Tengah-tengah bulan Februari 2009, kuring ka Samsat deui.

Papan ngaran LOKET nu ngahalangan tulisan " Tanpa Dipungut Biaya " geus 
diperenan. Jadi ayeuna mah jelas katingali tulisan "Tanpa Dipungut Biaya " teh. 
Malah ayeuna mah di sadiakeun cai mineral ukuran gelas haratis.

Susu  ganan kahareupna bisa mayar sacara onlen siga mayar PBB.

EM,

--- In [email protected], "Ahmad Toha" <e...@...> wrote:
>
> Saminggu katukang kuring mayar pajeg kandaraan di Samsat Cimahi.
> Teu kungsi sajam mayar pajeg teh geus anggeus.
> Beda jeung taun kamari, ayeunana mah asa teu katingali Biro Jasa (Calo)
> kukulamprengan asup karohangan patugas bari mamawa satumpuk map. Eta mereun
> nu matak mayar pejeg bisa ganjang teh, da euweuh Biro Jasa (Calo) nu mamawa
> satumpuk map ka rohangan patugas.
> 
> Dina LOKET KASIR na aya tulisan stiker " Awas bahaya laten Korupsi".
> Ayeuna mah pas mayar teh, teu dibuleudkeun jumlah mayarna.
> 
> Papan ngaran LOKET geus digaranti kunu anyar, di handapna aya tulisan kelir
> beureum "*Tanpa Dipungut Biaya*"
> Tapi sabagean gede papan ngaran LOKET,  tulisan "*Tanpa dipungut Biaya*" na
> dihalangan ku papan ngaran LOKET nu baheula, atuh teu ka baca eta tulisan
> bereum teh. Nu teu dihalangan teh ngan dua LOKET, Pengambilan Formulir jeung
> Penyerahan STNK & KTP.
> 
> Ari geus diganti kunu anyar mah, naha nu heubeulna masih keneh dipasangkeun
> bari jeung nutupan tulisan *"Tanpa Dipungut Biaya"*, atawa ngahaja meh teu
> kabaca.
> 
> EM,
>


Kirim email ke