Tah ieu nikmatna ngadongeng sareng sepuh teh, seeur pisan pulunganeunana.
alhamdulillah hatur nuhun bah.
keun weh nya urang adugundemkeun deui bah, asa resep kacida ngobrol kieu
teh, sanajan ceuk nu lian mah mereun kaasup debat delman tapi ceuk kuring
mah mangfaat kacida.

 

Enya sapuk eta para mujahid teh "ceunah" didikan Afghanistan, oge asa
nyambung deuih mun ngengklokan perkara 'turunan' yen Afghan (kayakinan nu
diagem ku pemelukna) pepeta siga kitu runtuyanana ti Saudi. Atuh kitu deui
kunaon sababna bet jadi rame kajadian kaayeunakeun, eta teu leupas tina
sajarahna tea.

Tah anu jadi implengan Simkuring, naha atuh anu dijadikeun sasaran teh
angger bae hiji nagara eta tug nepika ayeuna? Padahal apan mun nyebutkeun
kalimah "urang kulon" teh lega kacida lain hiji nagara wae, nu kasebut
nagara maju apan lain manehna bae, ieu ciciren aya nanaona nyangkut eta
nagara anu dijadikeun musuh nyata ku pihak-pihak "garis keras", boa teuing
tepika iraha mah dendam ieu moal leungit. Geuningan bruh breh wawales anu
ditujukeun ka pihak nagara eta, tapi ari nagara nu lian mah rada teu pati ka
toel alias rada reugreug.

 

Si kuring ngan ngarti tepika belah dinya, kunaon sababna si kuring remen
mairan palebah jelegurna bomb salah tempat tea (kaasup di urang) patali
jeung wawales kusabab "tinggaleun tehnologi", enya eta oge bisa wae nali
nalikeun hubunganana, saperti misalna kusabab teu boga sanjata mutakhir,
jadi weh ngabeledugkeun bom bari susulumputan, da lamun boga mah mereun
perang dunya teh bakal ceuyah deui ayeuna (lamun diniatan kitu). Tapi apanan
urang-urang arab sabenerna lain teu bisa juan jieun nu kararitu, sanajan
mereun teu sarua, ngan teu kaop boga niat der ngadon digamahan tepika aya
basa anu ngarahib-rahib kana pitenah. Kitu deui perkara tehnologi sejenna,
ieu madungdengkeun urusan monopoli dagang mereunan sanajan bruh breh jalma
nu manggihna mah nya ti kulon-kulon keneh, ngan nu ieu mah asa teu pati
dipirosea da can ngadenge kaluar fatwa ngeunaan colokan listrik (kacuali
telepisi anu masih keneh jadi catur tepika ayeuna, ieu oge loba musababna
jeung pertimbanganana). 

 

Sakitu we heula ti abdi,

 

Baktos,

pun Karta 

 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of waluya2006
Sent: 06 Agustus 2009 10:15
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Si Buntung

 

  

> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote:
>
> Aya kana kituna panginten bah, tapi keun weh da mereun etamah urusan
'dalam
> negri', eta kajadian oge dialaman ku sababaraha nagri lianna sanajan beda
> kasusna. Da ari Simkuring mah nyaritakeun teh patali antara bom anu pating
> beledug saperti nu anyar-anyar ieu di urang, terus di Mumbai, jrrd.. eta
> main cause na asa teu aya riak-riak kana urusan dendam pedah tinggaleun
> tehnologi, enya eta ceuk simkuring sorangan anu ngan wungkul bisa
> ngira-ngira.

Upami kang Karta nonton wawancara TV1 sareng Brigjen (pol) Suryadarma oge
sareng Jendral Hendropriyono, bakal katingali "benang beureum"na anntara bom
nu sababaraha kali ngabeledug di urang, jeung Al Qaeda di Afghanistan/
Pakistan. Sedengkeun Al Qaeda pamimpinna Osama Bin Laden, urang Arab Saudi.
Saha Osama? Salah saurang anak pangusaha beunghar nu deukeut jeung kulawarga
karajaan Arab Saudi. 

Naha Osama jadi kitu, ngewa satengah paeh ka Amerika/ Barat, padahal Arab
Saudi teh deukeut pisan jeung Amerika? Ieu cenah dimimitian kulantaran
manehna ngarasa hanjelu ku cara Pamarentah Arab Saudi dina mareuman KARAMAN
di Mekkah di taun 1979. Karaman di Mekkah di taun 1979 akibat kakuciwaan
sabagian urang Arab ku asupna pangaruh budaya barat nu dibawa bareng jeung
teknologina. Loba ulama Arab Saudi (wahhabi) nu teu resep kana hal ieu. 

Kakuciwaan ieu akhirna ngajelegur jadi "pendudukan" Masjidil Haram di
Mekkah. Kulantaran aya dalilna teu meunang aya "pertumpahan darah" di jero
Masjid, pamarentah Arab Saudi teu wani kitu wae mareuman kalakuan para
perusuh, nya menta fatwa ka kaum ulama Arab Saudi. Aya negoisasi nu hasilna
dikaluarkeun fatwa meunang ngayakeun peperangan di Masjidil Haram tapi
kompensasina pamarentah Arab Saudi nyadiakeun dana keur numuwuhkeun aliran/
faham Salafi Wahabbi ka sakuliah Dunya. Karaman Mekkah taun 1979 ditumpes,
tapi kakuciwaan mah tetep teu leungit ...

Kabeneran Afghanistan diserbu jeung diduduki ku Uni Soviet. Arab Saudi
saperti nagara2 Islam sejenna ngambek, kitu deui Amerika. Keur ngabebaskeun
Afghan ti Uni Soviet, Arab Saudi ngagolontorkeun duit bari sakalian
nyebarkeun faham Wahhabina di Afghanistan. Salian ti eta ngirim para pemuda
Arab idealis keur bajuang. Salah saurang pamuda ieu teh Osama Bin Laden nu
sabenerna mah manehna mamawa kahanjelu kana kaayaaan nagara manehna
sorangan.

Para pamuda idealis nu rek bajuang ngusir soviet di Afghan, oge aya nu ti
Indonesia jeung ti Malaysia. Gabung timana-mana jadi para Mujahidin, tapi
sigana nu dominan urang Arab Saudi da puguh mekel DANA anu gede, beda jeung
para mujahidin ti Indonesia nu ukur ku kawani wungkul.

Saterusna? Ah panjang keneh dongengna, tapi "benang beureum"na natrat nu
ngahubungkeun kaayaan di ARab Saudi terus ka Afghanistan, para mujahid ti
Indonesia & Malaysia............ hasilna, bom-bom weh ngabeledug di
Indonesia.

Tapi ieu ceuk cenah ...

Baktosna,
WALUYA





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature
database 4312 (20090806) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

Kirim email ke