Saminggu katukang kuring mayar pajeg kandaraan di Samsat Cimahi.
Teu kungsi sajam mayar pajeg teh geus anggeus.
Beda jeung taun kamari, ayeunana mah asa teu katingali Biro Jasa (Calo)
kukulamprengan asup karohangan patugas bari mamawa satumpuk map. Eta mereun
nu matak mayar pejeg bisa ganjang teh, da euweuh Biro Jasa (Calo) nu mamawa
satumpuk map ka rohangan patugas.

Dina LOKET KASIR na aya tulisan stiker " Awas bahaya laten Korupsi".
Ayeuna mah pas mayar teh, teu dibuleudkeun jumlah mayarna.

Papan ngaran LOKET geus digaranti kunu anyar, di handapna aya tulisan kelir
beureum "*Tanpa Dipungut Biaya*"
Tapi sabagean gede papan ngaran LOKET,  tulisan "*Tanpa dipungut Biaya*" na
dihalangan ku papan ngaran LOKET nu baheula, atuh teu ka baca eta tulisan
bereum teh. Nu teu dihalangan teh ngan dua LOKET, Pengambilan Formulir jeung
Penyerahan STNK & KTP.

Ari geus diganti kunu anyar mah, naha nu heubeulna masih keneh dipasangkeun
bari jeung nutupan tulisan *"Tanpa Dipungut Biaya"*, atawa ngahaja meh teu
kabaca.

EM,

Kirim email ke