeun naon anu ku manehna kaalaman. Pandita 
nyarita ka manehna,'Anaking, anjeun leuwih utama tibatan kaula, lantaran anjeun 
geus nyaho kana sagala anu dipikanyaho ku kaula. Pikanyaho, engke anjeun bakal 
nyanghareupan hiji ujian. Tapi inget! Mun anjeun diuji, tong nyebut-nyebut 
ngaran kaula' Saanggeus eta, jajaka tadi bisa nyageurkeun jalma lolong, 
panyakit 
belang jeung panyakit-panyakit lianna.
Ieu beja sumebar, aya babaturan raja 
nyeri mata nepi ka lolong, jeung geus diusahakeun kamana-mana tapi teu 
cageur-cageur. Terus manehna datang ka sijajaka bari mawa mangrupa-rupa hadiah 
jeung nyarita'Mun anjeun bisa nyageurgeun kaula, kaula bakal nedunan sagala 
pamenta anjeun' Si jajaka ngajawab 'Saestuna kaula teu bisa nyageurkeun sasaha, 
tapi nu nyageurkeun anging Alloh ta'ala, kaula bakal ngadu'a ka Anjeuna supaya 
nyageurkeun panyakit anjeun'. Terus, eta jalma iman ka Alloh ta'ala jeung 
cageur 
panyakitna.
Eta jalma datang ka tempat raja jeung diuk bareng sakumaha 
biasana, terus si raja nanya ka manehna 'Saha nu nyageurkeun panon anjeun?' 
Manehna ngajawab 'Pangeran kaula' Si raja nyarita 'Naha anjeun boga pangeran 
salian ti kaula?' Terus dijawab 'Pangeran kaula jeung pangeran anjeun ngan 
Alloh' Eta raja langsung nyiksa nepi ka eta jalma mere nyaho ngeunaan di 
jajaka. 
Terus si jajaka di sanghareupkeun ka si raja, nyarita si raja 'Anaking, sihir 
anjeun sakti pisan, bisa nyageurkun jalma lolong, panyakit belang jeung anjeun 
bisa ngalakukeun ieu jeung itu' Si jajaka ngajawab 'Saestuna nu bisa 
nyageurkeun 
ngan Alloh ta'ala' Eta jajaka disiksa nepi ka nyaritakeun ngeunaan si pandita. 
Terus si pandita di datangkeun ka si raja. Si raja nyarita 'Geura balik ka 
agama 
anjeun nu baheula' Tapi si pandita teu daek. Terus raja nitah ngaragaji ti 
luhureun sirahna nepi ka awakna beulah jadi dua. Terus didatangkeun babaturan 
si 
raja 'Geura balik ka agama anjeun nu baheula' Tapi eta jalma teu daek, terus 
manehna diragaji ti sirahna nepi ka awakna beulah jadi dua. Terus didatangkeun 
oge si jajaka. si Raja nyarita ' Geura balik ka agama anjeun nu baheula' Tapi 
si 
jajaka nolak. Terus si raja masrahkeun si jajaka ka pangawalna pikeun dibawa ka 
gunung. Nepi ka puncak, raja nitah pangawalna ngaragragkeun si jajaka ti luhur 
gunung. Satepina di puncak, si jajaka ngadua 'Ya Alloh, hindarkeun kaula ti 
kajahatan maranehna saluyu jeung naon nu ku Anjeun dipikarido'. Terus eta 
gunung 
eundeur nepi ka si pangawal tinggorolong ti luhureun gunung.Sedengkeun si 
jajaka 
salamet terus datang ka raja. Raja hemeng jeung nanya'Naon anu geus dilakukan 
ku 
para pangawal kaula?' si Jajaka ngajawab 'Alloh ta'ala geus nyalametkeun kaula 
ti kajahatan maranehna' Eta pamuda ditewak deui, raja nyerahkeun si jajaka ka 
pangawalna nu lian terus dibawa ka luhur kapal jeung di rag-ragkeun 
ditengah-tengah lautan. Eta pasukan mawa si jajaka ka luhureun kapal. Satepina 
di kapal si jajaka ngadua 'Ya Alloh, salametkeun kaula ti kajahatan maranehna 
saluyu jeung nu ku Anjeun dipikarido' Terus eta kapal tibalik jeung sakabeh 
pasukan tilelep. Sedengkeun si jajaka salamet. Manehna balik deui nepungan si 
raja. Waktu nempo si jajaka, raja hemeng bari nanya 'Naon anu geus dilakukeun 
ku 
para pangawal kaula?'si Jajaka ngajawab 'Alloh ta'ala geus nyalametkeun kaula 
ti 
kajahatan maranehna' Terus eta jajaka nyarita ka si raja 'Saestuna anjeun moal 
bisa mateni kaula saacan anjeun nedunan pamenta kaula' raja nyarita 'naon anu 
ku 
anjeun dipikahayang? ' si jajaka ngajawab 'Anjeun kudu ngumpulkeun jalma loba 
di 
hiji lapang, terus anjeun salib kaula dina hiji tihang, terus cokot jamparing 
kaula jeung simpen dina gondewana, terus baca 'KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH, 
PANGERAN IEU JAJAKA' Terus leupaskeun eta jamparing ka kaula. Mun anjeun 
ngalakukeun eta, tinangtu anjeun bakal bisa mateni kaula' Ku ngadenge omongan 
si 
jajaka, raja ngumpulkeun jalma loba dihiji lapang jeung nyalib si jajaka dina 
tihang. Terus  nyokot jamparing jeung disimpen dina gondewana, terus 
manehna maca 'KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH, PANGERAN IEU JAJAKA'jeung dileupaskeun 
eta jamparing kana tarang si jajaka. Si jajaka nyekel tarangna terus perlaya. 
Dina mangsa eta, jalma-jalma anu nyaksian saur manuk nyarita'Kami ariman ka 
pangeran ieu jajaka' Saurang pangawal  nepikeun ieu beja ka  raja 
jeung nyarita '
nyarita 'Gusti, naon anu dipikasieun ku gusti taya gunana 
sabab jalma-jalma geus ariman'. Terus raja marentahkeun pikeun nyieun solokan 
anu gede di satiap parapatan jalan, di jerona dihurungkeun seuneu. Terus 
manehna 
marentahkeun pangawalna pikeun ngalungkeun saha wae anu teu daek balik ka 
agamana baheula ka eta solokan. Kacaritakeun saurang awewe jeung anakna anu 
masih leutik rek diasupkeun ka eta solokan. Tapi manehna ngarasa karunya ka 
anakna. Anakna nyarita'Ibu, sing sabar lantaran anjeun saestuna aya dina jalan 
anu bener" (shahih muslim, riyadhus sholihin bab sabar no 31)
 
"Mun nengetan riwayat si jajaka, jauh bedana jeung bom bunuh diri. Kahiji, 
sijajaka teu maehan maneh, tapi dipaehan ku jalma sejen. kadua, ku alatan si 
jajaka, jalma-jalma loba nu ariman, tapi bom bunuh diri ngabalukarkeun jalma 
luar islam boga persepsi negatif ka agama Islam. maranehna jadi boga persepsi 
yen Islam pinuh ku kekerasan. Jeung bom bunuh diri nu dilakukan salian mateni 
jalma kafir  oge mateni umat islam. Padahal hukumna haram pikeun mateni 
jalma anu muslim. 'JEUNG SINGSAHA NU MAEHAN SAURANG MUKMIN BARI DIHAJA, TANGTU 
WALESANANA JAHANNAM, MANEHNA LANGGENG DIJERONA, ALLOH MURKA KAMANEHNA, JEUNG 
NGALAKNAT SARTA NYADIAKEUN AZAB NU GEDE PIKEUN MANEHNA' (An Nisa 93)
 
 
 

"Enya aing ge satuju Di, mun  mateni jalma muslim kaasup dosa 
gede. Tapi pan ieu mah tujuanana oge maehan jalma kafir sakumaha parentah Alloh 
"...PAEHAN JALMA-JALMA MUSYRIKIN DIMANA WAE MARANEH PANGGIHAN.." (At Taubah 
ayat 
5)
 

"Teu bisa kitu kang, eta ayat memang bener parentah ti Alloh tapi 
ngalarapkeunana lain kitu. Dawuhan Rosululloh :' Singsaha anu maehan mu'ahad 
(jalma kafir anu kaiket ku perjanjian) henteu dina waktu/tempatna tangtu Alloh 
ngaharamkeun surga keur manehna ' (Sunan Abu Dawud no 2760 & Sunan An Nasai 
No 4761 ti Abu Bakrah radhiallohu 'anhu)
'JEUNG PERANGAN DI JALAN ALLOH 
JALMA-JALMA NU MERANGAN ANJEUN, TAPI ARANJEUN TONG NGALEUWIHAN WATES, LANTARAN 
SAESTUNA ALLOH TEU RESEP KA JALMA-JALMA ANU NGALEUWIHAN WATES' (Al Baqarah 
190)
DIna mangsa perang Urang teu meunang ngaleuwihan wates diantarana 
saperti nyacag mayit jalma kaafir, maehan awewe jeung budak leutik, ngaduruk 
tatangkalan jeung sajabana. Tah kukituna sanajan kafir, tapi lamun eta jalma 
teu 
milu icikibung dina merangan umat muslim teu meunang ku urang di 
perangan."
 
"Tapi pan eta jalma kafir teh datang ka nagri urang pikeun maksiat"
 
"Sanajan manehna datang ka nagri urang bari mawa karusakan akhlak tetep teu 
bisa dijadikeun alesan pikeun maehan maranehna. Lantaran maranehna asup ka 
nagri 
urang kalayan geus meunang izin ti pamarentah. Nu ku urang bisa dilakukeun ngan 
saukur mere nasehat ka pamarentah ngeunaan karusakan nu dibawa ku eta 
jalma-jalma kafir"
 

"Jadi Naha urang teu perlu ngalakukeun jihad?"
 
"Satiap Umat Muslim kudu yakin kana fardhuna Jihad, tapi Jihad kudu 
dilakukeun dumasar kana elamu, nyumponan kana syarat-syaratna, jeung salawasna 
ngalakukeun jihad bareng jeung waliyyul amri atawa amir. Mudah-mudahan urang 
bisa terus neleman elmu agama jeung ngamalkeunana sacara istikomah. 
Amin"Disclaimer   -   This  message  including any attachments and information 
contained
herein  ("Message" ) may contain  privileged information  or otherwise is 
protected
from  disclosure. Any  unauthorized use of this  Message  by any person may 
lead to
legal consequences.  If  you  receive this   Message  in error, or if the 
recipient
of this  Message  is not the intended recipient or the employee or agent 
authorized
for delivering this  Message to the intended recipient you are hereby notified 
that
any  disclosure,  dissemination, distribution  or copying of this Message or 
let or
cause this Message to be disclosed,dissemina ted, distributed, or copied is 
strictly
prohibited, and please notify the sender by  return message  and immediately 
delete
this  Message  from your system.   Incoming and outgoing  communications using 
this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by 
applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views 
expressed
in this Message  are those of the individual sender and may not necessarily 
reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.


      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke