ehm.... 'nyakeudeung' teh naon kang? he..he..he...
heueuh nya baraya, lamun urang rek ngadegkeun nasionalismeu teh aya ku
hese beleke. Urang gede sumanget keur nasionalismeu, lingkungan urang
teu ngadukung, atuh bolay deui. he..he..he...
heueuh dina hal kadaharan oge, urang hayang nasionalismeu, dahar di
warung tradisional, tapi anu dagangna teu boga cedo, make jeung nekuk ka
nu meuli. atuh dikitukeun konsumen teu ngeunah, ahirna milih anu
standar, warung luar negri, kajeun duitna dibawa ka luar negri oge.
jadi hayang ngadek, tapi teu nyaho saha nu kudu di kadek, zionis atawa
tukang warung anu mahal he..he..he...
Moch Dachman Maman wrote:
Urusan eusi peujit, pernah dicukcruk ku wartawan Kompas, anu
kasimpulanana, upama susah neangan tempat dahar di jalan antara Jkt
nepi ka Srby, tuturkeun we cenah tempat mangkalna supir treuk, biasana
murah-ngeunah, nu ulah diturutan teh nyakeudeungna
H Surtiwa wrote:
> Leres kang eta oge Warung Jawa atanapi Bali oge kade sok kabelejog.
Di Lawang antawis Malang sareng Porong aya Warung Jawa...goreng babat,
empal, goreng usus ararageung ..sok kop habek wae didikat..Pas mayar
sapotong sami wae sareng harga Resto Kota. Mun di bali antawis
Denpasar sareng Gilimanuk sakitar Nagara aya warung Muslim...wah
katuangan saderhana pisan....tapi pas mayar saurang rata2 60 rebong....
> On 4/20/09, mh < khs...@gmail. com > wrote:
> ieu pangalaman pribadi nya.
> terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok jadi
pilihan teh,
> warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna? kusabab
hargana
> warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog. beda
misalna upama
> di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog, hargana
ampun pisan.
> ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja, oge
surabaya.
> (mh)
> 2009/4/20 waluya2006 < waluya2...@yahoo. co.id >:
>>> Kang Iman <firman.raharja@ ...> wrote:
>>> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?!
>>> geus baleunghar kitu ?
>>
>> Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala amrik
atawa ala sunda oge. Restoran tradisional (baca: Sunda) ayeuna
konsumenna kelas menengah, jadi hargana ge lumayan mahal. Di Bandung
aya resto-resto Sunda nu jadi tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan
resto-resto warabala Amrik nu konsumenna rata-rata budak leutik atawa
ABG ...
>>
>> Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di jakarta.
Urang Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi goreng nu
didorong-dorong ....
>>
>> Baktosna,
>> WALUYA
>>
>>
>>
>> ------------ --------- --------- ------
>>
>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang- Sunda.or. id
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>