Hayang ngilu ngobrol... :D Kadang butuh euy tempat dahar jiga Mek Di teh, atawa fast food sejenna. Contona kamari keur di Bali, kuring rada hese neangan kadaharan anu halal. Nya daripada hariwang, asup weh ka Mek Di, soalna geus aya standar halal.
Oge di jabar jeung jakarta, supplier daging hayam jang ka Mek Di teh pasantren nu boga usaha di widang peternakan. Bareto mah supplierna teh di daerah cihaurbeuti Tasik, teuing naon ngaran pasantrenna. Si Mek Di sanggup mere harga "premium" ka peternak. -Bohay- 2009/4/20 mh <[email protected]> > > > ieu pangalaman pribadi nya. > terus terang upama keur indit-inditan, kapaksa warung nu sok jadi pilihan > teh, > warung waralaba, jiga mc.d jeung nu lianna. naon masalahna? kusabab hargana > warung jiga kitu mah standar dimana-mana, moal kabelejog. beda misalna > upama > di perjalanan milih model warteg, sok mindeng kabelejog, hargana ampun > pisan. > ieu teh pangalaman di sababaraha kota, boh jakarta, jogja, oge surabaya. > (mh) > > 2009/4/20 waluya2006 <[email protected] <waluya2006%40yahoo.co.id>>: > > >> Kang Iman <firman.raha...@...> wrote: > >> Tapi naha lamun warung sunda mah sok mahal nya ?! > >> geus baleunghar kitu ? > > > > Da bahanna mah tetep we mahal ...hehehe, bade dipasak ala amrik atawa ala > sunda oge. Restoran tradisional (baca: Sunda) ayeuna konsumenna kelas > menengah, jadi hargana ge lumayan mahal. Di Bandung aya resto-resto Sunda nu > jadi tempat bergengsi, jauh ngaleuwihan resto-resto warabala Amrik nu > konsumenna rata-rata budak leutik atawa ABG ... > > > > Nu aneh di Bandung Warteg teu pati laku, beda jeung di jakarta. Urang > Tegal di Bandung biasana jaradi tukang nasi goreng nu didorong-dorong .... > > > > Baktosna, > > WALUYA > > > > > > > > ------------------------------------ > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > >

