Jadi emut kana babasaan jaman taun 60 an..kana status anu teu jelas teh . harita aya babasaan heureuy "Tangtara lain, Pulisi lain, Hangsip meureun ?! Tah status RI oge meureun kitu, Sekuler lain (teu 100%)...Syari lain...Nanahaon atuh........
On 9/18/09, Simkuring <[email protected]> wrote: > > > > > > Tah geuning, sapuk si kuring ge satuju, NAGARA URANG THE HENTEU 100% > SEKULER, hartina can kasebut nagara sekuler mun ceuk kasimpulanna mah. Masih > keneh aya watesan-watesan antara bebas jeung terikat tea, pamarentah masih > keneh merhatikeun cindekna mah heuheu… > > > > Perkara beda lebaran sareng balakecrakan, si kuring ge malah sabalikna jadi > hayang nanya ka nu aya di urang, nu puguh kanyahoan sababaraha kali lebaran > katukang, naha anu lebaran miheulaan pamarentah diharukum? Dipenjara atawa > keuna sangsi naon wae ti pamarentah? > > Lamun enyaan anu miheulaan pamarentah teh dihukum, didenda jrrd, duh kuring > ampun, teu bisa nembalan hehehehe….. > > Aeh enya ketang nu diomongkeun teh perkara barangdahar di muka umum nya? > Tah palebah dieu, perda mah kantun perda, hartina nya sagala rupa anu > ngakibatkeun nyalenggorna tina aturan tangtu bakal kajiret ku perda, eta tos > ilahar, tos puguh aturan jeung jujutanna. Tinggal weh ka manusa-manusa na, > mun embung kajiret nya ulah balakecrakan ditengah jalan, da rarasaanmah moal > hese teuing, komo bari urut puasa sabulan jeput mah mereun poenan lebaran ge > asa puasa keneh, iwal ti jelema nu makmak mekmek anu manggih lebaran siga > kokoro manggih mulud sagala didedetkeun heuheuheu… mun ieu jelema kapanggih > ku umum, kajiret perda, sumangga weh tewak… > > Beh dieu nu geus kaalaman kumaha? Nu biasana mah apan maranehna nu > ngayakeun lebaran miheulaan pamarentah, nya teu kudu diwajibkeun oge > maranehna teh garaduh keneh cedo, ngaragangan tatangga nu masih keneh puasa. > Malahan apanan nu enggeus enggeus mah maranehna nu miheulaan pamarentah teh > ngabetem saheula anan tepika datang poenan lebaran isukaneun, sanggeus beres > der ulubiung milu nguriling. Tapi cindekna mah, perda nya hade kacida, tapi > budaya silih ragangan tepika danget ieu masih keneh jumawa, can kakotoran ku > sababaraha “oknum”. > > > > Nya kitu deui nu kaalaman di Saudi sababaraha waktu katukang (duka teuing > taun ayeunamah da si kuringna oge geus teu didinya sanajan masih keneh > disabudereunana heuheu), budaya silih ragangan nya teu beda jeung di urang, > si beda (urang golongkeun kaum minoritas) jeung pamarentah (mayoritas) > palebah dieu teu manggapulia, duanana ngaku Islam, duanana ngaku kulawarga > sunnah, ngan nu ngabedakeun teh mereun firqah na, aya nu ngaku IM, HTI jeung > teu kuhanteu tea… ceuk beja mah di Saudi eweuh golongan2 nu kieu mah, ngan > mun golongan nu mercayakeun kana urusan modern jeung klasik, eta masih kuat > diagem ku masing2 jalma na.. > > > > Enyaan asa jadi rame kieu heuheu, nu cindek yen Indonesia teu (atawa acan) > kaasup nagri sekuler, kuring ngahaminan sareng nyaluyuan mun ningali tina > kaayaan, mun nyabit2 sekuler nya mereun bahasanna kana ushul fiqih (ajaran2 > nu utama, nu ceuk masing2 ajaran teu meunang dirubah atawa disapirakeun), > mun tea mah islam ngayakeun juma’ahan poe saptu, terus dihare2keun ku > pamarentah, tah nu kieu salah sahiji ciri sekuler… > > ah ieu mah ukur wangkongan bari nungguan burit... > > > > Wilijeng boboran shiyam ka kang Waluya oge kum ka urangsunda didieu, > taqabbalAllahu minna wa minkum, hapunten samudaya kalepatan. > > > > *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On > Behalf Of *Waluya > *Sent:* 18 September 2009 5:11 > *To:* [email protected] > *Subject:* [Urang Sunda] Sekuler?-->Re: LEBARAN Euy! > > > > > > > "Simkuring" <alkarta_...@...> wrote: > > Asa bingung yeuh Bah, jadi asa beuki kabur weh harti sekuler teh > > heuheuheu.... > > Perkara nagara sekuler henteuna, memang nagara urang mah henteu sekuler > 100%, nagara-nagara nu sekuler 100% atawa paling henteu ngadeukeutan 100% > mah nagara2 Eropa Barat jeung Amerika Serikat. Di Asia meureun nagara-nagara > di Asia Wetan (Jepang, Korsel, Taiwan). India oge ngakuna mah nagara > Sekuler. Cenah di nagara nu 100% sekuler, nanyakeun agama wae, dianggap teu > pantes. Malah nagara/ pamarentah mah teu meunang pisan pipilueun (ngalanggar > kontitusi). > > > ngalarang/ngafatwakeun haram, ieu kulantaran naon? Kulantaran para > > inohong merhatikeun kaidah theokrasi sakaligus ngajaga rahayat > > tigebrus kana sasab, nyalametkeun maranehna nu boga pipikiran > > araneh diluar nu geus ditangtukeun, di urang oge apan siga kitu > > tujuanna, disagedengeun penistaan agama oge aya tuntutan tanggung > jawab > moral ti rahayat ka pamimpin (pupuhu agama) oge sabalikna, > > Coba ku Kang Karta dipaluruh nganggo pasal-pasal hukum naon Hakim di > Indonesia ngahukum Lia Eden? Sakanyaho kuring mah KUHP. KUHP di Indonesia > teu didasarkeun ku hukum-hukum agama. Oge KUHP ngahukum lain "pipikiran" > tapi "perbuatan" da ari "pipikiran" mah teu bisa dihukum. "Perbuatan" naon? > Nya nyebarkeun nu dianggap ngaresahkeun masyarakat mayoritas. Hakim teu > nyieun kaputusan aliran ieu "sasab" dina harti theologis, hakim ukur > ngareungeukeun pamadegan ti inohong aliran mayoritas nu nganggap aliran > minoritas ieu "sasab" tepika mayoritas resah. Ieu nu dijieun bahan > pertimbangan hakim keur nyieun kaputusan. > > > Balik deui perkara nangtukeun poenan lebaran, ieu kaasup perkara > > ijtihad, sedengkeun ari ijtihad mah tibaheula mula oge > > “dimeunangkeun†, apan umat Islam mah diperedih kudu nurut kana > > AlQur’an, hadits, fatwa ulama, kadituna nyaeta ijtihad, eta > > sababna boh pupuhu agama boh pamarentah teu manggapulia teu bisa p > > ipilueun nangtukeun perkara nu muhtalif eta (bisa dipilih), da > > sabenernamah mun diteleuman sanajan dinagara theokrasi oge rentul > nu > kieu teh, conto di Saudi, ceuk pamarentah tanggal sakieu, apan > di > sababaraha wilayahmah beda, naha anu beda bakal di hukum? > > Henteu apan...kusabab ieu ngan ukur perkara ijtihad....kuring > > nyaksian pisan eta kajadian sababaraha waktu katukang. > > Akang kungsi di Arab Saudi? Kutan kenging beda, kuring kakara ngareungeu, > hade umpama kitu mah. Tapi umpama ningali aturan / Perda di urang nu make > Syariah Islam, di bulan puasa teh TEU MEUNANG BARANG DAHAR DI MUKA UMUM. > Restoran & warung makan wae ti beurang dikudukeun tutup contona di Tasik > atawa di Aceh. > > Tah umpama poe lebaran beda, berarti aya SABAGIAN NU BALAKECRAKAN DAHAR > tapi aya oge SABAGIAN NU MASIH PUASA. Contona lamun ayeuna aya nu lebaran > MINGGU jeung aya nu Lebaran SENEN, terus pamarentah nangtukeun lebaran ceuk > pamarentah teh SENEN. Thus, nu balakecrakan dahar di Poe minggu teh > NGALANGGAR HUKUM, sabab ceuk pamarentah mah poe MINGGU teh masih bulan > puasa, hartina TEU MEUNANG BARANG DAHAR DI MUKA UMUM. Dilemna pan keur > penegakan hukum? > > Cik kumaha kinten-kintenna di Arab Saudi nu ketat pisan dina nerapkeun > aturan, lamun aya poe lebaran anu beda. Kumaha tindakan pulisi syariah di > nagara eta, lamun aya nu balakecrakan barang dahar di restoran > beurang-beurang, padahal pamarentah nganggap poe eta teh lain poe lebaran, > tapi masih bulan puasa? > > Baktos, > WALUYA > > > > __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature > database 4425 (20090914) __________ > > The message was checked by ESET Smart Security. > > http://www.eset.com > > > __________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature > database 4425 (20090914) __________ > > The message was checked by ESET Smart Security. > > http://www.eset.com > > >

