Nyobian mayar Pajeg teh di BTC tadi mah, pedah di Samsat Bandung Brt jam 8 teh 
pagegelek pisan.  Jam 9 para patugas tos araya, ngan petugas Bank jarebulna jam 
9.30. Tapi enyaan tos rengse bebenah mah, langsung dipanggil kanggo mayar. Ukur 
memenitan beres

Reka "Bohay" wrote: 
>             Kanggo wadya Bandung jeung sakitarna, tos tiasa mayar pajak 
> mobil, di Outlet Samsat di BTC Mall, buka tiap hari ti mulai tabuh 9 enjing2 
> dugi ka 9 wengi. tapi eta khususon kanggo anu memperpanjang tahunan, pami anu 
> gentos STNK, atanapi Mutasi, balik nama jeung nu sanesna, kedah ka kantor 
> Samsat. 
> Oge tiasa di Drive Thru Samsat Bandung Timur,,,, Insya Alloh kapayunna aya di 
> sadayana SAMSAT. -Bohay- 2009/3/9 Emod Morales < emod_morales@ yahoo.co. id > 
>             Tengah-tengah bulan Februari 2009, kuring ka Samsat deui. 
> Papan ngaran LOKET nu ngahalangan tulisan " Tanpa Dipungut Biaya " geus 
> diperenan. Jadi ayeuna mah jelas katingali tulisan "Tanpa Dipungut Biaya " 
> teh. Malah ayeuna mah di sadiakeun cai mineral ukuran gelas haratis. 
> Susu  ganan kahareupna bisa mayar sacara onlen siga mayar PBB. 
> EM, 
> --- In urangsu...@yahoogro ups.com , "Ahmad Toha" <e...@...> wrote: 
>> 
>> Saminggu katukang kuring mayar pajeg kandaraan di Samsat Cimahi. 
>> Teu kungsi sajam mayar pajeg teh geus anggeus. 
>> Beda jeung taun kamari, ayeunana mah asa teu katingali Biro Jasa (Calo) 
>> kukulamprengan asup karohangan patugas bari mamawa satumpuk map. Eta mereun 
>> nu matak mayar pejeg bisa ganjang teh, da euweuh Biro Jasa (Calo) nu mamawa 
>> satumpuk map ka rohangan patugas. 
>> 
>> Dina LOKET KASIR na aya tulisan stiker " Awas bahaya laten Korupsi". 
>> Ayeuna mah pas mayar teh, teu dibuleudkeun jumlah mayarna. 
>> 
>> Papan ngaran LOKET geus digaranti kunu anyar, di handapna aya tulisan kelir 
>> beureum "*Tanpa Dipungut Biaya*" 
>> Tapi sabagean gede papan ngaran LOKET,  tulisan "*Tanpa dipungut Biaya*" na 
>> dihalangan ku papan ngaran LOKET nu baheula, atuh teu ka baca eta tulisan 
>> bereum teh. Nu teu dihalangan teh ngan dua LOKET, Pengambilan Formulir jeung 
>> Penyerahan STNK & KTP. 
>> 
>> Ari geus diganti kunu anyar mah, naha nu heubeulna masih keneh dipasangkeun 
>> bari jeung nutupan tulisan *"Tanpa Dipungut Biaya"*, atawa ngahaja meh teu 
>> kabaca. 
>> 
>> EM, 
>> 
>      



      
___________________________________________________________________________
Dapatkan alamat Email baru Anda!
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke