Basa Sunda off : Indung VS Budak
Aya ibu-ibu nuju ngariung, garogonjakan hog-hag make basa Sunda. 
Hiji budak,nyampeurkeun ka indungna. Ditanya,"Ada apah sayang?"

Basa Sunda off : ningali dedegan & paroman. 
Aya nu nuju ngariung deui. Hiji pameget nyandak kantong rada ageung 
jiga tos nyaba. Semu leuseuh, milarian hiji alamat. Naros kanu 
ngariung ku basa Sunda, dijawab ku basa Sunda. Teu lami ti dinya aya 
sedan nyampeurkeun platna D. Kaca mobil dibukakeun…
"Punten bade tumaros, dupi bumina Bapa X palih mana nya?"
"Oh, sebelah sana, belok kiri, belok kanan. Ada rumah cat putih."

Basa Sunda on : ngomongkeun batur
Ngomongkeun kagorenganana seler sejen nu ngarti kana basa Sunda, mun 
make basa Indonesia mah pasti katohyan atuh…

Basa Sunda on : kabelejog.
Aya turis dina beus kota, ngaheurinan pedah mamawa ransel badag.
"Cing atuh euy nyisi, monyet bodas teh ngahalangan jalan bae!" ceuk 
hiji jajaka bari nyengir ka baturna. 
Teu lila turis turun…
"Punten, monyet bodas bade ngalangkung…"

Sapuk, ngimpi mah kumaha settingna, kumaha kasusna, kumaha 
pangalaman keur beurangna, kumaha pikiran (keur mikiran naon?)… ah, 
kumaha uing we atuh…heheh.

ro2

--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Obay, sami tah jiga pangalaman Bah Abbas, kuma setting-na 
cenah.
> 
> Cing kumaha baraya Sejenna. Ngarah gampang jawabanana, kumaha upama
> soalna pilihan ganda jiga kieu:
> 
> Baraya, nalika ngimpi ari salina cacarita make basa naon?
> 
> A. Sunda
> B. Indonesia
> C. Asing
> D. Campuran Sunda, Indonesia, Asing
> E. Lain jawaban A, B, oge C
> 
> Sok geura jarawab ah, urang toong nepi ka mana basa Sunda nyerep 
kana
> kahirupan urang sapopoe.
> 
> Salam,
> mh
> 
> 
> 
> On Mon, Nov 17, 2008 at 2:09 PM, sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Kang MH,
> >
> > Ngeunaan ngimpi, kuring mah gumantung kana setting-na. Lamun 
ngimpi setting-na di lembur sok make basa Sunda. Kusabab kuring mah 
uclak-aclok ngumbara, tah lamun ngimpi setting-na Surabaya misalna, 
sok make basa Indonesia. Tah lamun suasana kantor sok make basa 
Inggris.


Kirim email ke