Eleuh enya geuning Ua, mun nyaritakeun SARA mah memang bener kaayaanana,
nyaeta nyakompetdaunkeun,  ah nyaeta atuh dasar kabiasaan, mun
ngaguntremkeun agama ari anu kasangkut kaomongkeun kekeuh nyebut SARA, kitu
deui etnis bet nyebut SARA deui wae, padahalmah mun nyebut salah sahiji tina
singketan SARA eta apanan beda jeung arti SARA sorangan nya? heuheu hampura
yeuh tos kabiasaan. Padahal Simkuring sorangan geus nyebutkeun salah
sahijina tina SARA nyaeta etnis (etnosentris) bet nyebut SARA atuh.
(beu.beu.ambuing.)

 

Enya bener apan mun nyangkut agama mah sidik pisan watesanana, bujeng ning
di Makkah Madinah, dalah apan masjid masigit dimana wae oge wungkul jang
umat Islam, umat sejen teu meunang ngaropea, kitu deui wangunan pangibadahan
sejen teu meunang keur umat nu sejenna deui.

Nya kitu keneh deui mun nyangkut perkara agama, di sabagian urang arab
ngabageakeun kacida ka saha wae jalma anu sakayakinan, tapi rada beda
paroman mun nyanghareupan jalma nu beda kayakinan, mereun kitu oge anu
kajadian ku jalma-jalma di sabagian nagara kulon, ngan asa aya leuwihna ceuk
paningali kuringmah, disabagian nagara malah jadi program nasional dina
enggoning nolak hiji agama anu sah ku cara terang-terangan tepika jalma
jalma "pemelukna" seset seuat hirup di panganjrekanana, wallahu a'lam.

 

Nyaeta ketah ari jalma mah ceunah tempat sagalana, nyebutkeun ceuk agama
(jeung sabagean pemelukna) kitu jeung kitu, apan teu sadayana, oge urusan
etnis, anu katangen mah geuningan perkara hate na, nya hate anu di ropea ku
urusan pribadi oge hate anu ngalayah nu bisa mangaruhan jalma loba saperti
para pamimpin, mun pamimpin eta hade nya genah ka saha bae kitu deui
sabalikna bakal ngabalukarkeun rajapati.

 

 

From: Surtiwa

  

".......... Ah panjang keneh dongengna, tapi "benang beureum"na natrat nu
ngahubungkeun kaayaan di ARab Saudi terus ka Afghanistan, para mujahid ti
Indonesia & Malaysia............ hasilna, bom-bom weh ngabeledug di
Indonesia...."

Anu panasaran sayah teh can manggih berita nyata..eta pajuang2 Islam
Mujhiddin ti Indonesia..Pilipina..Malaysia..Pakistan..anu kabejakeun
ngabeledugkeun maneh... ka musuh (Amrik jeung sakutuna) anu jerlas aya jeung
katingali di medan perang Afghanistan. Samodel jepang baheula ku gerakan
Kamkaze na.
Kitu deui kaunggulan unit2 Mujahiddin non Afghanistan teh teu kabejakeun
hebatna.... tapi pinterna ngan ngarakit bom keur dibeledugkeun di pasar,
Hotel, Gedong2 penting. lamun serangan WTC mah..bener2 etamah nyerang...pas
di jantung AS..sanajan eta oge traget sipil. Tapi pan aya rencana
neabeledugakeun pentagon ku tabrak kapal udara....

Kirim email ke