Kanggo wadya Bandung jeung sakitarna, tos tiasa mayar pajak mobil, di Outlet Samsat di BTC Mall, buka tiap hari ti mulai tabuh 9 enjing2 dugi ka 9 wengi. tapi eta khususon kanggo anu memperpanjang tahunan, pami anu gentos STNK, atanapi Mutasi, balik nama jeung nu sanesna, kedah ka kantor Samsat. Oge tiasa di Drive Thru Samsat Bandung Timur,,,, Insya Alloh kapayunna aya di sadayana SAMSAT.
-Bohay- 2009/3/9 Emod Morales <[email protected]> > Tengah-tengah bulan Februari 2009, kuring ka Samsat deui. > > Papan ngaran LOKET nu ngahalangan tulisan " Tanpa Dipungut Biaya " geus > diperenan. Jadi ayeuna mah jelas katingali tulisan "Tanpa Dipungut Biaya " > teh. Malah ayeuna mah di sadiakeun cai mineral ukuran gelas haratis. > > Susu ganan kahareupna bisa mayar sacara onlen siga mayar PBB. > > EM, > > > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Ahmad > Toha" <e...@...> wrote: > > > > Saminggu katukang kuring mayar pajeg kandaraan di Samsat Cimahi. > > Teu kungsi sajam mayar pajeg teh geus anggeus. > > Beda jeung taun kamari, ayeunana mah asa teu katingali Biro Jasa (Calo) > > kukulamprengan asup karohangan patugas bari mamawa satumpuk map. Eta > mereun > > nu matak mayar pejeg bisa ganjang teh, da euweuh Biro Jasa (Calo) nu > mamawa > > satumpuk map ka rohangan patugas. > > > > Dina LOKET KASIR na aya tulisan stiker " Awas bahaya laten Korupsi". > > Ayeuna mah pas mayar teh, teu dibuleudkeun jumlah mayarna. > > > > Papan ngaran LOKET geus digaranti kunu anyar, di handapna aya tulisan > kelir > > beureum "*Tanpa Dipungut Biaya*" > > Tapi sabagean gede papan ngaran LOKET, tulisan "*Tanpa dipungut Biaya*" > na > > dihalangan ku papan ngaran LOKET nu baheula, atuh teu ka baca eta tulisan > > bereum teh. Nu teu dihalangan teh ngan dua LOKET, Pengambilan Formulir > jeung > > Penyerahan STNK & KTP. > > > > Ari geus diganti kunu anyar mah, naha nu heubeulna masih keneh > dipasangkeun > > bari jeung nutupan tulisan *"Tanpa Dipungut Biaya"*, atawa ngahaja meh > teu > > kabaca. > > > > EM, > > > > >

