> From: mj
> singapura + malaysia teu diganggu ku teroris, sabab pusat ngumpulkeun 
> dana. Umat di dua nagara eta, ari nyumbang ka
> masjid/pangajian sok baradag, teu siga di urang, cenah. Haha.

Nambihan MJ. Salian ti eta, sabenerna  aya alesan sejen nu teu disebut ku 
Sang Jenderal. Di Malaysia jeung Singapura aya Undang-Undang nu mere 
kabebasan ka nagara/ pamarentah bisa nahan jelema nu disangka ngancam nagara 
salila 2(dua) taun bari teu diadili. UU ieu ngaharib-harib jeung UU 
Subversip keur jaman Orba/ Orla. Lamun teu salah, ayeuna UU Subversip di 
Indonesia dipupus. Nu kadua, Urang Malaysia (komo Singapura mah) rata-rata 
makmur hirupna, jadi rada susah meunang dukungan gede-gedean  ti masyarakat.

> tempat panyumputan di luar, di mandanau, filipina, baheula suku Moro rada 
> memberontak ka Manila. Pulo Mindanau
> deukeut sulawesi tea.

Moro, cenah mah asal kecapna tina MOOR, sebutan penjelejah bule di abad ka 
16 ka urang Muslim. Moro di Philipina tepi ka ayeuna oge masih aya nu 
barontak. Gorombolan nu paling dipikasieun tepi ka ayeuna, kolompok Abu 
Sayyaf, nu sok nyulikan jalma, boh nu didarat atawa nu keur di kapal di laut 
sabudeureun perairan Mindanao.

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke