Kang Obay, sami tah jiga pangalaman Bah Abbas, kuma setting-na cenah. Cing kumaha baraya Sejenna. Ngarah gampang jawabanana, kumaha upama soalna pilihan ganda jiga kieu:
Baraya, nalika ngimpi ari salina cacarita make basa naon? A. Sunda B. Indonesia C. Asing D. Campuran Sunda, Indonesia, Asing E. Lain jawaban A, B, oge C Sok geura jarawab ah, urang toong nepi ka mana basa Sunda nyerep kana kahirupan urang sapopoe. Salam, mh On Mon, Nov 17, 2008 at 2:09 PM, sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang MH, > > Ngeunaan ngimpi, kuring mah gumantung kana setting-na. Lamun ngimpi > setting-na di lembur sok make basa Sunda. Kusabab kuring mah uclak-aclok > ngumbara, tah lamun ngimpi setting-na Surabaya misalna, sok make basa > Indonesia. Tah lamun suasana kantor sok make basa Inggris. > > Sigana setting ngimpi mah gumantung kana "common sense" alam sadar dina > ngalaman hirup rutinitas. Model urang lamun nyetir mobil ti imah ka tempat > gawe, najan bari ngalamun oge moal sasab. Tah kitu deui masalah ngimpi. Tapi > duka ketang da kuring mah lain tukang tapsir ngimpi. > > Pernah oge kuring dijero impian bingung sabab nu ngajak ngomong make basa > Cina... > > Obay > ~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~ > > > Posted by: "arif ramdlan" [EMAIL PROTECTED] riframadlans > Sun Nov 16, 2008 8:49 pm (PST) > > bahasa sunda pareum nalika lawan nyarita lain urang sunda > bahasa sunda pareum nalika dina sakumpulan jelema keur ngobrol aya nu lain > sunda,nya urang kudu ngahargaan, mereh manehna ngarti > bahasa sunda hirup, nalik urang balik ka lembur kumpul jeung sanak kulawarga > bahasa sunda hirup nalika urang papanggih jeung kolot urang nu teu bisa > bahasa indonesia... > > soal ngimpi, pasti pake bahasa sunda. da cenah waktos urang keur diajar > bahasa Inggrism ceuk guru di sakola, bakal lancar lamun geus bisa ngimpi pake > bahasa inggris. kungsi ngimpi pake bahasa inggris, tapi anggeur wae teu > bisa-bisa bahasa inggris teh... > heh eheh >

