bahasa sunda On lamun keur nyarekan batur...
eta bener pisan...

yeuh pangalaman didieu waktu di Aceh.
Hiji mangsa, saminggu sa enggeus tsunami di Aceh, pan loba relawan ka asup 
nu ti Bandung jeung rea rea deui, harita urang oge jadi relawan milu gabung 
jeung nu ti bogor.
hiji sore, ngadong ngahajakeun mandi di Lanud Iskandar Muda, pedah rada hese 
cai waktu eta teh, nya ngahajakeun make mobil ngabring ngadon mandi.

Nepi ka tempat mandi di Lanud, antri. Mangsa kabagean giliran, nya kuring mandi 
rada lila.
Naha atuh ari teh beut aya anu ngagedor panto kamar mandi. bari nyarekan laklak 
dasar.

"Hei jurig ! geuwat siah mandi teh!," ceuk sora ti luar

Gebeug ! eta urang ngarenjag aya nunyarekan kitu ti luar 

Pas rengse mandi, terus muka panto. eta aya jelema opatan ngarora keneh. make 
baju cap relawan Aceh..bari melong beungeut kuring, nu opatan eta teh ngomong, 
"Euh, awak leutik mandi siga gajah, aya ku lila," bari seseurian.
"Carekan wae lah da moal ngartien ieuh," cek baladna

Dikitu ku batur salembur nya urang moal eleh geleng, nya dibales wae, 
"Punten naha ari gajah sok mandi di kamar mandi anu ngangge panto? ceuk kuring
"Cik atuh silaingin teh, ulah kitu ka jelema teh. Silaing ulah, sangeunahna 
ngomong. Ari ayeuna mah di Aceh loba urang sunda," ceuk kuring

Rey, atuh mani beureum beungetna eta pamuda teh. Tuluy, nyolongkrong sasalaman.
"Aduh kang punten, manawi teh saneh uran sunda," cek anu nyarekan kuring teh. 
Bari ngenalkeun ceunah ti cimahi.

Harita, meuni puas asana teh ninggali jelema nu kitu teh. Era ku sorangan.
nya ari urang mah karunya wae, ka manehnya. basa rengse mandi, ku urang di ajak 
dahar kabeh tah nu nyarekan teh...puguh da harita hese neangan kadaharan di 
Aceh, masih darurat.

sugan, wae aya nu maca ieu tulisan urang, terus pernah ngadenge ieu pangalaman. 
Nya urang pisan nu ngalamanana....

ha hahahahha






      

Kirim email ke