mun teu salah, warung padang teh boga standar oge siga hotel.
hotel melati, bintang hiji nepi ka bintang lima.

misalna, warung nasi padang kelas bintang hiji, lamun dahar jeung hayam goreng, hargana 10.000,- lamun warung kelas bintang lima, nya tangtu mahal, sanajan sarua warung nasi padang.

warung nasi sunda oge sarua, warung nasi sunda biasa, ampera, jeung restoran masakan sunda, tangtu hargana beda, sanajan sarung papada mesen semur jengkol.

ari harita basa kabelejog tea, Mang Hasan dahar dikota mana, diwarung nu siga kumaha?

mh wrote:


ieu pangalaman pribadi nya.
terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok jadi pilihan teh, warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna? kusabab hargana warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog. beda misalna upama di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog, hargana ampun pisan.
ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja, oge surabaya.
(mh)

2009/4/20 waluya2006 <[email protected] <mailto:waluya2006%40yahoo.co.id>>:
>> Kang Iman <firman.raha...@...> wrote:
>> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
>> geus baleunghar kitu ?
>
> Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala amrik atawa ala sunda oge. Restoran tradisional (baca: Sunda) ayeuna konsumenna kelas menengah, jadi hargana ge lumayan mahal. Di Bandung aya resto-resto Sunda nu jadi tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan resto-resto warabala Amrik nu konsumenna rata-rata budak leutik atawa ABG ...
>
> Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di jakarta. Urang Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi goreng nu didorong-dorong ....
>
> Baktosna,
> WALUYA
>
>
>
> ------------------------------------
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id <http://www.Urang-Sunda.or.id>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>



Kirim email ke