jigana mah hal nu jiga kieu teh, bisa jadi bahan garapan pikeun LSM
jeung sajabana. atawa bisa oge jadi garapan program gawe baraya
kusnet. misalna sacara berkala ngayakeun penyuluhan ka pedagang
golongan menengah ka handap perkara perluna ngabalitungkeun
kapentingan konsumen di sagigireun usaha neangan untung. jigana bisa
diayakeun gawe bareng jeung instansi nu pakait. noong beja koran
anyar-anyar ieu, loba pisan nu dagang "gelo": aya abon rasa babi, aya
gorengan rasa plastik, aya roti bulukan disulap deui, jeung sajabana.

(mh)

2009/4/21 irpan rispandi <[email protected]>:
>
>
> ehm.... 'nyakeudeung' teh naon kang? he..he..he...
>
> heueuh nya baraya, lamun urang rek ngadegkeun nasionalismeu teh aya ku hese
> beleke. Urang gede sumanget keur nasionalismeu, lingkungan urang teu
> ngadukung, atuh bolay deui. he..he..he...
>
> heueuh dina hal kadaharan oge, urang hayang nasionalismeu, dahar di warung
> tradisional, tapi anu dagangna teu boga cedo, make jeung nekuk ka nu meuli.
> atuh dikitukeun konsumen teu ngeunah, ahirna milih anu standar, warung luar
> negri, kajeun duitna dibawa ka luar negri oge.
> jadi hayang ngadek, tapi teu nyaho saha nu kudu di kadek, zionis atawa
> tukang warung anu mahal he..he..he...
>
> Moch Dachman Maman wrote:
>
> Urusan eusi peujit, pernah dicukcruk ku wartawan Kompas, anu kasimpulanana,
> upama susah neangan tempat dahar di jalan antara Jkt nepi ka Srby, tuturkeun
> we cenah tempat mangkalna supir treuk, biasana murah-ngeunah, nu ulah
> diturutan teh nyakeudeungna
>
> H Surtiwa wrote:
>> Leres kang eta oge Warung Jawa atanapi Bali oge kade sok kabelejog. Di
>> Lawang antawis Malang sareng Porong aya Warung Jawa...goreng babat, empal,
>> goreng usus ararageung ..sok kop habek wae didikat..Pas mayar sapotong sami
>> wae sareng harga Resto Kota. Mun di bali antawis Denpasar sareng Gilimanuk
>> sakitar Nagara aya warung Muslim...wah katuangan saderhana pisan....tapi pas
>> mayar saurang rata2 60 rebong....
>> On 4/20/09, mh < khs...@gmail. com > wrote:
>> ieu pangalaman pribadi nya.
>> terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok jadi pilihan
>> teh,
>> warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna? kusabab
>> hargana
>> warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog. beda misalna
>> upama
>> di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog, hargana ampun
>> pisan.
>> ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja, oge surabaya.
>> (mh)
>> 2009/4/20 waluya2006 < waluya2...@yahoo. co.id >:
>>>> Kang Iman <firman.raharja@ ...> wrote:
>>>> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
>>>> geus baleunghar kitu ?
>>>
>>> Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala amrik atawa ala
>>> sunda oge. Restoran tradisional (baca: Sunda) ayeuna konsumenna kelas
>>> menengah, jadi hargana ge lumayan mahal. Di Bandung aya resto-resto Sunda nu
>>> jadi tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan resto-resto warabala Amrik nu
>>> konsumenna rata-rata budak leutik atawa ABG ...
>>>
>>> Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di jakarta. Urang
>>> Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi goreng nu didorong-dorong ....
>>>
>>> Baktosna,
>>> WALUYA
>>>
>>>
>>>
>>> ------------ --------- --------- ------
>>>
>>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang- Sunda.or. id
>>> Yahoo! Groups Links
>>>
>>>
>>>
>>>
>
>
>
> 

Kirim email ke