Ceuk cenah mah, VOC na walanda anu sakitu jugalana di Indonesia ngeduk hasil bumi (diantara tanam pakasa tea), kakoncara di mancanagara salah sahiji pausahaan gede, bangkrut gara-gara korupsi oge. Aya disertasina di FIB UI. Jigana raja-raja Jawa anu boga hak meunang upeti teh warisan ti VOC.
Jigana jaman baheula mah (samemeh aya VOC), upeti ieu boga harti anu positif. Bandingkeun jeung kabiasaan urang Kanekes ari tas panen raya teh sok nyaba ngadeuheus ka Pemda Lebak, nyerahkeun sabagian hasil bumina, tradisi anu disebut SEBA tea. Naha tradisi ieu teh kaasup kana korupsi? Kuring mah teu pati satuju kana "statement" Ong Hok Ham dina bukuna, jaman baheula raja-raja Jawa atawa penduduk asli (kayaning Urang Kanekes) geus miboga budaya korupsi. baktos, mrachmatrawyani --- On Fri, 10/2/09, Surtiwa <[email protected]> wrote: From: Surtiwa <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Denmark, Nagara Bebas Korupsi To: [email protected] Date: Friday, October 2, 2009, 6:55 AM Di zaman ayeuna eta upeti teh masih aya atuil pisan. Cobi wae muka usaha sisi jalan kios, ruko, bengkel naon wae. teu kungsi lila aya datang nawarkeun perlindungan, lemah lembut tapi maksa. tah ieu upeti ka preman, dimana2 aya...nyata pisan.... On 10/1/09, ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com> wrote: korupsi di indonesia, jigana, teu dianggap dosa. geus biasa. cek cenah mah komo geus ngabudaya (punten ah ka kang agab heuheu). basa maca buku ong hok ham, oge kasabit-sabit masalah korupsi di indonesia jeung kabiasaan jaman baheula di jawa (sabage pulo jigana lain suku wungkul), cenah jaman baheula mah aya nu ngaranna upeti, nyaeta "hak" raja pikeun narik pajeg, sangeunahna ti rahayat. nu dina jaman kabehdieunakeun, sanggeus karajaan erep nepi ka jaman normal eta kabiasaan teh diteruskeun ku para bupati. tah kiwari,jigana, para pejabat indonesia masih keneh asa hirup jaman karajaan atawa kabupatian jaman normal baheula.... cenah 2009/9/29 Irpan Rispandi <mr.rispandi@ gmail.com> Kang Tan, unsur naon dina sunda, nu nyababkeun korupsi ? unsur naon dina jawa, nu nyababkeun korupsi ? unsur naon dina islam, nu nyababkeun korupsi ? kapanan sunda teh lega, jawa oge, islam komo. hal spesifik naon dina tilu hal eta anu nyababkeun korupsi teh ? mj wrote: Paktor kungsi dijajah walanda mere pangaruh teu? Sigana aya. ,___ -- d-: dudi herlianto :-q kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

