Karunya teuing basa Sunda, nepi ka kudu kikeuan sagala :). Sok sanajan kitu, mangga, Mh oge nu sejenna, si kuring seja aub milu ngeusian survei: Nalika ngimpi, alhadulillah si kuring masih make basa Sunda.
manar On Sun, Nov 16, 2008 at 10:18 PM, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Obay, sami tah jiga pangalaman Bah Abbas, kuma setting-na cenah. > > Cing kumaha baraya Sejenna. Ngarah gampang jawabanana, kumaha upama > soalna pilihan ganda jiga kieu: > > Baraya, nalika ngimpi ari salina cacarita make basa naon? > > A. Sunda > B. Indonesia > C. Asing > D. Campuran Sunda, Indonesia, Asing > E. Lain jawaban A, B, oge C > > Sok geura jarawab ah, urang toong nepi ka mana basa Sunda nyerep kana > kahirupan urang sapopoe. > > Salam, > mh > > On Mon, Nov 17, 2008 at 2:09 PM, sobar hidayat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> Kang MH, >> >> Ngeunaan ngimpi, kuring mah gumantung kana setting-na. Lamun ngimpi >> setting-na di lembur sok make basa Sunda. Kusabab kuring mah uclak-aclok >> ngumbara, tah lamun ngimpi setting-na Surabaya misalna, sok make basa >> Indonesia. Tah lamun suasana kantor sok make basa Inggris. >> >> Sigana setting ngimpi mah gumantung kana "common sense" alam sadar dina >> ngalaman hirup rutinitas. Model urang lamun nyetir mobil ti imah ka tempat >> gawe, najan bari ngalamun oge moal sasab. Tah kitu deui masalah ngimpi. Tapi >> duka ketang da kuring mah lain tukang tapsir ngimpi. >> >> Pernah oge kuring dijero impian bingung sabab nu ngajak ngomong make basa >> Cina... >> >> Obay >> ~suling aing tulang maung, ditiup torotot heong..~ >> >> >> Posted by: "arif ramdlan" [EMAIL PROTECTED] riframadlans >> Sun Nov 16, 2008 8:49 pm (PST) >> >> bahasa sunda pareum nalika lawan nyarita lain urang sunda >> bahasa sunda pareum nalika dina sakumpulan jelema keur ngobrol aya nu lain >> sunda,nya urang kudu ngahargaan, mereh manehna ngarti >> bahasa sunda hirup, nalik urang balik ka lembur kumpul jeung sanak >> kulawarga >> bahasa sunda hirup nalika urang papanggih jeung kolot urang nu teu bisa >> bahasa indonesia... >> >> soal ngimpi, pasti pake bahasa sunda. da cenah waktos urang keur diajar >> bahasa Inggrism ceuk guru di sakola, bakal lancar lamun geus bisa ngimpi >> pake bahasa inggris. kungsi ngimpi pake bahasa inggris, tapi anggeur wae teu >> bisa-bisa bahasa inggris teh... >> heh eheh >> >

