> "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote: > Asa bingung yeuh Bah, jadi asa beuki kabur weh harti sekuler teh > heuheuheu....
Perkara nagara sekuler henteuna, memang nagara urang mah henteu sekuler 100%, nagara-nagara nu sekuler 100% atawa paling henteu ngadeukeutan 100% mah nagara2 Eropa Barat jeung Amerika Serikat. Di Asia meureun nagara-nagara di Asia Wetan (Jepang, Korsel, Taiwan). India oge ngakuna mah nagara Sekuler. Cenah di nagara nu 100% sekuler, nanyakeun agama wae, dianggap teu pantes. Malah nagara/ pamarentah mah teu meunang pisan pipilueun (ngalanggar kontitusi). > ngalarang/ngafatwakeun haram, ieu kulantaran naon? Kulantaran para > inohong > merhatikeun kaidah theokrasi sakaligus ngajaga rahayat > tigebrus kana sasab, nyalametkeun maranehna nu boga pipikiran > araneh diluar nu geus ditangtukeun, di urang oge apan siga kitu > tujuanna, disagedengeun penistaan agama oge aya tuntutan tanggung > jawab > moral ti rahayat ka pamimpin (pupuhu agama) oge sabalikna, Coba ku Kang Karta dipaluruh nganggo pasal-pasal hukum naon Hakim di Indonesia ngahukum Lia Eden? Sakanyaho kuring mah KUHP. KUHP di Indonesia teu didasarkeun ku hukum-hukum agama. Oge KUHP ngahukum lain "pipikiran" tapi "perbuatan" da ari "pipikiran" mah teu bisa dihukum. "Perbuatan" naon? Nya nyebarkeun nu dianggap ngaresahkeun masyarakat mayoritas. Hakim teu nyieun kaputusan aliran ieu "sasab" dina harti theologis, hakim ukur ngareungeukeun pamadegan ti inohong aliran mayoritas nu nganggap aliran minoritas ieu "sasab" tepika mayoritas resah. Ieu nu dijieun bahan pertimbangan hakim keur nyieun kaputusan. > Balik deui perkara nangtukeun poenan lebaran, ieu kaasup perkara > ijtihad, sedengkeun ari ijtihad mah tibaheula mula oge > âdimeunangkeunâ, apan umat Islam mah diperedih kudu nurut kana > > AlQurâan, hadits, fatwa ulama, kadituna nyaeta ijtihad, eta > sababna boh pupuhu agama boh pamarentah teu manggapulia teu bisa p > ipilueun nangtukeun perkara nu muhtalif eta (bisa dipilih), da > sabenernamah mun diteleuman sanajan dinagara theokrasi oge rentul > nu kieu > teh, conto di Saudi, ceuk pamarentah tanggal sakieu, apan > di sababaraha > wilayahmah beda, naha anu beda bakal di hukum? > Henteu apan...kusabab ieu ngan ukur perkara ijtihad....kuring > nyaksian pisan eta kajadian sababaraha waktu katukang. Akang kungsi di Arab Saudi? Kutan kenging beda, kuring kakara ngareungeu, hade umpama kitu mah. Tapi umpama ningali aturan / Perda di urang nu make Syariah Islam, di bulan puasa teh TEU MEUNANG BARANG DAHAR DI MUKA UMUM. Restoran & warung makan wae ti beurang dikudukeun tutup contona di Tasik atawa di Aceh. Tah umpama poe lebaran beda, berarti aya SABAGIAN NU BALAKECRAKAN DAHAR tapi aya oge SABAGIAN NU MASIH PUASA. Contona lamun ayeuna aya nu lebaran MINGGU jeung aya nu Lebaran SENEN, terus pamarentah nangtukeun lebaran ceuk pamarentah teh SENEN. Thus, nu balakecrakan dahar di Poe minggu teh NGALANGGAR HUKUM, sabab ceuk pamarentah mah poe MINGGU teh masih bulan puasa, hartina TEU MEUNANG BARANG DAHAR DI MUKA UMUM. Dilemna pan keur penegakan hukum? Cik kumaha kinten-kintenna di Arab Saudi nu ketat pisan dina nerapkeun aturan, lamun aya poe lebaran anu beda. Kumaha tindakan pulisi syariah di nagara eta, lamun aya nu balakecrakan barang dahar di restoran beurang-beurang, padahal pamarentah nganggap poe eta teh lain poe lebaran, tapi masih bulan puasa? Baktos, WALUYA

