> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote:
>
> Aya kana kituna panginten bah, tapi keun weh da mereun etamah urusan 'dalam
> negri', eta kajadian oge dialaman ku sababaraha nagri lianna sanajan beda
> kasusna. Da ari Simkuring mah nyaritakeun teh patali antara bom anu pating
> beledug saperti nu anyar-anyar ieu di urang, terus di Mumbai, jrrd.. eta
> main cause na asa teu aya riak-riak kana urusan dendam pedah tinggaleun
> tehnologi, enya eta ceuk simkuring sorangan anu ngan wungkul bisa
> ngira-ngira.

Upami kang Karta nonton wawancara TV1 sareng Brigjen (pol) Suryadarma oge 
sareng Jendral Hendropriyono, bakal katingali "benang beureum"na anntara bom nu 
sababaraha kali ngabeledug di urang, jeung Al Qaeda di Afghanistan/ Pakistan. 
Sedengkeun Al Qaeda pamimpinna Osama Bin Laden, urang Arab Saudi. Saha Osama? 
Salah saurang anak pangusaha beunghar nu deukeut jeung kulawarga karajaan Arab 
Saudi. 

Naha Osama jadi kitu, ngewa satengah paeh ka Amerika/ Barat, padahal Arab Saudi 
teh deukeut pisan jeung Amerika? Ieu cenah dimimitian kulantaran manehna 
ngarasa hanjelu ku cara Pamarentah Arab Saudi dina mareuman KARAMAN di Mekkah 
di taun 1979. Karaman di Mekkah di taun 1979 akibat kakuciwaan sabagian urang 
Arab ku asupna pangaruh budaya barat nu dibawa bareng jeung teknologina. Loba 
ulama Arab Saudi (wahhabi) nu teu resep kana hal ieu. 

Kakuciwaan ieu akhirna ngajelegur jadi "pendudukan" Masjidil Haram di Mekkah. 
Kulantaran aya dalilna teu meunang aya "pertumpahan darah" di jero Masjid, 
pamarentah Arab Saudi teu wani kitu wae mareuman kalakuan para perusuh, nya 
menta fatwa ka kaum ulama Arab Saudi. Aya negoisasi nu hasilna dikaluarkeun 
fatwa meunang ngayakeun peperangan di Masjidil Haram tapi kompensasina 
pamarentah Arab Saudi nyadiakeun dana keur numuwuhkeun aliran/ faham Salafi 
Wahabbi ka sakuliah Dunya. Karaman Mekkah taun 1979 ditumpes, tapi kakuciwaan 
mah tetep teu leungit ...

Kabeneran Afghanistan diserbu jeung diduduki ku Uni Soviet. Arab Saudi saperti 
nagara2 Islam sejenna ngambek, kitu deui Amerika. Keur ngabebaskeun Afghan ti 
Uni Soviet, Arab Saudi ngagolontorkeun duit bari sakalian nyebarkeun faham 
Wahhabina di Afghanistan. Salian ti eta ngirim para pemuda  Arab idealis keur 
bajuang. Salah saurang pamuda ieu teh Osama Bin Laden nu sabenerna mah manehna 
mamawa kahanjelu kana kaayaaan nagara manehna sorangan.

Para pamuda idealis nu rek bajuang ngusir soviet di Afghan, oge aya nu ti 
Indonesia jeung ti Malaysia. Gabung timana-mana jadi para Mujahidin, tapi 
sigana nu dominan urang Arab Saudi da puguh mekel  DANA anu gede, beda jeung 
para mujahidin ti Indonesia nu ukur ku kawani wungkul.

Saterusna? Ah panjang keneh dongengna, tapi "benang beureum"na natrat nu 
ngahubungkeun kaayaan di ARab Saudi terus ka Afghanistan, para mujahid ti 
Indonesia & Malaysia............ hasilna, bom-bom weh ngabeledug di Indonesia.

Tapi ieu ceuk cenah ...

Baktosna,
WALUYA

Kirim email ke