"HABIBAT NU TEPAT" panginten maksadna "HABITAT NU TEPAT"
--- In [email protected], H Surtiwa <surt...@...> wrote: > > Memang narik wawancara ka jelema anu ngalaknan. Tah didieu beda anu boga > lalakon anu nganalisa fakta..ngorelasikeun kana kajadian2..nyatet dimana > habitat operasi...saha wae palindung tempat panumputan...diajar kana modus > operandi..nalungtik SOP tukang ngebom...nganalisa kacanggihan rangkaian > bom..jeung taktik jeung strategi organisasi teroris anu sistim na siga na > leuwih canggih tina sistim komando militer..para martir cenah ngan kudu > nyaho kmaha on kumaha off. teu kudu nyaho nu sejenna. hal sejen aya nu > ngurus. Ari para pengamat jeung peneliti teoris mere komentar tina > tiori..refrensi bacaan..beja..can pernah wawancara jeung teroris...komo > nyaho kapribadiannamah..motivasi sok dihubungkeun kana ideologi > organisasina..Anehna eta ara pangamat atwa panaliti teh jauh ngarasa leuwih > pinter tinu ngalakonan....tah ieu dunya...komo mun tos campur pulitik mah.. > > 2009/7/22 waluya56 <waluy...@...> > > > > > > > Peuting dina TVone aya wawancara ekslusip jeung mantan alias urut Komandan > > Densus 88, Brigjen Pol (Purn) Suryadarma Salim. Sang jenderal salila 6 taun > > ngomandanan pasukan khusus anti teror pulisi. Cenah manehna kakara ayeuna > > bisa diwawancara ku media, sanggeusna pangsiun. Sang jendral nu dedeg > > pangadegna jangkung badag, nyariosna parondok jeung tegas. Hiji ciri khas nu > > nunjukkeun manehna jalma lapangan nu biasana teu pati bisa nyarita panjang > > lebar. > > > > Hanjakal pisan waktu lalajo, listrik pareum aya 15 menitna, geus kitu > > siaran TVonena sorangan nu masalah, pegat-pegat. Tapi sanajan kitu aya nu > > narik dina wawancara ieu. Ceuk Sang jenderal, Indonesia geus asup sasaran > > teroris internasional Al Qaeda. Nurdin M. Top urang Malaysia, sabenerna > > pupuhu Al Qaeda Asia Timur (Tapi ceuk Al Haidar mah lain, dina wawancara > > saentasna acara wawancara jeung sang jenderal). > > > > Pamadegan Sang Jenderal ieu dikuatkeun ku kanyataan nu diwartakeun ku koran > > Kompas poe ieu: Geus sababaraha bulan katukang, Indonesia diriweuhkeun ku > > datangna rewuan imigran "gelap" nu asalna ti Afghanistan jeung Pakistan. > > Bisa wae diantara imigran gelap teh aya teroris Al Qaeda. Ditambah deuih ku > > kanyataan dana waktu Bom Marriot I di taun 2003, dimodalan ti Pakistan, > > ngaliwatan Gun Gun, nu adina Hambali nu ayeuna ditahan di panjara Guantanamo > > Cuba (Gun Gun ditewakna ku aparat kaamanan Pakistan). > > > > Sang Jenderal oge nolak pendapat bom nu di Marriot jeung Ritz Carlton aya > > hubunganana jeung Pilpres. Ceuk manehna para teroris ieu, teu paduli kana > > kaayaan politik lokal, tapi leuwih ditujukeun "hayang nempokeun" ka dunya > > internasional. > > > > Kunaon Nurdin M. Top teu beunang-beunang? Ceuk sang jendral Nurdin teh > > manusa "smart", para teroris lain budak Taman Kanak Kanak, tapi bener-bener > > jalma kalatih. Nurdin hese katewakna kulantaran pinter milih HABIBAT NU > > TEPAT keur nyumput. Duka naon nu dmaksud "HABIBAT NU TEPAT" ku sang Jenderal > > teh .... > > > > Sang jenderal oge boga cara dina ngurangan radikalismeu. Di Indonesia jalma > > nu ditewak ukur dipanjara, tapi teu dibina. Atuh lamun kaluar ti panjara teh > > bisa balik deui kana habibatna. Sang jendral nyarankeun para teroris nu > > dipanjara, dibina ku kaum ulama, tepi ka sadar yen faham manehna teh salah. > > Kitu deui sakaluar ti panjara, kudu dibina jeung dibere PAKASABAN NU JELAS > > ...supaya poho kana ideologi radikalna. Sang jenderal ngabuktikeun sorangan, > > manehna ngabina sababraha urang, ayeuna aya nu jadi pedagang kaki lima, aya > > nu jadi tukang kueh .... > > > > Sabenerna loba deui nu dicaritakeun ku Sang jenderal. Aya nu bade nambahan > > atawa ngoreksi, bisi kuring salah tangkep? > > > > Baktos, > > WALUYA > > > > > > >

