Tah geuning, sapuk si kuring ge satuju, NAGARA URANG THE HENTEU 100% SEKULER, hartina can kasebut nagara sekuler mun ceuk kasimpulanna mah. Masih keneh aya watesan-watesan antara bebas jeung terikat tea, pamarentah masih keneh merhatikeun cindekna mah heuheu…
Perkara beda lebaran sareng balakecrakan, si kuring ge malah sabalikna jadi hayang nanya ka nu aya di urang, nu puguh kanyahoan sababaraha kali lebaran katukang, naha anu lebaran miheulaan pamarentah diharukum? Dipenjara atawa keuna sangsi naon wae ti pamarentah? Lamun enyaan anu miheulaan pamarentah teh dihukum, didenda jrrd, duh kuring ampun, teu bisa nembalan hehehehe….. Aeh enya ketang nu diomongkeun teh perkara barangdahar di muka umum nya? Tah palebah dieu, perda mah kantun perda, hartina nya sagala rupa anu ngakibatkeun nyalenggorna tina aturan tangtu bakal kajiret ku perda, eta tos ilahar, tos puguh aturan jeung jujutanna. Tinggal weh ka manusa-manusa na, mun embung kajiret nya ulah balakecrakan ditengah jalan, da rarasaanmah moal hese teuing, komo bari urut puasa sabulan jeput mah mereun poenan lebaran ge asa puasa keneh, iwal ti jelema nu makmak mekmek anu manggih lebaran siga kokoro manggih mulud sagala didedetkeun heuheuheu… mun ieu jelema kapanggih ku umum, kajiret perda, sumangga weh tewak… Beh dieu nu geus kaalaman kumaha? Nu biasana mah apan maranehna nu ngayakeun lebaran miheulaan pamarentah, nya teu kudu diwajibkeun oge maranehna teh garaduh keneh cedo, ngaragangan tatangga nu masih keneh puasa. Malahan apanan nu enggeus enggeus mah maranehna nu miheulaan pamarentah teh ngabetem saheula anan tepika datang poenan lebaran isukaneun, sanggeus beres der ulubiung milu nguriling. Tapi cindekna mah, perda nya hade kacida, tapi budaya silih ragangan tepika danget ieu masih keneh jumawa, can kakotoran ku sababaraha “oknum”. Nya kitu deui nu kaalaman di Saudi sababaraha waktu katukang (duka teuing taun ayeunamah da si kuringna oge geus teu didinya sanajan masih keneh disabudereunana heuheu), budaya silih ragangan nya teu beda jeung di urang, si beda (urang golongkeun kaum minoritas) jeung pamarentah (mayoritas) palebah dieu teu manggapulia, duanana ngaku Islam, duanana ngaku kulawarga sunnah, ngan nu ngabedakeun teh mereun firqah na, aya nu ngaku IM, HTI jeung teu kuhanteu tea… ceuk beja mah di Saudi eweuh golongan2 nu kieu mah, ngan mun golongan nu mercayakeun kana urusan modern jeung klasik, eta masih kuat diagem ku masing2 jalma na.. Enyaan asa jadi rame kieu heuheu, nu cindek yen Indonesia teu (atawa acan) kaasup nagri sekuler, kuring ngahaminan sareng nyaluyuan mun ningali tina kaayaan, mun nyabit2 sekuler nya mereun bahasanna kana ushul fiqih (ajaran2 nu utama, nu ceuk masing2 ajaran teu meunang dirubah atawa disapirakeun), mun tea mah islam ngayakeun juma’ahan poe saptu, terus dihare2keun ku pamarentah, tah nu kieu salah sahiji ciri sekuler… ah ieu mah ukur wangkongan bari nungguan burit... Wilijeng boboran shiyam ka kang Waluya oge kum ka urangsunda didieu, taqabbalAllahu minna wa minkum, hapunten samudaya kalepatan. From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Waluya Sent: 18 September 2009 5:11 To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Sekuler?-->Re: LEBARAN Euy! > "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote: > Asa bingung yeuh Bah, jadi asa beuki kabur weh harti sekuler teh > heuheuheu.... Perkara nagara sekuler henteuna, memang nagara urang mah henteu sekuler 100%, nagara-nagara nu sekuler 100% atawa paling henteu ngadeukeutan 100% mah nagara2 Eropa Barat jeung Amerika Serikat. Di Asia meureun nagara-nagara di Asia Wetan (Jepang, Korsel, Taiwan). India oge ngakuna mah nagara Sekuler. Cenah di nagara nu 100% sekuler, nanyakeun agama wae, dianggap teu pantes. Malah nagara/ pamarentah mah teu meunang pisan pipilueun (ngalanggar kontitusi). > ngalarang/ngafatwakeun haram, ieu kulantaran naon? Kulantaran para > inohong > merhatikeun kaidah theokrasi sakaligus ngajaga rahayat > tigebrus kana sasab, nyalametkeun maranehna nu boga pipikiran > araneh diluar nu geus ditangtukeun, di urang oge apan siga kitu > tujuanna, disagedengeun penistaan agama oge aya tuntutan tanggung > jawab > moral ti rahayat ka pamimpin (pupuhu agama) oge sabalikna, Coba ku Kang Karta dipaluruh nganggo pasal-pasal hukum naon Hakim di Indonesia ngahukum Lia Eden? Sakanyaho kuring mah KUHP. KUHP di Indonesia teu didasarkeun ku hukum-hukum agama. Oge KUHP ngahukum lain "pipikiran" tapi "perbuatan" da ari "pipikiran" mah teu bisa dihukum. "Perbuatan" naon? Nya nyebarkeun nu dianggap ngaresahkeun masyarakat mayoritas. Hakim teu nyieun kaputusan aliran ieu "sasab" dina harti theologis, hakim ukur ngareungeukeun pamadegan ti inohong aliran mayoritas nu nganggap aliran minoritas ieu "sasab" tepika mayoritas resah. Ieu nu dijieun bahan pertimbangan hakim keur nyieun kaputusan. > Balik deui perkara nangtukeun poenan lebaran, ieu kaasup perkara > ijtihad, sedengkeun ari ijtihad mah tibaheula mula oge > “dimeunangkeunâ€, apan umat Islam mah diperedih kudu nurut kana > > AlQur’an, hadits, fatwa ulama, kadituna nyaeta ijtihad, eta > sababna boh pupuhu agama boh pamarentah teu manggapulia teu bisa p > ipilueun nangtukeun perkara nu muhtalif eta (bisa dipilih), da > sabenernamah mun diteleuman sanajan dinagara theokrasi oge rentul > nu kieu > teh, conto di Saudi, ceuk pamarentah tanggal sakieu, apan > di sababaraha > wilayahmah beda, naha anu beda bakal di hukum? > Henteu apan...kusabab ieu ngan ukur perkara ijtihad....kuring > nyaksian pisan eta kajadian sababaraha waktu katukang. Akang kungsi di Arab Saudi? Kutan kenging beda, kuring kakara ngareungeu, hade umpama kitu mah. Tapi umpama ningali aturan / Perda di urang nu make Syariah Islam, di bulan puasa teh TEU MEUNANG BARANG DAHAR DI MUKA UMUM. Restoran & warung makan wae ti beurang dikudukeun tutup contona di Tasik atawa di Aceh. Tah umpama poe lebaran beda, berarti aya SABAGIAN NU BALAKECRAKAN DAHAR tapi aya oge SABAGIAN NU MASIH PUASA. Contona lamun ayeuna aya nu lebaran MINGGU jeung aya nu Lebaran SENEN, terus pamarentah nangtukeun lebaran ceuk pamarentah teh SENEN. Thus, nu balakecrakan dahar di Poe minggu teh NGALANGGAR HUKUM, sabab ceuk pamarentah mah poe MINGGU teh masih bulan puasa, hartina TEU MEUNANG BARANG DAHAR DI MUKA UMUM. Dilemna pan keur penegakan hukum? Cik kumaha kinten-kintenna di Arab Saudi nu ketat pisan dina nerapkeun aturan, lamun aya poe lebaran anu beda. Kumaha tindakan pulisi syariah di nagara eta, lamun aya nu balakecrakan barang dahar di restoran beurang-beurang, padahal pamarentah nganggap poe eta teh lain poe lebaran, tapi masih bulan puasa? Baktos, WALUYA __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature database 4425 (20090914) __________ The message was checked by ESET Smart Security. http://www.eset.com

