Tina tayangan jenderal eta kapanggih :
1. singapura + malaysia teu diganggu ku teroris, sabab pusat ngumpulkeun dana. Umat di dua nagara eta, ari nyumbang ka masjid/pangajian sok baradag, teu siga di urang, cenah. Haha. 2. panggungna, atawa tempat pamer teroris, nagara urang. endonesa. Utamana, tempat-tempat nu loba bulena. Kondisi RI nu 17.000 leuwih jadi alesan alus pikeun panyumputan. Nagara urang oge jadi pusat rekrutmen eksekutor/pelaku bom bunuh diri. 3. tempat panyumputan di luar, di mandanau, filipina, baheula suku Moro rada memberontak ka Manila. Pulo Mindanau deukeut sulawesi tea. 4. kasus ieu sipatna global, nyangkut asia selatan (afganistan, pakistan), jeung opat nagara asia tenggara: malaysia, singapura (otak +dana), filipina (markas operasi), indonesia (panggung). 5. asana ti beh ditu, nagara (pulisi) boga atawa nyieun pasukan anti teroris, detasemen khusus (densus 88). Di militer oge aya, utamana di Kopassus, ngan duka pasukan elit ieu dilibatkeun henteu. 6. mangga teraskeun. Keuheul ku teroris, si kuring kungsi nulis novel komedi nu eusina aya carita teroris, Opik Sok Cool, nih! Judul asalna mah Darul. Nu ieu mah make motif sejen, pribadi alias kejiwaan (sarupaning dendam). Sacara Acep Zamzam Noor mah, teroris teh sigana dibere ajaran Islam dosis tinggi. Nepi ka jihad model bunuhdiri kitu. Padahal bunuhdiri sorangan, asana haram hukumna. Ari babaturan ulin -tatangga di antapani mah, kasus teroris teh ditesiskeun, di universitas tampere finlandia. Harita geus rek sidang master cenah. Na beledug teh kasus bom bali II. Si profesor langsung nitah nambah kasus eta kana tesisna. Atuh mundur sidang teh. Sigana ayeuna geus beres da asa geus lila pisan. Dipapatahan we, mun bisa netep mah, nya netep di finland, ulah balik, neangan pangalaman hirup di nagara welfare state. Nagara nu ngurus (kasejahteraan) wargana ti lahir nepi ka maot.

