Saluyu pisan akang, da kitu kedahna atuh.....Sagala rupi oge kedah sareng 
elmuna,

Salam,




________________________________
From: "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, November 11, 2008 4:34:36 PM
Subject: [Urang Sunda] bom bunuh diri


Disclaimer   -   This  message  including any attachments and information 
contained
herein  ("Message" ) may contain  privileged information  or otherwise is 
protected
from  disclosure. Any  unauthorized use of this  Message  by any person may 
lead to
legal consequences.  If  you  receive this   Message  in error, or if the 
recipient
of this  Message  is not the intended recipient or the employee or agent 
authorized
for delivering this  Message to the intended recipient you are hereby notified 
that
any  disclosure,  dissemination, distribution  or copying of this Message or 
let or
cause this Message to be disclosed,dissemina ted, distributed, or copied is 
strictly
prohibited, and please notify the sender by  return message  and immediately 
delete
this  Message  from your system.   Incoming and outgoing  communications using 
this
electronic mail may be monitored by PT Arutmin Indonesia,as permitted by 
applicable
law and regulations. Unless it is made by the authorized person,any views 
expressed
in this Message  are those of the individual sender and may not necessarily 
reflect
the views of PT Arutmin Indonesia.


"Di, Nu ngalakukauen bom bunuh diri teh geus di eksekusi. Eta ku kandelna Iman 
mah meuni luas ngalaksanakeun bom bunuh diri. Ku iman mah wawanen teh jadi 
sakitu ngagedurna, kuat ka tega maehan maneh ku bom syahid"

"Kang, sumanget atawa wawanen teu cukup pikeun ngajalankeun agama. Tapi kudu 
dibarengan ku elmu. Mun teu dibarengan ku elmu nu aya jadi salah kaprah. Tah 
ngeunaan bom-na nu maehna maneh, ayeuna urang balikkeun deui kana Qur'an, 
sunnah & atsar para sahabat. Naha geus saluyu atawa henteu."


"Tapi pan loba jalma-jalma nu nyebut maranehna teh syahid?"

"Kang urang teu wenang pikeun nyebut saha wae salaku syahid, sanajan eta jalma 
dipaehan kalayan zhalim atawa paeh lantaran melaan maneh atawa paeh di medan 
perang. Sakumaha diterangkeun ku Imam Bukhari dina shahihna dina 'bab teu 
meunang nyebut si anu syahid' sabab puserna kasaksian yen eta jalma syahid 
atawa henteu ayana dina hate jeung euweuh saurang oge nu nyaho kanu naon anu 
aya dina hate salian ti Alloh ta'ala"

"Tapi pan pernah Rosululloh nyebut sababaraha sahabatna syahid?"

"Rosululloh ngomong lain ngan saukur make hawa nafsuna tapi Rosululloh 
shallallohu 'alaihi wasallam nyarita dumasar kana wahyu anu ditarimana. Mun 
ANjeuna nyebutkeun salah saurang sahabatna syahid tangtu hal ieu dumasar kana 
wahyu anu ditarimana. Sakumaha hadits umar, dina hiji poe Anjeuna khutbah : 
'Aranjeun ngomong dina perang aranjeun yen si anu syahid jeung si anu paeh 
kalayan syahid, bisa wae manehna geus nindes tutumpakanana. Sakali-kali henteu, 
aranjeun tong ngomong siga kitu, Tapi sebut naon nu disebutkeun ku Rosululloh 
shallallohu 'alaihi wasallam,'Singsaha nu paeh di jalan Alloh manehna 
syahid'(Hadits riwayat Imam Ahmad)"

"Tapi Di, tanda-tanda yen maranehna syahid pan loba, waktu dikurebkeun langsung 
aya geledeg, pas datang layonna dipapag ku girimis, terus layonna ceunah 
seungit"

"Kang Tanda-tanda ieu teu bisa dijadikeun hujjah yen maranehna syahid. Nalika 
Aburrahman bin Muljim nyaeta nu nelasan pati Ali radiyallohu 'anhu dikaluarkeun 
pikeun di paehan. Abdullah bin ja'far rodiyallohu 'anhu neukteuk leungeun jeung 
sukuna. Ibnu Muljim teu ngomong atawa ngaharurung. Terus dua panonna di celak 
ku paku panas, manehna teu ngaharurung malah maca surat Al Alaq. Nalika letahna 
di teukteuk, Ibnu Muljim ngaharurung. Waktu ditanya 'Ku naon maneh ngaharurung? 
' Manehna ngajawab 'Aing teu resep nyanghareupan ajal di dunya bari teu dzikir 
ka Alloh' Jeung Ibnu Muljim jalma nu dina tarangna aya tapak sujud (Talbis 
Iblis, Ibnu jauziy). Jadi karomah siga naon wae teu bisa dijadikeun hujjah yen 
eta jalma aya dina jalan nu bener"


"Jadi kumaha hukumna Bom Bunuh diri teh?" 


"riwayat-riwayat nu datang ti Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam 
ngajalentrekeun yen maehan maneh ku alat naon wae mangrupakeun dosa nu gede 
disisi Alloh Azza wa Jalla. Di antarana sakumaha anu diriwayatkeun ku Abu 
Hurairah radhiyallohu 'anhu, nu nyarita :  Rosululloh shallallohu 'alaihi 
wasallam  ngadawuh :
'Singsaha anu maehan maneh ku beusi nu aya dina leungeunna, manehna bakal 
nubles beuteungna dina naraka jahannam anu langgeng, jeung dilanggengkeun 
salila-lilana. Jeung singsaha anu nginum racun terus maehan maneh ku jalan eta, 
manehna bakal nginum saeutik jeung saeutik di naraka jahannam nu langgeng jeung 
dilanggengkeun dijerona salila-lilana. Jeung singsaha nu maehan maneh ku cara 
ngaragragkeun maneh ti luhur gunung, manehna bakal diragrakeun ka naraka 
jahannam nu langgeng jeung dilanggengkeun dijerona salila-lilana' (Shahih 
Bukhari No 5778 & Shahih Muslim No 158)"

"Di riwayatkeun oge ti Abu Hurairah radhiyallohu 'anhu nu nyarita 
'Kami bareng jeung Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam dina perang Khaibar. 
Terus Anjeuna nyarita ka saurang jalma anu ngaku dirina muslim:"Jalma ieu ti 
ahli naraka" Nalika kajadian perang, eta jalma perang kalayan pinuh sumanget 
nepi ka tatu. Hal Ieu dicaritakeun ka Anjeuna :'Ya Rosulullah, nu ku ANjeun 
sebutkeun yen manehna ahli naraka, saestuna dina poe ieu ngilu perang terus 
palastra' Jawab Rosululloh  shallallohu 'alaihi wasallam :'Manehna Asup 
naraka'. Ampir sawareh manusa hamham (kana ucapan eta). Nalika maranehna dina 
kaayaan kitu,, terus aya nu ngawartakeun yen saacan eta jalma palastra ku tatu 
anu kacida parah. Mangsa peuting, manehna geus teu sabar terus maehan maneh. 
Terus hal ieu diwartakeun ka Rosululloh  shallallohu 'alaihi wasallam , terus 
Anjeuna nyarita :'Allohu akbar, kaula nyakseni yen saestuna kaula hamba Alloh 
jeung Rosul-Na'. Anjeuna marentahkeun Bilal ngagorowok di hareupeun manusa : 
'Saestuna henteu asup surga iwal ti jiwa
 nu muslim jeung saestuna Alloh nguatkeun ieu agama ku lalaki nu fajir' (Shohih 
Bukhari & Muslim)

"Nya Aing ge apal atuh Di ari maehan maneh mah kaasup dosa gede. Tapi pan ieu 
mah tujuanana pikeun ngabelaan agama. Pan sahabat ge pernah aya anu narabas ka 
barisan musuh nepi ka palastra jeung hal ieu dibenerkeun ku Rosululloh"

"riwayat-riwayat nu nerangkeun yen aya sababaraha urang sahabat nu narabas ka 
pasukan musuh memang shohih Kang. Tapi urang teu bisa nyaruakeun hal eta jeung 
bom bunuh diri. Diantarana :
1. Sahabat ngalakukeun hal eta dina kaayaan perang, sedengkeun nu dilakukeun ku 
nu ngalakukeun bom bunuh diri lain dina mangsa perang.
2. Nu narabas pasukan kuffar, najan saeutik boga peluang pikeun salamet, malah 
aya sababaraha riwayat yen sahabat nu narabas pasukan kuffar salamet sedengkeun 
nu ngabom sorangan euweuh peluang pikeun hirup"

"Terus kumaha riwayat nu nyebutkeuan aya hiji jajaka mukmin nu ngajarkeun ka 
raja kuffar kumaha carana supaya bisa maehan sijajaka. Lainna ieu sarua jeung 
sijajaka maehan maneh"

"Eta riwayat memang shahih kang.Lengkepna kieu:
Ti Suhaib rodiyallohu 'anhu, Rosululloh shallallohu 'alaihi wasallam 
ngadawuh,'di jaman baheula aya saurang raja nu boga saurang tukang sihir. 
Mangsa eta tukang sihir geus kolot, manehna nyarita ka rajana,'Saestuna kuring 
ayeuna geus kolot. Ku kituna, kuring menta ijin pikeun ngirimkeun saurang 
jajaka jeung kuring bakal ngajarkeun elmu sihir ka manehna' Raja eta terus 
ngirimkeun saurang jajaka pikeun diajar elmu sihir. Tapai di satengahing jalan, 
manehna paamprok jeung saurang pandita. terus eta jajaka eureun pikeun 
ngadengekun naon anu ditepikeun ku eta pandita. Ku sabab eta, manehna datang 
telat ka tempat tukang sihir. ku lantaran telat eta si jajaka di teunggeul. 
Terus manehna nepikeun hal ieu ka si pandita. Si pandita nyarita ka 
manehna,'Mun maneh sieun ka eta tukang sihir, bejakeun yen maneh ditahan ku 
kulawarga maneh. Jeung mun maneh sieun ka kulawarga maneh bejakeun yen maneh 
ditahan ku tukang sihir' Hiji poe, disatengahing jalan, manehna
 manggihan di tengah jalan hiji binatang nu kacida gedena, nu ngahalangan 
jalma-jalma sa kampung. Si jajaka nyarita'kaula bakal nyaho saha nu leuwih 
utama, naha si tukang sihir atawa si pandita?'
Terus si jajaka nyokot batu bari nyarita,'Ya Alloh mun ajaran pandita nu leuwih 
dipikaresep ku Anjeun, paehkeun ieu binatang anu kacida gedena supaya 
jalma-jalma bisa neruskeun lalampahanana' Terus manehna nenggorkeun eta batu 
jeung maehan eta binatang, ku lantaran eta jalma-jalma bisa neruskeun 
lalampahanana. Saanggeus eta, si jajaka ngadatangan pandita jeung nyaritakeun 
naon anu ku manehna kaalaman. Pandita nyarita ka manehna,'Anaking, anjeun 
leuwih utama tibatan kaula, lantaran anjeun geus nyaho kana sagala anu 
dipikanyaho ku kaula. Pikanyaho, engke anjeun bakal nyanghareupan hiji ujian. 
Tapi inget! Mun anjeun diuji, tong nyebut-nyebut ngaran kaula' Saanggeus eta, 
jajaka tadi bisa nyageurkeun jalma lolong, panyakit belang jeung 
panyakit-panyakit lianna.
Ieu beja sumebar, aya babaturan raja nyeri mata nepi ka lolong, jeung geus 
diusahakeun kamana-mana tapi teu cageur-cageur. Terus manehna datang ka 
sijajaka bari mawa mangrupa-rupa hadiah jeung nyarita'Mun anjeun bisa 
nyageurgeun kaula, kaula bakal nedunan sagala pamenta anjeun' Si jajaka 
ngajawab 'Saestuna kaula teu bisa nyageurkeun sasaha, tapi nu nyageurkeun 
anging Alloh ta'ala, kaula bakal ngadu'a ka Anjeuna supaya nyageurkeun panyakit 
anjeun'. Terus, eta jalma iman ka Alloh ta'ala jeung cageur panyakitna.
Eta jalma datang ka tempat raja jeung diuk bareng sakumaha biasana, terus si 
raja nanya ka manehna 'Saha nu nyageurkeun panon anjeun?' Manehna ngajawab 
'Pangeran kaula' Si raja nyarita 'Naha anjeun boga pangeran salian ti kaula?' 
Terus dijawab 'Pangeran kaula jeung pangeran anjeun ngan Alloh' Eta raja 
langsung nyiksa nepi ka eta jalma mere nyaho ngeunaan di jajaka. Terus si 
jajaka di sanghareupkeun ka si raja, nyarita si raja 'Anaking, sihir anjeun 
sakti pisan, bisa nyageurkun jalma lolong, panyakit belang jeung anjeun bisa 
ngalakukeun ieu jeung itu' Si jajaka ngajawab 'Saestuna nu bisa nyageurkeun 
ngan Alloh ta'ala' Eta jajaka disiksa nepi ka nyaritakeun ngeunaan si pandita. 
Terus si pandita di datangkeun ka si raja. Si raja nyarita 'Geura balik ka 
agama anjeun nu baheula' Tapi si pandita teu daek. Terus raja nitah ngaragaji 
ti luhureun sirahna nepi ka awakna beulah jadi dua. Terus didatangkeun 
babaturan si raja 'Geura balik ka agama anjeun nu baheula'
 Tapi eta jalma teu daek, terus manehna diragaji ti sirahna nepi ka awakna 
beulah jadi dua. Terus didatangkeun oge si jajaka. si Raja nyarita ' Geura 
balik ka agama anjeun nu baheula' Tapi si jajaka nolak. Terus si raja 
masrahkeun si jajaka ka pangawalna pikeun dibawa ka gunung. Nepi ka puncak, 
raja nitah pangawalna ngaragragkeun si jajaka ti luhur gunung. Satepina di 
puncak, si jajaka ngadua 'Ya Alloh, hindarkeun kaula ti kajahatan maranehna 
saluyu jeung naon nu ku Anjeun dipikarido'. Terus eta gunung eundeur nepi ka si 
pangawal tinggorolong ti luhureun gunung.Sedengkeun si jajaka salamet terus 
datang ka raja. Raja hemeng jeung nanya'Naon anu geus dilakukan ku para 
pangawal kaula?' si Jajaka ngajawab 'Alloh ta'ala geus nyalametkeun kaula ti 
kajahatan maranehna' Eta pamuda ditewak deui, raja nyerahkeun si jajaka ka 
pangawalna nu lian terus dibawa ka luhur kapal jeung di rag-ragkeun 
ditengah-tengah lautan. Eta pasukan mawa si jajaka ka luhureun kapal.
 Satepina di kapal si jajaka ngadua 'Ya Alloh, salametkeun kaula ti kajahatan 
maranehna saluyu jeung nu ku Anjeun dipikarido' Terus eta kapal tibalik jeung 
sakabeh pasukan tilelep. Sedengkeun si jajaka salamet. Manehna balik deui 
nepungan si raja. Waktu nempo si jajaka, raja hemeng bari nanya 'Naon anu geus 
dilakukeun ku para pangawal kaula?'si Jajaka ngajawab 'Alloh ta'ala geus 
nyalametkeun kaula ti kajahatan maranehna' Terus eta jajaka nyarita ka si raja 
'Saestuna anjeun moal bisa mateni kaula saacan anjeun nedunan pamenta kaula' 
raja nyarita 'naon anu ku anjeun dipikahayang? ' si jajaka ngajawab 'Anjeun 
kudu ngumpulkeun jalma loba di hiji lapang, terus anjeun salib kaula dina hiji 
tihang, terus cokot jamparing kaula jeung simpen dina gondewana, terus baca 
'KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH, PANGERAN IEU JAJAKA' Terus leupaskeun eta jamparing 
ka kaula. Mun anjeun ngalakukeun eta, tinangtu anjeun bakal bisa mateni kaula' 
Ku ngadenge omongan si jajaka, raja
 ngumpulkeun jalma loba dihiji lapang jeung nyalib si jajaka dina tihang. 
Terus  nyokot jamparing jeung disimpen dina gondewana, terus manehna maca 
'KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH, PANGERAN IEU JAJAKA'jeung dileupaskeun eta 
jamparing kana tarang si jajaka. Si jajaka nyekel tarangna terus perlaya. Dina 
mangsa eta, jalma-jalma anu nyaksian saur manuk nyarita'Kami ariman ka pangeran 
ieu jajaka' Saurang pangawal  nepikeun ieu beja ka  raja jeung nyarita '
nyarita 'Gusti, naon anu dipikasieun ku gusti taya gunana sabab jalma-jalma 
geus ariman'. Terus raja marentahkeun pikeun nyieun solokan anu gede di satiap 
parapatan jalan, di jerona dihurungkeun seuneu. Terus manehna marentahkeun 
pangawalna pikeun ngalungkeun saha wae anu teu daek balik ka agamana baheula ka 
eta solokan. Kacaritakeun saurang awewe jeung anakna anu masih leutik rek 
diasupkeun ka eta solokan. Tapi manehna ngarasa karunya ka anakna. Anakna 
nyarita'Ibu, sing sabar lantaran anjeun saestuna aya dina jalan anu bener" 
(shahih muslim, riyadhus sholihin bab sabar no 31)

"Mun nengetan riwayat si jajaka, jauh bedana jeung bom bunuh diri. Kahiji, 
sijajaka teu maehan maneh, tapi dipaehan ku jalma sejen. kadua, ku alatan si 
jajaka, jalma-jalma loba nu ariman, tapi bom bunuh diri ngabalukarkeun jalma 
luar islam boga persepsi negatif ka agama Islam. maranehna jadi boga persepsi 
yen Islam pinuh ku kekerasan. Jeung bom bunuh diri nu dilakukan salian mateni 
jalma kafir  oge mateni umat islam. Padahal hukumna haram pikeun mateni jalma 
anu muslim. 'JEUNG SINGSAHA NU MAEHAN SAURANG MUKMIN BARI DIHAJA, TANGTU 
WALESANANA JAHANNAM, MANEHNA LANGGENG DIJERONA, ALLOH MURKA KAMANEHNA, JEUNG 
NGALAKNAT SARTA NYADIAKEUN AZAB NU GEDE PIKEUN MANEHNA' (An Nisa 93)




"Enya aing ge satuju Di, mun  mateni jalma muslim kaasup dosa gede. Tapi pan 
ieu mah tujuanana oge maehan jalma kafir sakumaha parentah Alloh "...PAEHAN 
JALMA-JALMA MUSYRIKIN DIMANA WAE MARANEH PANGGIHAN.." (At Taubah ayat 5)


"Teu bisa kitu kang, eta ayat memang bener parentah ti Alloh tapi 
ngalarapkeunana lain kitu. Dawuhan Rosululloh :' Singsaha anu maehan mu'ahad 
(jalma kafir anu kaiket ku perjanjian) henteu dina waktu/tempatna tangtu Alloh 
ngaharamkeun surga keur manehna ' (Sunan Abu Dawud no 2760 & Sunan An Nasai No 
4761 ti Abu Bakrah radhiallohu 'anhu)
'JEUNG PERANGAN DI JALAN ALLOH JALMA-JALMA NU MERANGAN ANJEUN, TAPI ARANJEUN 
TONG NGALEUWIHAN WATES, LANTARAN SAESTUNA ALLOH TEU RESEP KA JALMA-JALMA ANU 
NGALEUWIHAN WATES' (Al Baqarah 190)
DIna mangsa perang Urang teu meunang ngaleuwihan wates diantarana saperti 
nyacag mayit jalma kaafir, maehan awewe jeung budak leutik, ngaduruk 
tatangkalan jeung sajabana. Tah kukituna sanajan kafir, tapi lamun eta jalma 
teu milu icikibung dina merangan umat muslim teu meunang ku urang di perangan."

"Tapi pan eta jalma kafir teh datang ka nagri urang pikeun maksiat"

"Sanajan manehna datang ka nagri urang bari mawa karusakan akhlak tetep teu 
bisa dijadikeun alesan pikeun maehan maranehna. Lantaran maranehna asup ka 
nagri urang kalayan geus meunang izin ti pamarentah. Nu ku urang bisa 
dilakukeun ngan saukur mere nasehat ka pamarentah ngeunaan karusakan nu dibawa 
ku eta jalma-jalma kafir"


"Jadi Naha urang teu perlu ngalakukeun jihad?"

"Satiap Umat Muslim kudu yakin kana fardhuna Jihad, tapi Jihad kudu dilakukeun 
dumasar kana elamu, nyumponan kana syarat-syaratna, jeung salawasna ngalakukeun 
jihad bareng jeung waliyyul amri atawa amir. Mudah-mudahan urang bisa terus 
neleman elmu agama jeung ngamalkeunana sacara istikomah. Amin" 


      

Kirim email ke