keur euweuh, gadag aya tulisan rada panjang, nya tamba heuay meuningan urang piceunan titik-titikna, da geuning di luar si rintik oge geus raat...
haha -- poe senen 17 nopember 2008 buh 6:49 bm, Amir Idris <[EMAIL PROTECTED]>nulis: Hatur nuhun, Ceu Wiwit anu Sholehah. masih emut ka Simkuring? kadang2 SMS, kadang Telp, kadang hadir dina impenan hehe... mugi2, Ceu Wiwit Sehat Wal afiat, geuning teu gampil milari pangalaman di lembur batur nya? Ceu....! Taun 1992 ngawitan makan papeda (sanes popeda di P.Buru mah). memang aneh eta tuangeun teh, siga aci keur ngelem kertas. ari rencangna tuangna teh Ikan seger (hirup keneh), nembe ditumbak ti wahai (walungan ageung, sanes agung), teras di keueum dina cuka, tah simkuring harita masih pangkat Letnan ditugaskeun ka P. Buru, di daerah Namrole, Pulau Buru beulah kidul. jadi tina Kapal gede kedah merapat ka Namrole pake parahu alit, atuh kena ombak besar teh ti jumpalik, tikelebuh di laut teh, jadi siga lauk. ngojay nuturkeun parahu terbalik dugi ka sisi pantai. Sakedik aya pangalaman simkuring di tawisan Janda.. ---- geus ah cape geuning, bari heuayna mah angger, malah tambah nataku. kop ka pamiarsa nu daek neraskeun, kuring mah rido pisan, wios teu dibagi royalti engkena ge. ihlas....... cag... heuayyyyy!!!! -- d-: dudi herlianto :-q ~nyoba ngilu ngabauan dunya~

