bah, film bajakan mah beda eusina geura. Anu kuring mah meunang metik ti indowebster.com
Baktos Tantan 2009/4/2 waluya2006 <[email protected]> > > irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote: > > aya deui anu matak kataji tina ieu filem teh, nyaeta omongan Jamal > > anu : > > "Jika bukan karena Allah dan Rama, tentu aku masih mempunyai ibu". > > Kang Irpan, sabenerna aya dua Pelem nu settingna budaya India, sarua > dijieun ku sutradara Inggris, dua-duana jadi Pelem nu meunang Oscar. Nu > kahiji Pelem "Gandhi", nu kadua Pelem "Slumdog Milonare" ieu. Di dua pelem > ieu, perkara paseana "Hindu jeung Islam" tetep mucunghul. > > Mahatma Gandhi, hiji tokoh dunya, nu nyebarkeun faham "anti kekerasan" ka > sakuliah Dunya, akhirna maot ditembak Hindhu fanatik, kulantaran Gandhi > melaan urang Islam nu ditandasa ku urang Hindhu. Ceuk Gandhi, kuring urang > HIndhu, tapi di kuil kuring maca Al Qur'an. Aya adegan dina pelem Gandhi nu > kuring inget keneh tepi ka ayeuna, moal poho-poho. > > Di hiji kota (lamun teu salah Bombay, Mumbay ayeuna) aya karusuhan gede, > urang Islam silih paehan jeung urang Hindhu. Pamarentah India, nu anyar > keneh meunang kakawasaan ti Inggris, kawalahan. Gandhi hayang ngeureunkeun > karusuhan ieu, ku jalan PUASA tepika karusuhan eta eureun. Puasana nya > ditempat karusuhan eta. > > Bari ngagoler di pasarean, Gandhi puasa ngan ukur nginum. Keur kitu aya > urang Hindhu bari ngamang-ngamang bedog, ngambek ka Gandhi. Terus dialog > jeung Gandhi nu kira-kira kieu (Gandhi disebut Babu ku urang India). > > "Babu, eureunkeun puasa teh, kuring moal eureun maehan urang Islam, anak > kuring dipaehan ku maranehna", ceuk urang Hindu teh. > > "Euh arek balas dendam, aya carana atuh", ceuk Gandhi leuleuy > > "Carana kumaha?!", cenah bari nyentak. > > "Teangan budak urang Islam nu geus maot indung bapana!" > > "Terus?" > > "Piara ku anjeun, jeung didik budak eta teh jadi jalma Muslim!" > > Guprak bedog si Urang Hindhu murag, manehna ngarampohpoy diuk andiprek, > nyuuh ka Gandhi bari ceurik ... (Waktu nempo adegan eta, terus terang kuring > ngilu nyusut cimata). > > Gandhi, manusa luar biasa hanjakal anjeunna gagal, tetep teu bisa > ngadamaikeun Hindhu jeung Islam, buktina adegan pasea Hindu vs Islam, masih > mucunghul dina pelem "Slumdog" ....... > > Baktosna, > WALUYA > > > -- tantan hermansah | SM 1270 I 0818 800 528 I Untuk Kebebasan dan Kebahagiaan I Bogor

