Kamuflase nu baramaen di Jakarta langkung canggih..teu kedah nyiksa maneh
siga nu cacat...tapi nagnngo akal.....panangan disumputkeun rapih..siga anu
buntung sabeulah..Kitu deui suku dilipet..terus make sarung jeung tongkat
sapasang.....panon di popokan teuing naon...katingalina siga nu ceor..Anu
ningali pikageuleuheun mah nyaeta anu ngarekayasa tatu (luka) siga
borok..euceuy .baseuh....digembrong laleur deuih..padahal eta teh
buatan....janten Panipuan belas kasihan.....jelas2 palsu....

On 4/2/09, waluya2006 <[email protected]> wrote:
>
>   > trias santosa <triassant...@...> wrote:
> > Hentu nepi ka kitu sugan di Indonesia mah. Ngan aya oge korban nu >
> samodel kitu, bayi bisa disewakeun/diinjeum, dijadikeun alat keur >
> mengemis, ngarah aka kesan ngahelas, karunya ka bayina, kapoe,
> > kaanginan, kakebulan sakapeung kahujanan.
>
> Kang TS, di Indonesia oge "dicurigai" praktek saperti di Pelem "mIlyoner
> Anjing Budug" teh aya. Barudak nu menta-menta di stasiun Gambir atawa
> Jatinegara "dicurigai" sabenerna budak meunang nyulikan ti kulawarga anu teu
> mampu. Nu nyulik jadi "boss", nungguan setoran ti barudak leutik ieu.
> LSM-LSM nu gerak dina widang budak jalanan tarerangeun kana kasus-kasus
> samodel kieu. Di Bandung aya rumor sababaraha taun katukang, nu jajaluk di
> parapatan Sulanjana - Dago cenah didrop dimobilan make mobil buntung. Tapi
> ukur rumor, kuring sorangan acan ningali.
>
> > Na pilem SDM Aya adegan, lanceukna Jamal Malik, poho deui ngarana,
> > samemeh ngalakukeun kajahatan, sholat heula, naon maksudna?
>
> Lamun teu lepat lanceukna Jamal (sanes MJ ...hehehe) sholat, waktu manehna
> rek nembak bossna kitu, ngalindungi kabogoh adina. Hilap deui DVD bajakanana
> leungit ...hehehe
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke