euhh di surabaya mah mung 5 menit kang bayar pajeg KBM teh soalna tos aya samsat draip trhu, teras di lokasi Pasa plasa tos aya konterna deuih, janten sambil jalan jalan tiasa sambil mayar pajeg, kitu deui memperpanjang SIM di plasa plasa tos aya konterna, sareng mobil keliling.
----- Original Message ----- From: Ahmad Toha To: URANG SUNDA Sent: Monday, January 12, 2009 5:11 PM Subject: [Urang Sunda] Tanpa Dipungut Biaya Saminggu katukang kuring mayar pajeg kandaraan di Samsat Cimahi. Teu kungsi sajam mayar pajeg teh geus anggeus. Beda jeung taun kamari, ayeunana mah asa teu katingali Biro Jasa (Calo) kukulamprengan asup karohangan patugas bari mamawa satumpuk map. Eta mereun nu matak mayar pejeg bisa ganjang teh, da euweuh Biro Jasa (Calo) nu mamawa satumpuk map ka rohangan patugas. Dina LOKET KASIR na aya tulisan stiker " Awas bahaya laten Korupsi". Ayeuna mah pas mayar teh, teu dibuleudkeun jumlah mayarna. Papan ngaran LOKET geus digaranti kunu anyar, di handapna aya tulisan kelir beureum "Tanpa Dipungut Biaya" Tapi sabagean gede papan ngaran LOKET, tulisan "Tanpa dipungut Biaya" na dihalangan ku papan ngaran LOKET nu baheula, atuh teu ka baca eta tulisan bereum teh. Nu teu dihalangan teh ngan dua LOKET, Pengambilan Formulir jeung Penyerahan STNK & KTP. Ari geus diganti kunu anyar mah, naha nu heubeulna masih keneh dipasangkeun bari jeung nutupan tulisan "Tanpa Dipungut Biaya", atawa ngahaja meh teu kabaca. EM, ***************************************** Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat, Banten dan DKI Jakarta. Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00 s/d 8.00 se-Jabodetabek, Banten, Karawang dan Purwakarta. ***************************************** ***************************************** Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat, Banten dan DKI Jakarta. Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00 s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan Purwakarta *****************************************

