> trias santosa <triassant...@...> wrote:
> Hentu nepi ka kitu sugan di Indonesia mah. Ngan aya oge korban nu > samodel 
> kitu, bayi bisa disewakeun/diinjeum, dijadikeun alat keur > mengemis, ngarah 
> aka kesan ngahelas, karunya ka bayina, kapoe, 
> kaanginan, kakebulan sakapeung kahujanan.

Kang TS, di Indonesia oge "dicurigai" praktek saperti di  Pelem "mIlyoner 
Anjing Budug" teh aya. Barudak nu menta-menta di stasiun Gambir atawa 
Jatinegara "dicurigai" sabenerna budak meunang nyulikan ti kulawarga anu teu 
mampu. Nu nyulik jadi "boss", nungguan setoran ti barudak leutik ieu. LSM-LSM 
nu gerak dina widang budak jalanan tarerangeun kana kasus-kasus samodel kieu. 
Di Bandung aya rumor sababaraha taun katukang, nu jajaluk di parapatan 
Sulanjana - Dago cenah didrop dimobilan make mobil buntung. Tapi ukur rumor, 
kuring sorangan acan ningali.

> Na pilem SDM Aya adegan, lanceukna Jamal Malik, poho deui ngarana, 
> samemeh ngalakukeun kajahatan, sholat heula, naon maksudna?

Lamun teu lepat lanceukna Jamal (sanes MJ ...hehehe) sholat, waktu manehna rek 
nembak bossna kitu, ngalindungi kabogoh adina. Hilap deui DVD bajakanana 
leungit ...hehehe

Baktosna,
WALUYA

Kirim email ke