satuju Bah Iwa..
Bener genng ari wawancara jeung jalma anu ngalakonan jeung terlibat
lansungmah beda jeung cara ngomong praktisi.
dina mere tanggapannana leuwih jentre. nya kakauranganana teu dijelaskeun
sacara panjang lebar. da meureun ngarasa teu pati perlu.
meureun kitu cara jelema lapangan ngajelaskeun hiji masalah. "saeutik
ngomong, tapi mundel"


jangdede





2009/7/22, H Surtiwa <[email protected]>:
>
>
>
> Memang narik wawancara ka jelema anu ngalaknan. Tah didieu beda anu boga
> lalakon anu nganalisa fakta..ngorelasikeun kana kajadian2..nyatet dimana
> habitat operasi...saha wae palindung tempat panumputan...diajar kana modus
> operandi..nalungtik SOP tukang ngebom...nganalisa kacanggihan rangkaian
> bom..jeung taktik jeung strategi organisasi teroris anu sistim na siga na
> leuwih canggih tina sistim komando militer..para martir cenah ngan kudu
> nyaho kmaha on kumaha off. teu kudu nyaho nu sejenna. hal sejen aya nu
> ngurus. Ari para pengamat jeung peneliti teoris mere komentar tina
> tiori..refrensi bacaan..beja..can pernah wawancara jeung teroris...komo
> nyaho kapribadiannamah..motivasi sok dihubungkeun kana ideologi
> organisasina..Anehna eta ara pangamat atwa panaliti teh jauh ngarasa leuwih
> pinter tinu ngalakonan....tah ieu dunya...komo mun tos campur pulitik mah..
>
> 2009/7/22 waluya56 <[email protected]>
>
>>
>>
>> Peuting dina TVone aya wawancara ekslusip jeung mantan alias urut Komandan
>> Densus 88, Brigjen Pol (Purn) Suryadarma Salim. Sang jenderal salila 6 taun
>> ngomandanan pasukan khusus anti teror pulisi. Cenah manehna kakara ayeuna
>> bisa diwawancara ku media, sanggeusna pangsiun. Sang jendral nu dedeg
>> pangadegna jangkung badag, nyariosna parondok jeung tegas. Hiji ciri khas nu
>> nunjukkeun manehna jalma lapangan nu biasana teu pati bisa nyarita panjang
>> lebar.
>>
>> Hanjakal pisan waktu lalajo, listrik pareum aya 15 menitna, geus kitu
>> siaran TVonena sorangan nu masalah, pegat-pegat. Tapi sanajan kitu aya nu
>> narik dina wawancara ieu. Ceuk Sang jenderal, Indonesia geus asup sasaran
>> teroris internasional Al Qaeda. Nurdin M. Top urang Malaysia, sabenerna
>> pupuhu Al Qaeda Asia Timur (Tapi ceuk Al Haidar mah lain, dina wawancara
>> saentasna acara wawancara jeung sang jenderal).
>>
>> Pamadegan Sang Jenderal ieu dikuatkeun ku kanyataan nu diwartakeun ku
>> koran Kompas poe ieu: Geus sababaraha bulan katukang, Indonesia diriweuhkeun
>> ku datangna rewuan imigran "gelap" nu asalna ti Afghanistan jeung Pakistan.
>> Bisa wae diantara imigran gelap teh aya teroris Al Qaeda. Ditambah deuih ku
>> kanyataan dana waktu Bom Marriot I di taun 2003, dimodalan ti Pakistan,
>> ngaliwatan Gun Gun, nu adina Hambali nu ayeuna ditahan di panjara Guantanamo
>> Cuba (Gun Gun ditewakna ku aparat kaamanan Pakistan).
>>
>> Sang Jenderal oge nolak pendapat bom nu di Marriot jeung Ritz Carlton aya
>> hubunganana jeung Pilpres. Ceuk manehna para teroris ieu, teu paduli kana
>> kaayaan politik lokal, tapi leuwih ditujukeun "hayang nempokeun" ka dunya
>> internasional.
>>
>> Kunaon Nurdin M. Top teu beunang-beunang? Ceuk sang jendral Nurdin teh
>> manusa "smart", para teroris lain budak Taman Kanak Kanak, tapi bener-bener
>> jalma kalatih. Nurdin hese katewakna kulantaran pinter milih HABIBAT NU
>> TEPAT keur nyumput. Duka naon nu dmaksud "HABIBAT NU TEPAT" ku sang Jenderal
>> teh ....
>>
>> Sang jenderal oge boga cara dina ngurangan radikalismeu. Di Indonesia
>> jalma nu ditewak ukur dipanjara, tapi teu dibina. Atuh lamun kaluar ti
>> panjara teh bisa balik deui kana habibatna. Sang jendral nyarankeun para
>> teroris nu dipanjara, dibina ku kaum ulama, tepi ka sadar yen faham manehna
>> teh salah. Kitu deui sakaluar ti panjara, kudu dibina jeung dibere PAKASABAN
>> NU JELAS ...supaya poho kana ideologi radikalna. Sang jenderal ngabuktikeun
>> sorangan, manehna ngabina sababraha urang, ayeuna aya nu jadi pedagang kaki
>> lima, aya nu jadi tukang kueh ....
>>
>> Sabenerna loba deui nu dicaritakeun ku Sang jenderal. Aya nu bade nambahan
>> atawa ngoreksi, bisi kuring salah tangkep?
>>
>> Baktos,
>> WALUYA
>>
>>
>  
>

Kirim email ke