> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote: > Anu sidik mah, perkara bom anu sok ngabeledug salah tempat tea, > kuring anu boga pendapat, asa teu aya urusanna jeung perkara > tinggaleun teknologi,
Lamun ningali sajarah Arab Saudi mah, memang kungsi aya benturan antara teknologi jeung budaya Arab (Saudi). Sanes teknologina tapi budayana nu dibawa ku teknologi ieu. Contona nu paling ekstrim televisi. Waktu pamarentah Arab Saudi ngidinan aya siaran televisi di taun 1960'an, loba nu nolak, tungtungna jadi kaributan. Pamimpin nu ribut ditewak terus dihukum pati. Tapi kajadian ieu ngawariskeun dendam, di taun 1975 Raja Arab Saudi sorangan ditembak ku pestol dugi ka hanteuna ku alona nu dihukum pati. Teknologi mawa perubahan kana budaya/ kabiasaan hirup, hal ieu nu teu ditarima ku kaum konservatip di Arab Saudi. Salah sahijina nu bisa katempo tepi ka ayeuna, di Arab Saudi Awewe TEU MEUNANG NYUPIR!. Naon sababna? Keur budaya nu didominasi ku lalaki, lamun di jalan loba awewe pasuliwer nyupiran mobil, bisa-bisa ngurangan dominasi lalaki. Hubunganana jeung terorismeu di urang? Ah ... panjang lalakonna, tapi paling henteu tiasa ditingali tina faham naon nu diaranut kunu geus ditarewak kulantaran aksi teror di urang. Baktosna, WALUYA

