> ua duq <dudi.herlia...@...> wrote: > > korupsi di indonesia, jigana, teu dianggap dosa. geus biasa. cek > cenah mah komo geus ngabudaya (punten ah ka kang agab heuheu). basa > maca > buku ong hok ham, oge kasabit-sabit masalah korupsi di > indonesia jeung kabiasaan jaman baheula di jawa (sabage pulo jigana > lain > suku wungkul),
Bener eta, jeung kudu diinget korupsi teh mucunghul kulantaran aya aturan nu ngalarang hal eta. Tah baheula mah pan euweuh aturan eta, nya sangeunahna we. Bisa dibandingkeun jeung aturan Lalu Lintas. Aturan Lalu Lintas dijieun sanggeus aya kendaraan anu gancang jeung loba. Tah ari baheula mah waktu ukur kuda/ delman jeung jarang pan teu perlu aturan lalu lintas siga ayeuna. Masalahna di urang, aturan teu meunang korupsi sarua jeung aturan lalu lintas, kaasup "barang anyar", budaya impor ti nagara sejen nu geus leuwih maju. "barang" ieu teh lain barang nu aya jugruganana, tapi "budaya"/ kabiasaan. Nu aranna kabiasaan, hehehe susah, kudu aya pendidikan ti bubudak keneh. Sabenerna baheula Walanda geus ngadidik sabagian supaya wawuh kana budaya ieu sanajan teu "full". Hanjakal kaburu datang Jepang, wah urang Indonesia balik deui kana kabisaan heubeul, da nurutan jepang. Jepang indit, der revolusi, beuki komo da puguh tatanan sosial beuki amburadul .... Jadi? Lamun hayang leungit korupsi, pendidikan beretika modern kudu diajarkeun ti budak keneh, supaya napel jeung ngarasa dosa lamun ngalanggar. Napel, saperti dongeng MJ di Denmark, jelema satengah mabok wae, rek meuntas jalan, masih nungguan lampu lalu lintas hejo .... Baktos, WALUYA

