> Perkawis Akhmadiyah, Lia Eden jst, nagara ngahukum/ ngalarang maranehna , 
> lamun teu salah mah ku alesan "sekuler" oge, nyaeta ngajaga kerukunan agama, 
> penistaan agama jeung ketengtreman nagara. Jadi maranehna dihukum atawa 
> dilarang nyebarkeun aliranana,  lain kulantaran maranehna bakal asup ka 
> naraka (alesan theokratis).
>
> Ari kayakinan keur soranganeun mah, nagara moal bisa pipilueun, jeung 
> mustahil pipilueun. Contona nagara moal bisa ngahukum jelema nu teu puasa, 
> sabab kumaha carana mariksa jalma nu teu puasa? Moal enya saurang-urang kudu 
> di ronsen beuteungna? Kumaha carana mariksa kunyam-kunyem nu keur sholat  
> make basa salian ti basa Arab? Dipasangan microphone oge, moal kareungeu. Nu 
> terang eta mah mung Gusti Allah jeung jelemana ....

 

Asa bingung yeuh Bah, jadi asa beuki kabur weh harti sekuler teh 
heuheuheu....atuh mun kitumah sadunya teh ngalarang aliran samodel kitu ku 
alesan “sekuler” nyah? Ceuk batur misalna aya sababaraha nagara di timur tengah 
nu ngadegkeun nagara theokrasi, apan samemeh urang ge maranehna leuwih tiheula 
ngalarang/ngafatwakeun haram, ieu kulantaran naon? Kulantaran para inohong 
merhatikeun kaidah theokrasi sakaligus ngajaga rahayat tigebrus kana sasab, 
nyalametkeun maranehna nu boga pipikiran araneh diluar nu geus ditangtukeun, di 
urang oge apan siga kitu tujuanna, disagedengeun penistaan agama oge aya 
tuntutan tanggung jawab moral ti rahayat ka pamimpin (pupuhu agama) oge 
sabalikna, ari jalma urang nu ngagem kayakinan sejen, teu kudu pipilueun, kitu 
deui ngurus theokrasi ageman sejen, umat Islam teu kudu ngiring jangar, palebah 
dieu aya “perpu” ti tiap ageman sewang-sewangan, apan loba kasus sarupa dina 
agama sejen oge. Giliran pamarentah anu “pancasilais” jeung “demokratis”, ke 
nangtukeun sanggeus meunang kasimpulan, apan kitu lin? 

Balik deui perkara nangtukeun poenan lebaran, ieu kaasup perkara ijtihad, 
sedengkeun ari ijtihad mah tibaheula mula oge “dimeunangkeun”, apan umat Islam 
mah diperedih kudu nurut kana AlQur’an, hadits, fatwa ulama, kadituna nyaeta 
ijtihad, eta sababna boh pupuhu agama boh pamarentah teu manggapulia teu bisa 
pipilueun nangtukeun perkara nu muhtalif eta (bisa dipilih), da sabenernamah 
mun diteleuman sanajan dinagara theokrasi oge rentul nu kieu teh, conto di 
Saudi, ceuk pamarentah tanggal sakieu, apan di sababaraha wilayahmah beda, naha 
anu beda bakal di hukum? Henteu apan...kusabab ieu ngan ukur perkara 
ijtihad....kuring nyaksian pisan eta kajadian sababaraha waktu katukang.

 

Perkara kayakinan soranganeun, satuju pisan, eta geus urusan urang jeung 
Mantenna, eta sababna diayakeun sawarga jeung naraka teh kusabab jalma dibere 
pilihan.

Ceuk kang MH, nagara urang teu sagemblengna sekuler, tah nu ieu kuring nga 
“amin”-keun, memang karasana siga kitu pisan, aya waktuna bebas oge aya waktuna 
kudu disengker, nangtukeun bebas jeung disengker geus jelas watesanana, ieu nu 
aya di Endonesya, ieu nu dirasakeun ku si kuring..

 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
Of waluya56
Sent: 16 September 2009 9:49
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Sekuler?-->Re: LEBARAN Euy!

 

  

Di nagara Theokrasi, nagara nangtukeun sagala rupana kaasup CARA IBADAH 
rakyatna, kaasup nangtukeun tanggal poe lebaran. Diluar eta dianggap teu sah, 
malah sakapeung nu teu satuju bisa dihukum. Sedengkeun di nagara nu 
deukeut-deukeut ka sekuler, nagara mere fasilitas keur ibadah (siga 
ngaliburkeun pas poe lebaran), tapi waktu ibadahna mah teu ngiket, gumantung 
kana kayakinanana, ngan meureun ari tanggal poe liburna mah, teu bisa 
sakahayang dirobah-robah.

Perkawis Akhmadiyah, Lia Eden jst, nagara ngahukum/ ngalarang maranehna , lamun 
teu salah mah ku alesan "sekuler" oge, nyaeta ngajaga kerukunan agama, 
penistaan agama jeung ketengtreman nagara. Jadi maranehna dihukum atawa 
dilarang nyebarkeun aliranana, lain kulantaran maranehna bakal asup ka naraka 
(alesan theokratis).

Ari kayakinan keur soranganeun mah, nagara moal bisa pipilueun, jeung mustahil 
pipilueun. Contona nagara moal bisa ngahukum jelema nu teu puasa, sabab kumaha 
carana mariksa jalma nu teu puasa? Moal enya saurang-urang kudu di ronsen 
beuteungna? Kumaha carana mariksa kunyam-kunyem nu keur sholat make basa salian 
ti basa Arab? Dipasangan microphone oge, moal kareungeu. Nu terang eta mah mung 
Gusti Allah jeung jelemana ....

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> , 
"Simkuring" <alkarta_...@...> wrote:
>
> Ari nyebutkeun nagara nagara sekuler kitu, tos biasa ngaduga da ti saprak 
> ngadeg ieu nagara oge tos puguh jujutanana, ngan mun nilik tina perkara 
> poenan lebaran anu beda mah asa bingung mun dikaitkeun jeung perkara sistim 
> anu sakuler.
> 
> Si kuring teu pati apal anu disebutkeun sekuler nu sabelegenjeurna teh nu 
> kumaha, kusabab mun ngadurenyomkeun perkara ageman Islam, di urang anu 
> disebut sekuler teh masih keneh ngiket kana perkara dasar-dasar agama/sareat, 
> lamun tea mereun sekuler dina masalah agama nyangkut kana kabebasan 
> sagalarupana, atuh mereun Ahmadiyyah cungkelik cungkedang, Lia Eden jeung 
> ajaran2 sejenna nu ngaku “Islam” bakal surak, sholat atuh teu kudu make 
> alfathihah ku basa arab, sanajan kekeuh ceuk urang “bener” tetep bakal 
> diubrak abrik tah, mun teu ku aparat nya ku rahayat sejenna, atawa saeutikna 
> diwawadian ku MUI yen nu kitu teh salah, tah nu kieu masih keneh nyongcolang 
> nepika detik ieu, hartina aya batasan-batasan dimana kabebasan (muhtalif) 
> jeung dimana katantuan anu eksak (tauqifi), ieu masih keneh atra jelas di 
> nagara urang, kitu deui dinagara lainna da nu puguhmah ieu geus bagianana 
> para pupuhu agama/ulama.
>





__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature 
database 4425 (20090914) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com



__________ Information from ESET Smart Security, version of virus signature 
database 4425 (20090914) __________

The message was checked by ESET Smart Security.

http://www.eset.com

<<image001.gif>>

<<image002.gif>>

Kirim email ke