Aya kana kituna panginten bah, tapi keun weh da mereun etamah urusan 'dalam negri', eta kajadian oge dialaman ku sababaraha nagri lianna sanajan beda kasusna. Da ari Simkuring mah nyaritakeun teh patali antara bom anu pating beledug saperti nu anyar-anyar ieu di urang, terus di Mumbai, jrrd.. eta main cause na asa teu aya riak-riak kana urusan dendam pedah tinggaleun tehnologi, enya eta ceuk simkuring sorangan anu ngan wungkul bisa ngira-ngira.
Tapi, mun geus kacaturkeun urusan etnosentrisme (perkara rasial), tah ieu kuring rada nga 'amin'-keun yeuh, dikersakeun teh geuning kalolobaan ti bangsa urangmah masih aya keneh nu ngagem sikep inlander, aya untungna (sanajan sabenerna mah 'buntung', lain untung) di kitu dikieu ku bangsa sejen (kulon) eh da masih keneh sumuhun dawuh, balukarna bangsa urang kaasup "zona aman" tina jajahan fisik sanajan tepika kadungsang-dungsang ekonomi urang awut-awutan diwewejet ku urang kulon, masih we geuning urangmah surungah serengeh. Beda deui sikep anu diagem ku bangsa-bangsa ti arab, hareuras urat beheungna balukar tina doktrin agama anu nurun kana perkara budaya (kalolobaanana siga kitu, teu kabeh), jadi weh budaya conservative jeung budaya kabebasan versi kulon lir ibarat ucing jeung anjing, tanwande mun tea mah aya nu kasebut "perlawanan" teh ieu balukar tina pakereng-kereng dina mempertahankeun budaya, urang arab (personil atawa grup, lain institusi) hayang nahan idealisme ka-arab-anana sedeng budaya kulon tetep maksa mirusa antukna patingpucunghul konspirasi-konspirasi anu mun dicaritakeunmah ngadon matak murudul sabulu-bulu, moal anggeus jeung moal manggih kasapukan mun tea mah dibawa diskusi atawa seminar J... Bangsa arab tina perspective ka Islam-an (punten yeuh mun nyangkutpautkeun masalah agama), ngagem sikep nolak kana ngagundemkeun urusan SARA, apan sidik ceuk ajaran agamana oge, taya jalma anu leuwih punjul salian ti katakwaanana, sedengkeun bangsa kulon, sanajan kaayeunakeun ngarahib-rahib "penyamarataan hak" tapi sesa-sesa etnosentris masih keneh bungkeleukan, komo mun deui-deui ngomongkeun masalah agama, asa katohyan pisan ku conto jeung berita kajadian-kajadian anu haraneut keneh. Punten yeuh bah Simkuring bilih nyigeung sareng kokolot begog, nu puguhmah Simkuring keur diajar jeung mulungan ti kolot-kolot di ieu milis dina enggoning nambahan pangaweruh jaga keur incu (heuheu, anak oge can boga J), hatur nuhun pisan. Baktos abdi, pun Karta, From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of waluya2006 Sent: 05 Agustus 2009 6:38 To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Si Buntung > "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote: > Anu sidik mah, perkara bom anu sok ngabeledug salah tempat tea, > kuring anu boga pendapat, asa teu aya urusanna jeung perkara > tinggaleun teknologi, Lamun ningali sajarah Arab Saudi mah, memang kungsi aya benturan antara teknologi jeung budaya Arab (Saudi). Sanes teknologina tapi budayana nu dibawa ku teknologi ieu. Contona nu paling ekstrim televisi. Waktu pamarentah Arab Saudi ngidinan aya siaran televisi di taun 1960'an, loba nu nolak, tungtungna jadi kaributan. Pamimpin nu ribut ditewak terus dihukum pati. Tapi kajadian ieu ngawariskeun dendam, di taun 1975 Raja Arab Saudi sorangan ditembak ku pestol dugi ka hanteuna ku alona nu dihukum pati. Teknologi mawa perubahan kana budaya/ kabiasaan hirup, hal ieu nu teu ditarima ku kaum konservatip di Arab Saudi. Salah sahijina nu bisa katempo tepi ka ayeuna, di Arab Saudi Awewe TEU MEUNANG NYUPIR!. Naon sababna? Keur budaya nu didominasi ku lalaki, lamun di jalan loba awewe pasuliwer nyupiran mobil, bisa-bisa ngurangan dominasi lalaki. Hubunganana jeung terorismeu di urang? Ah ... panjang lalakonna, tapi paling henteu tiasa ditingali tina faham naon nu diaranut kunu geus ditarewak kulantaran aksi teror di urang. Baktosna, WALUYA __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4306 (20090804) __________ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com

