2009/7/23 Waluya <[email protected]>:
>
> Nambihan MJ. Salian ti eta, sabenerna  aya alesan sejen nu teu disebut ku
> Sang Jenderal. Di Malaysia jeung Singapura aya Undang-Undang nu mere
> kabebasan ka nagara/ pamarentah bisa nahan jelema nu disangka ngancam nagara
> salila 2(dua) taun bari teu diadili. UU ieu ngaharib-harib jeung UU
> Subversip keur jaman Orba/ Orla. Lamun teu salah, ayeuna UU Subversip di
> Indonesia dipupus. Nu kadua, Urang Malaysia (komo Singapura mah) rata-rata
> makmur hirupna, jadi rada susah meunang dukungan gede-gedean  ti masyarakat.
>

Tah nu ieu rada kaharti. Ieu undang-undang teh disebutna ISA (Internal
Security Act). Toong di dieu:
http://en.wikipedia.org/wiki/Internal_Security_Act_(Malaysia)

Salian ti eta jigana aya hal sejen nu teu kakoreh, nyaeta masalah
kawijakan Kartu Identitas (KTP). KTP di Malaya ngan dijieun terpusat
sakali saumur hirup, nalika umur 12 taun. Ieu KTP diperbaharui dina
umur 18 taun, ngan ukur diganti fotona hungkul.

Sagala kagiatan nu pakait jeung naon wae, jiga urusan sakola, bank,
make KTP. Lamun nunggak ka Bank misalna, bisa dilacak data KTP-na,
terus diblokir. Numatak rada hese pikeun nyumput.

Pangalaman kamari urusan ngirim surat. Kulantaran surat uing lila can
katarima, nya terus ngalacak ka kantor pos. Sanggeus dilacak tetela
surat geus dikirim. Pos mere informasi saha nu narimana, sarta nomer
KTP-na sagala.

(mh)

Kirim email ke