> irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote: > aya deui anu matak kataji tina ieu filem teh, nyaeta omongan Jamal > anu : > "Jika bukan karena Allah dan Rama, tentu aku masih mempunyai ibu".
Kang Irpan, sabenerna aya dua Pelem nu settingna budaya India, sarua dijieun ku sutradara Inggris, dua-duana jadi Pelem nu meunang Oscar. Nu kahiji Pelem "Gandhi", nu kadua Pelem "Slumdog Milonare" ieu. Di dua pelem ieu, perkara paseana "Hindu jeung Islam" tetep mucunghul. Mahatma Gandhi, hiji tokoh dunya, nu nyebarkeun faham "anti kekerasan" ka sakuliah Dunya, akhirna maot ditembak Hindhu fanatik, kulantaran Gandhi melaan urang Islam nu ditandasa ku urang Hindhu. Ceuk Gandhi, kuring urang HIndhu, tapi di kuil kuring maca Al Qur'an. Aya adegan dina pelem Gandhi nu kuring inget keneh tepi ka ayeuna, moal poho-poho. Di hiji kota (lamun teu salah Bombay, Mumbay ayeuna) aya karusuhan gede, urang Islam silih paehan jeung urang Hindhu. Pamarentah India, nu anyar keneh meunang kakawasaan ti Inggris, kawalahan. Gandhi hayang ngeureunkeun karusuhan ieu, ku jalan PUASA tepika karusuhan eta eureun. Puasana nya ditempat karusuhan eta. Bari ngagoler di pasarean, Gandhi puasa ngan ukur nginum. Keur kitu aya urang Hindhu bari ngamang-ngamang bedog, ngambek ka Gandhi. Terus dialog jeung Gandhi nu kira-kira kieu (Gandhi disebut Babu ku urang India). "Babu, eureunkeun puasa teh, kuring moal eureun maehan urang Islam, anak kuring dipaehan ku maranehna", ceuk urang Hindu teh. "Euh arek balas dendam, aya carana atuh", ceuk Gandhi leuleuy "Carana kumaha?!", cenah bari nyentak. "Teangan budak urang Islam nu geus maot indung bapana!" "Terus?" "Piara ku anjeun, jeung didik budak eta teh jadi jalma Muslim!" Guprak bedog si Urang Hindhu murag, manehna ngarampohpoy diuk andiprek, nyuuh ka Gandhi bari ceurik ... (Waktu nempo adegan eta, terus terang kuring ngilu nyusut cimata). Gandhi, manusa luar biasa hanjakal anjeunna gagal, tetep teu bisa ngadamaikeun Hindhu jeung Islam, buktina adegan pasea Hindu vs Islam, masih mucunghul dina pelem "Slumdog" ....... Baktosna, WALUYA

