> irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote: > mun teu salah, warung padang teh boga standar oge siga hotel. > hotel melati, bintang hiji nepi ka bintang lima.
Enya, ngan rumah makan padang di tempat beus eureun mah tara standar, hargana teu puguh. Baheula sok bulak-balik ka jakarta ti bandung make beus make jalur puncak. Pangeureunan beus teh Rumah makan Padang "Roda". Kungsi kuring nyobaan dahar nu sarua (sop buntut) meunang tilu kali dina jero 2 minggu. Na da mayarna teh beda-beda, padahal nu didaharna eta-eta keneh .... Bon rumah makan padang oge sakapeung teu laku, lamun rek dimenta ganti duitna ka pausahaan, sanajan sabenerna jauh leuwih murah tinimbang di resto gede. Da eta bonna curat-coret teu puguh .... Baktosna, WALUYA

